Kang maman, haturan ... sami-sami sun..nuhun ge tos dipairan kutrat kotret sim abdi.
Aeh... Kang...sanes maksad kedah jalur khusus atanapi pribadi...sok sanaos seueur nu janten kitu.... nyaeta maksadna supados janten gagantungeun kang. sanes dina 'dongeng' mah kawitna gagantungeun...tungtungna gumantung urang ...ahirna dipiharep ku dongeng teh janten gumantung nyalira (qiyamuhu bi nafsih)...mung gumantungna teh janten: gumantung tanpa cantelan raos pisan kang..... apan mustaqim (paneda nu pangseringna disuhunkeun) teh hartosna nangtung ajeg ku bitis sorangan : Qurais shihab) bari teu laas ku jaman teu luntur ku usum engkena teu cueut ka nu hideung teu ponteng ka nu koneng teu kacandak ku sakaba-kaba. sapertos nu kantos didugikeun...sim abdi sok ngintun kutrat-kotret ka kisunda- tapi tara diteraskeun upami kirang/teu aya tanggapan ti kawargian- nyaeta sieun ... bilih ngabarubahkeun. Euleuh janten ngacapruk....nu palih mana nu akang hoyong terasna? insya allah upami abdi tiasa (aya) dikintunkeun. === qublat qiblat teh...he..he nuju nurutan sang al amin ti nagri puseur bumi ...kawit kawit madep ka batur di baitul maqdis...ahirna...babalik pikir madep ka bumi nyalira..bumi nu pasagi nu aya di banjar karang pamidangan nyalira...katelah bumi (bait) Allah..... wilujeng sun. === Baktosna, Eddy Nugraha --- In [email protected], Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hatur Nuhun parantos mairan. > Muhun nyaeta kitu, ieu teh arah atanapi Kiblat(arah) > nyukcruk galur kaditu kadieu teh kedah aya tujuannana > sanes. > Sareng sanes parebut bungkusan kosong, da anu > pentingna kumaha parantos diajar teu acan elmu wali > na? > Syukur-syukur parantos kenging, upami mung adu rahul > wungkulmah kanggo naon nya. > > Mung punten, bade tumaros naha Kang Edi Nugraha upami > nyerat tara dugi kana kasimpulan, mung sapotong we, > asa gagantungeun yeuh, naha kedah nganggo jalur khusus > atanapi pribadi? > > Nuhun. > pun Maman, nu nuju resep kublat kiblat. > > --- ednugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Yaktos pisan sun.... > > tapi milarian nu sanes oge naon lepatna > > ketang..he..he.. > > > > baktosna, > > Eddy Nugraha > > > > --- In [email protected], Maman <manz2002@> > > wrote: > > > > > > Anu langkung payus mah, nyukcruk galur mapay > > raratan, > > > diri urang sorangan, diri sajati, asal timana, > > keur > > > ngalalakon dimana, jeung erek kamana diri urang > > teh. > > > Teangan dugi ka sing beunang hasilna, usahakeun > > > satekah polah. > > > > > > Sanes kitu Kang Edi NuGraha? > > > > > > > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
