Tilarna Sri Baduga Siliwangi
1. Harita Siliwangi panceg indit ti dayeuh.Malipir sisi gunung nepi ka
kidul.Ngasruk2 leuweung geledegan.Nepi ka kuda kadeudeuhna cideka.Teu
bisa ditunggangan deui.Bakating ku nyaah jeuh deudeuhna ka eta
kuda.Batur kuring nitah ponggawa2na nyieun arca kuda.Titah disimpen di
luhur gunung haruman.
2. Kunaon bet kudu di luhur gunung,ngarah bisa keneh nempo dayeuh nu
di tinggalkeun cenah.Hulu kudana disanghareupkeun ka dayeuh
Kuda eta
jumerit menta tetep diajak kajeun geus aya gantina kuda hideung
oge..Nya dibawa terus bari ngan saukur ditungtun.Nepi ka hiji kampong
tengtrem di kidul
3. Nepi ka kiwari eta arca tetep aya di luhur gunung
haruman.Nyanghareup ka dayeuh.Ditungguan ku hiji tangkal gede.Guru
kuring tetep mulasara jang pangeling2 sato kanyaah sobat dalitna.Saha
ayeuna nu bisa manggihan eta arca kuda ? Nu kuat teu kagoda jang
nyembah eta arca.
4. Kunaon dayeuh bet di tinggalkeun,kunaon bet sakabeh nu dipikaboga
diteundeun di 25 leuit,kunaon bet anjeuna milih balangsak asruk2an ka
leuweung,kunaon bet nepi ka runtuh eta karajaan gede the,kunaon bet
anjeuna menta Ki Santang nyumputkeun dayeuh jeung sakabeh eusina ku
halimunan ?
5. Saha nu nyangka Ki Baduga nu sakitu gagah rongkahna nepi ka
ninggalkeun kadunyaan alatan haying tengtrem dunya jeung nyiapkeun
akherat ? Saha nu nyangka aya jalma deukeut di karaton nu tega
nganyerikeun Ki Baduga nepi kapundungna ti dayeuh ? Saha nu nyangka
nepi ka ayeuna eta dayeuh ngahandeuleum ?
6. Dayeuh,hiji tempat luhur gunung.Dijieun pasagi lima.Dihijikeun ku 5
segi tilu.Bisa nempo ka 5 tempat.Aya 5 jalan ka luar.Aya kalapa sarebu
tangkal,25 jajar,25 leuit tempat panyimpenan urut taman
karajaan,kaputren..Ngan saukur aya sesa batu nu digurat ku curuk Ki
Baduga saencan hijrah..
7. Ngan hiji batu eta titinggal Ki Baduga nu ka cirri..Ngan Ki Santang
nu nyaho dimana eta batu nangtungna.Sawareh ka keueum cai
nyusu,herang,tengah dayeuh nu geus jadi leuweung geledegan
Saha nu
bisa manggihan..? Budak leutik tukang ngagigigring kalakay jeung
tutunggul.. Dimana ? Dihareupeun aranjeun.
8. Ki Baduga netep di hiji tempat ,nekunan ibadah nu anyar pinanggih
nepi ka tilarna.Diceungceurikan ku sakabeh nu mikanyaahna. Ku batur
dalitna. Ki Santang.
9. Dina rek tilarna Ki Baduga nyalukan Ki Santang nu satia
nungguan.."Kuring rek titip ka Akang"
"Naon Yi," cenah."Teruskeun
tugas kuring ngadegkeun akidah ka Gusti Allah
Kuring rek mulang ka
manten-Na"."Duh Gusti," cek Ki Santang,ulah nyarita kitu
Kuring kumaha
?" Ki Santang reumbeuy ku cipanon.
10. Bari ngalengis Ki Santang nyarita,"Iraha deui kuring boga dulur
jiga Ayi." Ceurik,duanana ceurik.Dua mahkluk gagah rongkah tina dua
bangsa jumerit hatena kapisah ku takdir makhluk. "Duh Gusti,"Ki
Santang ngarenghik deui,cipanona tambah ngarembey
Ki Baduga teu
kawawa,milu muragkeun cipanon
11. Ragrag cipanon kanyaah
Kanyaah nu leuwih ti dulur sakandung
Dulur
tina sobat dalit,ti dua jalma (makhluk) nu beda bangsa
Turutaneun
aranjeun
12. "Ulah kitu Ki
Akang kudu ikhlas," Ceuk Ki Baduga bari dadana sesek
nahan cipanon."Kuring rek nitip,handeuleumkeun dayeuh jeung
eusina,sakur pakaya kuring di mana wae ayana,bawaan teundeun di
dayeuh.Kuring geus nyadiakeun salawe leuit.Jaga ku Akang sabisa-bisa.
Kadua ulah hariwang,ke dina mangsana
13.
aya manusa jiga kuring nu boga hate jiga kuring
Ke datang ka
ngimpi akang
". "Yi,ulah ninggalkeun akang
Duh Gusti
akang kumaha
?".."Ulah hariwang kang,anggur mundut ka Nu Kawasa kuring sing salamet
nyanghareupan hisab kubur."
Der duanana pa ungku-ungku inget kana
dosa-dosana.Cipanon dua prabu ragrag ka dunya.
14. "Kuring nitip rahayat kuring,nu bakal kaleungitan cepengan nepi
ka bijil nu tiluan
Nu Saurang bakal dibarengan ku akang,mantuan nu
tiluan
Lempengkeun akidahna
Bantuan ku akang
Nitip kuring
Engke dina
mangsana bikeun bekel ti kuring
Nyanghareupan hiji jaman nu rusak
15. Jaman nu rusak ku kahayang
". Saung butut jadi saksi sobat dalit
nu rek kapisah ku takdir
Ajal
Saung butut nu jadi saksi
Nepi ka
tilarna
Ki Santang ngalenyap
Di usap tarang baturna
Euweuh nu nyaksian
( makhluk hirup lain salian ti Ki Santang )
Ngan duaan
Ki Santang
ngalenyap
16. ( Tos heula
) Assalaamu'alaikum Wr.Wb.
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/