Pakuan tos ditinggalkeun kosong basa Banten datang, nu kaangkut mung Watu Gilang. Perhiasan2? Sim kuring yakin aya tapi moal seueur da tipe Sunda/Galuh/Pajajaran mah teu fokus kana asesoris model kitu. Seueur nu nganggap Pajajaran sarua jeung karajaan nu numpuk asesoris (sagala tina emas, berlian jste.) nepi ka loba nu percaya nepi kaaaa ngagali batu tulis. Harta Pajajaran aya dina "Values". Gambaranana panginten mirip dina carita ngudag harta dina film Indiana Jones and the Kingdom of Crystal Skull. salam Jalak Pakwan ~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: sutisna <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, July 16, 2008 19:20:13 Subject: [kisunda] Re: Kangkalung Emas Titilar Sunda Abad ka 8-9 --- In [EMAIL PROTECTED] .com, Aschev Schuraschev <aschevetea@ ...> wrote: > > Dina bukuna, The Sunda Kingdom of West Java From Taruma to Pakuan Pajajaran with the Royal Center of Bogor, Herwig Zahorka kurang leuwih nulis: > > A golden necklace with a phallus from Sukabumi from 8th / 9th century > Noblemen at the courts of Sunda used precious metals for objects of ritual and profane purposes. An exquisite example is a golden necklace (kalung) from Gegerbitung village, Sukabumi, measuring 30.5 cm x 28 cm x 7 cm. It dates from the eight or ninth century AD. > > > > > > Sanggeus maca ieu warta, haté jadi panasaran, nya kamana perhiasan- perhiasan lianna titilar ti Pakuan Pajajaran. Dina abd ka 8/9 geus aya titilar sarupa kieu; asa pamohalan lamun dina abad ka 15/16 (mangsa Karajaan Sunda keur jaya-jayana sarta loba hubungan jeung mancanagara kayaning Pariaman, Malaka, Portugis jeung sajabana) euweuh titilar perhiasan sarupa kieu. Kamana atuh nya? Moal kitu titilar Karajaan Sunda té h dibawa ku pasukan Banten mangsa ngaruntagkeun Pakuan Pajajaran? Atawa ngahaja disumputkeun ku pihak Pakuan Pajajaran mangsa datangna para prajurit Banten? Wallohualam. > > Sumber: > Herwig Zahorka, The Sunda Kingdom of West Java From Taruma to Pakuan Pajajaran with the Royal Center of Bogor., Yayasan Cipta Loka Caraka, Jakarta, 2007. > Muhun nya Kang dikamaranaken atuh? moal diangkut Walanda mah? Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
