--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Kang,punten sakantenan simkuring kataji ku seratan ngenaan Ki 
Baduga (Sri Baduga) sareung Ki Santang,mamanawian aya nu langkung 
terang kana pedaran perkawis eta supados dipedar deui?
  
> Kang Aschev,
> 
> Ngeunaan teori-teori "harta karun Pajajaran", si kuring sapuk kacida
> kana katerangan atawa teori atawa pamadegan Kang Tirta ieu. 
Titinggal
> Sunda leuwih loba (luas) jeung leuwih gede (kualitas) dina ajen-
inajen
> atawa values. Harta karun Pajajaran anu sakuduna dikali, dimekarkeun
> jeung disosialisasikeun taya lian ti "values" atawa nilei-nilei tea;
> oge para tokoh jeung karyana anu panceg dina galur, anu ngabela 
rakyat
> tur gede manfaatna keur balarea.
> 
> Memang aya teori anu nyebutkeun cenah harta karun raja-raja Sunda 
mah
> - ti abad 7 keneh kasalametkeun- sabab di Tatar Sunda ti mangsa 
mimiti
> aya karajaan teu aya peperangan anu nepi ka silih rarad atawa rampas
> kakayaan. Tapi, dina ayana oge moal sabaraha seueurna. Teu rek  kitu
> kumaha upama urang nengetan sajarah, raja-raja Galuh-Sunda (Tatar
> Sunda) anu kamasyhur ku kawijakanana, kaadilanana, jeung perhatiana
> kana kawalatra balarea eta umumna raja-raja anu geus aya dina makom
> "prabu". Hiji makom anu kahontal lamun raja geus sirna tina nafsu
> ngumpul-ngumpul harta (catetan: lain hartina teu aya perhatian kana
> kaduniaan; ngan teu popohoan pikeun ngumpul-ngumpul rajakaya).
> 
> manAR
> 
> 
> 
> On Thu, Jul 17, 2008 at 9:27 AM, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Pakuan tos ditinggalkeun kosong basa Banten datang, nu kaangkut 
mung Watu
> > Gilang. Perhiasan2? Sim kuring yakin aya tapi moal seueur da
> > tipe Sunda/Galuh/Pajajaran mah teu fokus kana asesoris model 
kitu. Seueur nu
> > nganggap Pajajaran sarua jeung karajaan nu numpuk asesoris 
(sagala tina
> > emas, berlian jste.) nepi ka loba nu percaya nepi kaaaa ngagali 
batu tulis.
> >
> > Harta Pajajaran aya dina "Values".  Gambaranana panginten mirip 
dina carita
> > ngudag harta dina film Indiana Jones and the Kingdom of Crystal 
Skull.
> >
> > salam
> > Jalak Pakwan
> >
> > ~ experientia docet sapientiam ~
> >
> > ----- Original Message ----
> > From: sutisna <[EMAIL PROTECTED]>
> > To: [email protected]
> > Sent: Wednesday, July 16, 2008 19:20:13
> > Subject: [kisunda] Re: Kangkalung Emas Titilar Sunda Abad ka 8-9
> >
> > --- In [EMAIL PROTECTED] .com, Aschev Schuraschev 
<aschevetea@ ...>
> > wrote:
> >>
> >> Dina bukuna, The Sunda Kingdom of West Java From Taruma to Pakuan
> > Pajajaran with the Royal Center of Bogor, Herwig Zahorka kurang
> > leuwih nulis:
> >>
> >> A golden necklace with a phallus from Sukabumi from 8th / 9th
> > century
> >> Noblemen at the courts of Sunda used precious metals for objects 
of
> > ritual and profane purposes. An exquisite example is a golden
> > necklace (kalung) from Gegerbitung village, Sukabumi, measuring 
30.5
> > cm x 28 cm x 7 cm. It dates from the eight or ninth century AD.
> >>
> >>
> >>
> >>
> >>
> >> Sanggeus maca ieu warta, haté jadi panasaran, nya kamana 
perhiasan-
> > perhiasan lianna titilar ti Pakuan Pajajaran. Dina abd ka 8/9 geus
> > aya titilar sarupa kieu; asa pamohalan lamun dina abad ka 15/16
> > (mangsa Karajaan Sunda keur jaya-jayana sarta loba hubungan jeung
> > mancanagara kayaning Pariaman, Malaka, Portugis jeung sajabana)
> > euweuh titilar perhiasan sarupa kieu. Kamana atuh nya? Moal kitu
> > titilar Karajaan Sunda té h dibawa ku pasukan Banten mangsa
> > ngaruntagkeun Pakuan Pajajaran? Atawa ngahaja disumputkeun ku 
pihak
> > Pakuan Pajajaran mangsa datangna para prajurit Banten? 
Wallohualam.
> >>
> >> Sumber:
> >> Herwig Zahorka, The Sunda Kingdom of West Java From Taruma to
> > Pakuan Pajajaran with the Royal Center of Bogor., Yayasan Cipta 
Loka
> > Caraka, Jakarta, 2007.
> >>
> > Muhun nya Kang dikamaranaken atuh? moal diangkut Walanda mah?
> >
> >
> > Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com
> >
> >
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke