Kiblat politik ayeuna mah jelas atuh ka Amrik da loba nu ti Ohio. Kang Eep ge mun anggeus S3na jadi anggota mafia Ohio. Tapi kahareup bisa rame mun PKS loba di eksekutif kiblatna bisa ka Timur Tengah pan seueur alumni tidinya. Kedahna mah nuturkeun Bah Kusno sareng Mang Djuanda bae nu "nempo ka jero" ngiblatkeun nagarana sorangan. Hebat ITB, Bandung, Tatar Sunda nu bisa "encourage" aranjeuna. salam Jalak Pakwan~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: Maman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, July 16, 2008 17:20:28 Subject: Re: [kisunda] Nagara Urang ka payun bade kumaha Agan, Euceu Akang, Teteh? Hayu urang emutan para wargi sadayana; Kahiji KIBLAT POLITIK. Dina Warta Kompas kamari dibahas KAGAGALAN KPU pikeun NGURANGAN ANU NAMINA PARTAI POLITIK, hiji seratan ti ahli politik. (Ceuk Kang EEP SUREEP dina kompas) http://www.kompas. com/read/ xml/2008/ 07/15/00402478/ negeri.34. partai.politik Ceuk si kuring NKRI Kiblat Politikna masih teu puguh tangtungana. Naha arek NYOKO ka Amerika Serikat? Multi Partey tapi naha geuning ngan aya dua partai.("padahal manehna katelah disebut Nagara dedengkot demokrasi"). TEUING TAH. Atanapi Nyoko ka Eropa/Walanda/ Itali anu multi partey. Asa loba partai, siganamah. Atanapi bade nyoko ka nagara Cina, NGAN AYA HIJI PARTAI. (otoriter) Atanapi bade ka nagara Arab ANU TEU AYA PARTAI HIJI-HIJI ACAN Nagara anu henteu sekuler cenah, teu jiga nagara urang anu sekuler ceuk sangkaan sababaraha jelema anu fanatik agama eh fanatik Arab. Sok geura emutan. AEH AEH....Dina PEMILU kapayun cenah partey jadi nambihan ? Naha atuh bet jadi nambahan partey nya , lain ngurangan, wah jadi suudzon yeuh, moal meureun KPU teh nampi atanapi dina nyeleksi aya kapentingan "jangka imah"na? Apan KPU teh lembaga-2 anu dijalankeun ku jelema-jelema. Teu lepas ti kapentingan. Biasana kapentingan Jangka Panjang, Jangka Menengah ELEH ku kapentingan JANGKA IMAH. Tujuan ideal eleh ku kapentingan bujal.. Sigana KPK kudu oge neliti tah ka KPU. (nu nggeus-nggeus ge pan pernah kajadian). Teu tinu Kertas Suara jeung Tinta Pemilu, atuh tinu kelompok jelema anu boga duit jeung hayang manggung dina poltik, timana we pan, namina ge usaha mencari pendapatan TI SISI TI GIGIR. KPU siga anu teu boga visi jeung misi deui, pedah sababaraha pamingpina nu ti heula loba anu dijebloskeun ku KPK ka penjara pedah keuna ku pasal korupsi. Soal efesien jeung efektip hanteu namah ayana loba partei jeung saeutik partei mah, sigana keuna ku babasaan Maia Estianti, EMANGNYE GUE PIKIRIN. (Nu pentingmah saha wa anu mere komisi ka uing, ku uing diloloskeun, pan ngarana oge komisi pemilihan umum sanes ?). Nya heueuh nu kitu teh ngarana CALO POLITIK. Moal kitu di negara urang teh loba jelema anu mentalna mental calo?. Nu Kadua : Bebenah atuh anu namina Struktur Organisasi jeung Tata Laksana, Lembaga Nagara, Ti mimiti Mendagri, Gubernur, Kabupaten, Kota, Camat, Lurah / Desa. Jeung Lembaga-lembaga Tinggi Nagara, (asa loba Lembaga/Badan anu teu berfungsi deui, ngan kari ngaran jeung NAMPA GAJIH pagaawena wungkul, ari pagaweannana euweuh te kadeuleu deuleu acan jeung teu kaangseu-angseu acan). Cik atuh OTONOMI teh upami bade bade sing puguh, upami moal erek sentralisasi deui? ( kade lain erek dicalana deui nya) Maksadna, sistem politik teh kudu sinkron jeung struktur(nagara) na. Jasana Mas Amin Rais, anu kiblat(elmu) politikna ti Amerika Serikat tah, anu ngagoalkeun ayana PILKADAL-PILKADAL di daerah-daerah, tapi strukturna poho teuing teu nyahoeun, teu dirubah heula. Ujug-ujug jul-jol aya PILKADAL tapi strukturna masih keneh-keneh kehed make struktur feodal(jaman Mang ATO). Kulantaran teu sinkron, nu matak jadi RIBUT DI DITU DI DEIU, tos jadi kalumbrahan. Ngan untung di JABAR(Urang Sunda) mah duka seueur GOLPUT, jadi loba jelema anu teu paduli, duka jelemana seueur anu salabar sareng saroleh. he.he. TEUING ATUH. Nu katilu : Opat Pilhan Kiblat Politik, kaleuwihan jeung kakurangana 1 Kiblat Amrik, enya ideal pisan ngan syareat jeung syaratna nagara urang kudu robah jadi nagara-nagara bagian anu leuwih leutik, Jeung politik teh lolobana jeung fokusna pikeun nguruskeun nagara batur/deungeun, lain eukeur nagarana sorangan wungkul. Soal urusan politik di nagarana sorangan mah geus diatur ku nagara bagian sewang-sewangan. Sistem jiga kieu teh cocok pisan LAMUN negara urang teh lain nagara KEPULAUAN, tapi ari nagarana kepulauan mah asa kacida jeung hese ngaturna(Ku loba-lobana pulau, aya 17 rebu leuwih, jeung 6 rebu pulow can boga ngaran ). Nagara Kapulauan ieu bisa di saruakeun jeung NAGARA KALAUTAN atanapi MARITIM(sanes MAEROT), muhun maksadna seueur psan Cai Lautna. ( TEUING OGE, mana nu bener sih ?). 2. Kiblat Eropa, tah sigana mah ayeuna anu keur dijalankeun ku Pamingpin-pamingpin politik urang-urang teh keur ngiblat ka nagara Eropa, siga nagara Walanda, jeung Italia. Pokoknama asal aya saeutikna dua jelema jeung boga duit loba jeung bisa mayar ka ormas(organisasi panggangguran tak terlihat) anu butuh duit, bisa nyieun anu ngarana partai anyar, teuing naon we ngaranamah, misalna Partai Rindu Dara (PERINDA), atanapi Partai Gerakan Rindu Randa (GERINDA) ah SAHEUAYNA we asal BOGA DUIT. « Soal massa(pengikut) mah ntar juge bise kite cari, IYE kage ? » Ceuk urang Betokaw. 3. Kiblat Cina, tah saeunyana kamari sistem anu dijalankeun ku Mang Ato marhum tea siga pisan anu eukeur dijalankeun di RRC atanapi di nagara KUBA ayeuna, ngan aya hiji partai, jeung ngan hiji-hijina anu berkuasa, nyaeta PKC (Partai Komunis Cina) atawa PKK (Partai Komunis Kuba). NGAN ari baheulamah di nagara urang jaman Orba ditambihan IMPLIK IMPLIKNA partai PENGGEMBIRA, nyaeta PDI jeung PPP. (tambah sepi meureun, pikeun katingali yen Negara urang the masih asup ka golongan nagara demokrasi tea). Soal anu berkuasa jeung anu mingpin mah tetep suretep nyaeta Partai Karya Indonesia (naha disingkat jadi GOLKAR nya? Ongkoh Partai tapi Golongan meni paradox, siga alergi pisan tah kanu ngarana partei teh) Inget pisan euy jaman harita mah aya we penduduk anu macem-macem, demo itu demo ieu, penjara!!! asupkeun ka OT !! (organisasi tersiksa), paling sial mun geus dicap eP Ki aI, wah watir pisan. Paeh henteu, hirup kasiksa ku stigma eta, ti akina nepi ka incu dina KATEPE dicap OT. (sanes OOT). 4. Kiblat Arab, tah dina sistem ieu mah teu aya tah nu namina Partai Politik teh, aya oge meureun ULAMA jeung UMARO. Umaro meureun nu ngarana RAJA tea, jeung ULAMA nu namina MUFTI tea, MEUREUN ETA OGE DAN ACAN PERNAH NGANJANG KA NAGARA ARAB. (Cikan anu geus ka Arab ngadongeng kadinya) Sareng TEU AYA nu namina PEMISAHAN KEKUASAAN, ka tilu bagian nyeta Eksekutif, Legislatif, jeung Judikatif. Nu pentingmah warga asal KAJAMIN lahirna ti mimiti BENSIN nepi ka TKW. Pokonama sagalana kajamin, teu perlu sakola-sakola acan, lah da keur naon sakola oge atuh ari sagalana dijamin mah. Mayar pajak? PUNTEN. Numatak pendudukna loba keneh nu Jahiliah nepi ka ayeuna pisan( muhun jahil teh bodo bin belegug tea sanes?).. Duka ti jaman iraha.. No Kaopat: Jadi kiblat anu bener bade ngiblat kamana atuh? Mangga nyanggakeun ka sadayana, sapemendakna masing-masing. Upami teu lepatmah, kantos diguar ku Agan Edi NuGraha. Bakstos mz --- mj <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > hese sigana mah nyirianana. jamanna nuju usum kiruh. > cenah growing > pain tea. kudu heula ngalaman kapeurih dina hartos > sagala rusak, da > masih aya dina usumna, turun suharto -sistem > dictatorship- teu > langsung beres, malah beuki ripuh. sabab tatatanan > atawa sistem nu tos > mapan mangtaun-taun, perlu waktu dirobahna ku > sistem nu can aya atawa > can dibentuk sanaos ari merekna mah tos aya, > demokrasi tea. ayeuna > masa ngarobah, jadi masih pasolengkrah. eforia tea. > mun baheula maling > atawa koruptor teh eksekutif wungkul, ayeuna mah oge > legislatif. > > basa HMS turun, teu kabayang saha pi presideneun. > alatan tos bisa > 30taunan. ayeuna perlu nu kuat siga kitu oge, tapi > nu langkung jujur. > > pamarentah kapayun kudu kuat, tegas tapi jujur & > bersih. presidenna > model Ali Sadikin mun aya mah. > > rada satuju ka pamanggih batur, bari jeung lieur > kumaha carana, eta > teh, cenah kudu dipotong sagenerasi. > > mun bade oge, milih calon nu geus beunghar ti awal. > sabab aya rumus, > be a rich then a politician. > > baktos > mj > > > > On 7/15/08, Wagiman Notorajo > <wagimannotorajo@ yahoo.com> wrote: > > Para nonoman sareng sesepuh Sunda, kumaha upami > urang ngawitan > > ngadiskusikeun Nasib Nagara Urang pikeun kahareup > dina raraga nyanghareupan > > "pemilu 2009", ulah der salah pilih deui jiga > ayeuna jalma-jalma anu dipilih > > kuurang dina tahun 2004 teh geuning lolobana mah > koruptor anu boga prinsip > > ngajalankeun 3TA (tahTA, harTA, jeung waniTA). > Ampir sakabehna maranehna > > moralna teh bokbrok, boh urang Legislatif > (DPR/DPRD), boh Eksekutif > > (Menteri, Gubernur, Bupati/Walikota, Camat, > Lurah/Kades, jst), bog Yudikatif > > (Kejaksaan Agung, Mahkamah Agung, jst). > > Alusna mah aya daftar Parpol anu ayeuna > wakil-wakilna dariuk di DPR/DPRD > > terus dicirian mana anu korup (sabaraha urang), > jadi urang para pamilih > > gampil nyirianana Parpol mana anu ulah dipilih. > > Sanes kitu baraya sadaya? > > Wagiman Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
