Nu boga gelar Sri Baduga asana ngan Jaya Dewata Nu ngaran Santang aya dua Kean Santang jeung Rara Santang lamun Ki Santang sigana ngawakila Kean Santang eta teh lanceuk tere Jaya Dewata lain Jin
Siliwangi anu ninggalkeun dayeuh mah Nusya Mulya (=Raga Mulya = Surya Kancana) eta ge nurutkeun anu kuring baca .... On Tue, Jul 15, 2008 at 11:09 PM, Nonggerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tilarna Sri Baduga Siliwangi > > 1. Harita Siliwangi panceg indit ti dayeuh.Malipir sisi gunung nepi ka > kidul.Ngasruk2 leuweung geledegan.Nepi ka kuda kadeudeuhna cideka.Teu > bisa ditunggangan deui.Bakating ku nyaah jeuh deudeuhna ka eta > kuda.Batur kuring nitah ponggawa2na nyieun arca kuda.Titah disimpen di > luhur gunung haruman. > > 2. Kunaon bet kudu di luhur gunung,ngarah bisa keneh nempo dayeuh nu > di tinggalkeun cenah.Hulu kudana disanghareupkeun ka dayeuh…Kuda eta > jumerit menta tetep diajak kajeun geus aya gantina kuda hideung > oge..Nya dibawa terus bari ngan saukur ditungtun.Nepi ka hiji kampong > tengtrem di kidul > > 3. Nepi ka kiwari eta arca tetep aya di luhur gunung > haruman.Nyanghareup ka dayeuh.Ditungguan ku hiji tangkal gede.Guru > kuring tetep mulasara jang pangeling2 sato kanyaah sobat dalitna.Saha > ayeuna nu bisa manggihan eta arca kuda ? Nu kuat teu kagoda jang > nyembah eta arca. > > 4. Kunaon dayeuh bet di tinggalkeun,kunaon bet sakabeh nu dipikaboga > diteundeun di 25 leuit,kunaon bet anjeuna milih balangsak asruk2an ka > leuweung,kunaon bet nepi ka runtuh eta karajaan gede the,kunaon bet > anjeuna menta Ki Santang nyumputkeun dayeuh jeung sakabeh eusina ku > halimunan ? > > 5. Saha nu nyangka Ki Baduga nu sakitu gagah rongkahna nepi ka > ninggalkeun kadunyaan alatan haying tengtrem dunya jeung nyiapkeun > akherat ? Saha nu nyangka aya jalma deukeut di karaton nu tega > nganyerikeun Ki Baduga nepi kapundungna ti dayeuh ? Saha nu nyangka > nepi ka ayeuna eta dayeuh ngahandeuleum ? > > 6. Dayeuh,hiji tempat luhur gunung.Dijieun pasagi lima.Dihijikeun ku 5 > segi tilu.Bisa nempo ka 5 tempat.Aya 5 jalan ka luar.Aya kalapa sarebu > tangkal,25 jajar,25 leuit tempat panyimpenan urut taman > karajaan,kaputren..Ngan saukur aya sesa batu nu digurat ku curuk Ki > Baduga saencan hijrah.. > > 7. Ngan hiji batu eta titinggal Ki Baduga nu ka cirri..Ngan Ki Santang > nu nyaho dimana eta batu nangtungna.Sawareh ka keueum cai > nyusu,herang,tengah dayeuh nu geus jadi leuweung geledegan…Saha nu > bisa manggihan..? Budak leutik tukang ngagigigring kalakay jeung > tutunggul.. Dimana ? Dihareupeun aranjeun. > > 8. Ki Baduga netep di hiji tempat ,nekunan ibadah nu anyar pinanggih > nepi ka tilarna.Diceungceurikan ku sakabeh nu mikanyaahna. Ku batur > dalitna. Ki Santang. > > 9. Dina rek tilarna Ki Baduga nyalukan Ki Santang nu satia > nungguan.."Kuring rek titip ka Akang"…"Naon Yi," cenah."Teruskeun > tugas kuring ngadegkeun akidah ka Gusti Allah…Kuring rek mulang ka > manten-Na"."Duh Gusti," cek Ki Santang,ulah nyarita kitu…Kuring kumaha > ?" Ki Santang reumbeuy ku cipanon. > > 10. Bari ngalengis Ki Santang nyarita,"Iraha deui kuring boga dulur > jiga Ayi." Ceurik,duanana ceurik.Dua mahkluk gagah rongkah tina dua > bangsa jumerit hatena kapisah ku takdir makhluk. "Duh Gusti,"Ki > Santang ngarenghik deui,cipanona tambah ngarembey…Ki Baduga teu > kawawa,milu muragkeun cipanon… > > 11. Ragrag cipanon kanyaah…Kanyaah nu leuwih ti dulur sakandung…Dulur > tina sobat dalit,ti dua jalma (makhluk) nu beda bangsa…Turutaneun > aranjeun… > > 12. "Ulah kitu Ki…Akang kudu ikhlas," Ceuk Ki Baduga bari dadana sesek > nahan cipanon."Kuring rek nitip,handeuleumkeun dayeuh jeung > eusina,sakur pakaya kuring di mana wae ayana,bawaan teundeun di > dayeuh.Kuring geus nyadiakeun salawe leuit.Jaga ku Akang sabisa-bisa. > Kadua ulah hariwang,ke dina mangsana… > > 13. …aya manusa jiga kuring nu boga hate jiga kuring…Ke datang ka > ngimpi akang…". "Yi,ulah ninggalkeun akang…Duh Gusti…akang kumaha > ?".."Ulah hariwang kang,anggur mundut ka Nu Kawasa kuring sing salamet > nyanghareupan hisab kubur."… Der duanana pa ungku-ungku inget kana > dosa-dosana.Cipanon dua prabu ragrag ka dunya. > > 14. "Kuring nitip rahayat kuring,nu bakal kaleungitan cepengan nepi > ka bijil nu tiluan…Nu Saurang bakal dibarengan ku akang,mantuan nu > tiluan…Lempengkeun akidahna…Bantuan ku akang…Nitip kuring…Engke dina > mangsana bikeun bekel ti kuring…Nyanghareupan hiji jaman nu rusak… > > 15. Jaman nu rusak ku kahayang…". Saung butut jadi saksi sobat dalit > nu rek kapisah ku takdir…Ajal…Saung butut nu jadi saksi…Nepi ka > tilarna…Ki Santang ngalenyap…Di usap tarang baturna…Euweuh nu nyaksian > ( makhluk hirup lain salian ti Ki Santang )…Ngan duaan…Ki Santang > ngalenyap… > > 16. ( Tos heula…) Assalaamu'alaikum Wr.Wb. > > >
