Hatur nuhun kang. Neda idin kanggo nempelkeun seratan akang dina blog teh Le 
Kartadinata.
Salam,
Aschev Schuraschev
 



----- Original Message ----
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, July 16, 2008 1:01:25 AM
Subject: Re: [kisunda] Fw: Wayang ti Thailand ????....eunya kituh ????.....


Kang Asep, ngahaja make 's' teu make 'ch' ngarah teu gagayaan, hehehe,
uing boga dongeng, kieu geura:

Sawatara waktu ka tukang uing kungsi kukulunuan, ngurilingan pulo
leutik jiga pulo Bali, pulo Langkawi, pulo wisatana lembur tatanga,
Malaya. Nalika uing ulin ka tempat nu dagang barang karajinan, uing
manggih kelom geulis, sapatu talincang, sarta karajinan sejenna nu
biasa kapanggih di lembur urang, jiga karajinan baraya urang Tasik.
Lamun ninggali merekna mah eta barang teh make tulisan "made in
langkawi", ngan pikiran uing moal kapalingan, uing boga kacuriga,
boa-boa ieu karajinan buatan baraya ti lembur urang. Panganguran uing
tunyu-tanya ka nu boga toko, perkara asal-usul eta barang teh ti mana.
Kasebelan teh, sugan teh saha nuboga tokona, geuning nu boga tokona ge
baraya ti lembur urang. Geus lila cenah si kehed teh jadi sodagar di
eta Pulo, malah geus boga pamajikan urang dinya sagala rupa, nyandung
si sodagar teh. Ngarah gampang urusan cenah, pangna si eta nyandung
teh.

Balik deui kana barang karajinan tadi. Tetela barang eta teh asli
buatan Tasik. Kulantaran ngarah laku tea, ngarah jiga barang khas
tempat wisata, nya make merek lokal. Jadi eta barang teh dikirim ti
lembur urang tanpa merek, terus dimerekan make merek lokal. Jurus jiga
kieu teh cenah bisa ngahemat harga, sabab bisa meuli barang kalawan
harga cukup murah.

Tah perkara karajinan "wayang golek" tadi nu katimu di Tahiland, jeung
make merek "made in Tahiland", jigana kasusna teu beda jeung kasus di
luhur. Bisa jadi eta teh mangrupa karajinan ti lembur urang dikirim ka
Thailand kosongan teu make merek, terus dimerekan make merek Thailand.
Sabab sainget uing mah asa can manggih aya kasenian wayang golek di
Thailand.

Salam,
mh

On 7/15/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Kenging ti blogna teh Leni Kartadinata:
>
>
>
> ----- Forwarded Message ----
> From: Le Karnadinata (via Multiply) <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] com
> Sent: Monday, July 14, 2008 6:09:59 PM
> Subject: Wayang ti Thailand ????....eunya kituh ????.....
>
>
> Le Karnadinata has posted a new blog entry.
> Manage alerts settings
>
> Wayang ti Thailand ????....eunya kituh ????..... Jul 14, '08 6:09 PM
> for Le's contacts
> Wilujeung dinteun senen sadayana....
> kumaha kabarna dihari senen teh ?
> Abdi nembe tiasa OL ...kamari ngan sauted saja ngelol ayeuna ngelol kapaksa
> soalna mah teu kuat whuahahhahaha. ...
> Kieu caritana mah ...abdi teh basa keur poe saptu maca ieu artikel dina kora
> ...carita boga carita sianu boga WAYANG ieu teh ceunah meli na basa keur
> liburan di Thailand.... .jadi kasar caritana teh yen di Thailand oge loba
> wayang kieu ...anu ceuk pendapat abdi anu jauh kanyaho tentang wayang mah
> naha beut sarua pisan jeung WAYANG GOLEK asal JABAR nya...
> teteup ditilik -tilik ...kulantaran bisi teu ngarti bener ....ahirna abdi
> oge menta siakang maca ieu artikel ...bener pan sarua ceuk siakng oge
> sakumaha ceuk abdi ...ieu wayang teh buatan thailand euy....
> Heran...aneh ...nepikeun ka jangar hulu mikiranana oge ....bener kituh ieu
> wayang teh aya diproduksi di Thailand atawa memang diTailand oge ciri khas
> na sarua aya wayang oge 100x....
> Coba terangkeun ka abdi ....kanu terang tentang anu kararieu ...betulkah ieu
> wayang aya atawa jadi ciri khasna thailand ?....
> Atawa mun heeuh tea mah ngan saukur ngopi wayang urang terus dijieun en
> dipasarkeun diThailand seolah ciri khas daerahna suwer teuing aing mah
> ngambex gede...maeunya ciri khas bangsa urang teh ngan saukur rek dipaokan
> bae kunagara batur ...kumaha ieu teh ach....jabaning barudak abdi mah
> nyahona teh yen wajang teh asalna ti Pa Udjo ( da baheula menang tidieu
> )....
> Jeung deuih meni jelas eta ibu teh nyubut WAJANG ( sakumaha urang walanda
> nyubut wayang ).
> Salam sono ti JUlianadorp anu keur cerah
>
>
>
>
> audio reply video replyAdd a Comment
>
>
>
>
>
> Copyright 2008 Multiply Inc, 6001 Park of Commerce, Boca Raton, FL 33487,
> USA
> Stop e-mails, view our privacy policy, or report abuse: click here
>
>
>
 


      

Kirim email ke