mangga wae, ari aya pulunganeunana mah.

salam,
mh

On 7/16/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  Hatur nuhun kang. Neda idin kanggo nempelkeun seratan akang dina blog teh
> Le Kartadinata.
>
> Salam,
> Aschev Schuraschev
>
>
>
> ----- Original Message ----
> From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, July 16, 2008 1:01:25 AM
> Subject: Re: [kisunda] Fw: Wayang ti Thailand ????....eunya kituh ????.....
>
>  Kang Asep, ngahaja make 's' teu make 'ch' ngarah teu gagayaan, hehehe,
> uing boga dongeng, kieu geura:
>
> Sawatara waktu ka tukang uing kungsi kukulunuan, ngurilingan pulo
> leutik jiga pulo Bali, pulo Langkawi, pulo wisatana lembur tatanga,
> Malaya. Nalika uing ulin ka tempat nu dagang barang karajinan, uing
> manggih kelom geulis, sapatu talincang, sarta karajinan sejenna nu
> biasa kapanggih di lembur urang, jiga karajinan baraya urang Tasik.
> Lamun ninggali merekna mah eta barang teh make tulisan "made in
> langkawi", ngan pikiran uing moal kapalingan, uing boga kacuriga,
> boa-boa ieu karajinan buatan baraya ti lembur urang. Panganguran uing
> tunyu-tanya ka nu boga toko, perkara asal-usul eta barang teh ti mana.
> Kasebelan teh, sugan teh saha nuboga tokona, geuning nu boga tokona ge
> baraya ti lembur urang. Geus lila cenah si kehed teh jadi sodagar di
> eta Pulo, malah geus boga pamajikan urang dinya sagala rupa, nyandung
> si sodagar teh. Ngarah gampang urusan cenah, pangna si eta nyandung
> teh.
>
> Balik deui kana barang karajinan tadi. Tetela barang eta teh asli
> buatan Tasik. Kulantaran ngarah laku tea, ngarah jiga barang khas
> tempat wisata, nya make merek lokal. Jadi eta barang teh dikirim ti
> lembur urang tanpa merek, terus dimerekan make merek lokal. Jurus jiga
> kieu teh cenah bisa ngahemat harga, sabab bisa meuli barang kalawan
> harga cukup murah.
>
> Tah perkara karajinan "wayang golek" tadi nu katimu di Tahiland, jeung
> make merek "made in Tahiland", jigana kasusna teu beda jeung kasus di
> luhur. Bisa jadi eta teh mangrupa karajinan ti lembur urang dikirim ka
> Thailand kosongan teu make merek, terus dimerekan make merek Thailand.
> Sabab sainget uing mah asa can manggih aya kasenian wayang golek di
> Thailand.
>
> Salam,
> mh
>
> On 7/15/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com<aschevetea%40yahoo.com>>
> wrote:
> > Kenging ti blogna teh Leni Kartadinata:
> >
> >
> >
> > ----- Forwarded Message ----
> > From: Le Karnadinata (via Multiply) <[EMAIL PROTECTED] 
> > com<noreply%40multiply.com>
> >
> > To: [EMAIL PROTECTED] com <aschevetea%40yahoo.com>
> > Sent: Monday, July 14, 2008 6:09:59 PM
> > Subject: Wayang ti Thailand ????....eunya kituh ????.....
> >
> >
> > Le Karnadinata has posted a new blog entry.
> > Manage alerts settings
> >
> > Wayang ti Thailand ????....eunya kituh ????..... Jul 14, '08 6:09 PM
> > for Le's contacts
> > Wilujeung dinteun senen sadayana....
> > kumaha kabarna dihari senen teh ?
> > Abdi nembe tiasa OL ...kamari ngan sauted saja ngelol ayeuna ngelol
> kapaksa
> > soalna mah teu kuat whuahahhahaha. ...
> > Kieu caritana mah ...abdi teh basa keur poe saptu maca ieu artikel dina
> kora
> > ...carita boga carita sianu boga WAYANG ieu teh ceunah meli na basa keur
> > liburan di Thailand.... .jadi kasar caritana teh yen di Thailand oge loba
> > wayang kieu ...anu ceuk pendapat abdi anu jauh kanyaho tentang wayang mah
> > naha beut sarua pisan jeung WAYANG GOLEK asal JABAR nya...
> > teteup ditilik -tilik ...kulantaran bisi teu ngarti bener ....ahirna abdi
> > oge menta siakang maca ieu artikel ...bener pan sarua ceuk siakng oge
> > sakumaha ceuk abdi ...ieu wayang teh buatan thailand euy....
> > Heran...aneh ...nepikeun ka jangar hulu mikiranana oge ....bener kituh
> ieu
> > wayang teh aya diproduksi di Thailand atawa memang diTailand oge ciri
> khas
> > na sarua aya wayang oge 100x....
> > Coba terangkeun ka abdi ....kanu terang tentang anu kararieu ...betulkah
> ieu
> > wayang aya atawa jadi ciri khasna thailand ?....
> > Atawa mun heeuh tea mah ngan saukur ngopi wayang urang terus dijieun en
> > dipasarkeun diThailand seolah ciri khas daerahna suwer teuing aing mah
> > ngambex gede...maeunya ciri khas bangsa urang teh ngan saukur rek
> dipaokan
> > bae kunagara batur ...kumaha ieu teh ach....jabaning barudak abdi mah
> > nyahona teh yen wajang teh asalna ti Pa Udjo ( da baheula menang tidieu
> > )....
> > Jeung deuih meni jelas eta ibu teh nyubut WAJANG ( sakumaha urang walanda
> > nyubut wayang ).
> > Salam sono ti JUlianadorp anu keur cerah
> >
> >
> >
> >
> > audio reply video replyAdd a Comment
> >
> >
> >
> >
> >
> > Copyright 2008 Multiply Inc, 6001 Park of Commerce, Boca Raton, FL 33487,
> > USA
> > Stop e-mails, view our privacy policy, or report abuse: click here
> >
> >
> >
>
> 
>

Kirim email ke