satujuuuuuu tong daek jadi cikopi, nu di kocek kocek,... urang kedah cerdik, cool, jembar, jgn terlalu reaktif..... jeung,.... nu penting urang guar, nu teu penting,... nya di guar oge,ngan dalam kerangka pembicaraan warung kopi, tong jadi adu jurus,... tetap cool man,... pokoknya mah kedah tetep nyunda,... dan,... enjooooyyy
haturnuhun,.... --- In [email protected], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Oman ieu mah Teori Cikopi atuh. Kopi nu ngeunah supaya kaluar aromana kudu ditinyuh ku cipanas terus dikocek2. Nu tos buktos jago ngocek2 mah pan Walanda, terus we dicontoan ku pangagung2 ayeuna nu sok adu gosip, babaledogan popoyok nepi nyareri huntu tara paratanya. > Tinggalkeun lah teori bule nu judulna hebring Chaos Theory, Management of Conflict jste. urang pake talatah karuhun, salah sahiji ti Uyut Sanjaya: > * Tresna > * Gumbira > * Upeksa > * Mitra > Tos buktos Uyut Sanjaya janten Prabu. > Cag > Jalak Pakwan~ experientia docet sapientiam ~ > > > > ----- Original Message ---- > From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Wednesday, July 16, 2008 23:20:16 > Subject: Re: [kisunda] Nagara Urang > > > Sok sanajan hate beuratm tapi kuring sapuk kana pikiran Mj. Dina teori > sosiologi (jeung ekonomi, antropologi, jsb) memang cenah aya hiji > teori anu jadi kayakinan sabagean gede ilmuwan anu pakait, anu asalna > tina elmu eksakta, khususna kimia (thermodinamika. Aranna: dissipative > structure. Anu mimiti manggihan ieu teori teh ilmuwan urang Belgia, > aranna Ilya Prigogine, anu kenging hadiah nobel kimia tahuan 1977. > > Ceuk eta teori, atawa dicutat bagean anu aya hubunganana jeung > struktur sosial, hiji struktur (sosial) anu leuwih tohaga kudu > ngaliwatan heula kondisi chostic atawa kacau balau tea. Dina gambaran > Mj: kudu dipotong heula sagenerasi mah. Pedaran leuwih jero ngeunaan > ieu teori tiasa nujul ka, diantarana, Wikipedia: > http://en.wikipedia .org/wiki/ Dissipative_ system jeung > http://en.wikipedia .org/wiki/ Self-organizatio n#Self-organizat ion_in_human_ society > > Teu rek kitu kumaha, lamun kaayaan kahirupan bangsa Indonesia > diibaratkeun jam dinding anu aya babandulan; jeung kaadilan atawa > kasantosaanana diibaratkeun bandulna eta jam, mangka si bandul teh > geus sasar atawa geus ngayun ka beulah kenca salila 32 taun lilana. > Pikeun balik kana kasatimbanganana wae diperlukeun waktu - anu > normalna - 32 taun. Tacan waktu keur ngagayuh kana > kasantosaan/ kaadilan - minimalna - sakumaha nagara2 makmur tur > tengtrem di dunya ayeuna - perlu waktu saeutikna 32 taun deui. > > Anu jadi patarosan dina hal ieu sauetikna aya dua hal: > 1) kira-kira laku individual jeung masyarakat anu kumaha anu bisa jadi > akselerasi gerak bandul sangkan henteu nepi ka merlukeun 60-70 taun > pikeun nincak atawa aya dina track kasantosaan? > 2) lamun akselerasi tetep teu bisa ditawar (teu aya jalan keur > akselerasi, kudu natural wae sakumaha bandul jam, naon anu matak > nyehatkeun anu bisa dilakukeun ku manusa-manusa/ urang/generasi anu aya > dina alam gerak bandul ka jihat kasatimbangan (masyrakat dina mapag > mangsa- diulah-ulah oge - chaostik)? > > mangga ka sadayana, diantos "pencerahanana" . > > baktos, > manAR > > On Wed, Jul 16, 2008 at 12:49 PM, mj wrote: > > hese sigana mah nyirianana. jamanna nuju usum kiruh. cenah growing > > pain tea. kudu heula ngalaman kapeurih dina hartos sagala rusak, da > > masih aya dina usumna, turun suharto -sistem dictatorship- teu > > langsung beres, malah beuki ripuh. sabab tatatanan atawa sistem nu tos > > mapan mangtaun-taun, perlu waktu dirobahna ku sistem nu can aya atawa > > can dibentuk sanaos ari merekna mah tos aya, demokrasi tea. ayeuna > > masa ngarobah, jadi masih pasolengkrah. eforia tea. mun baheula maling > > atawa koruptor teh eksekutif wungkul, ayeuna mah oge legislatif. > > > > basa HMS turun, teu kabayang saha pi presideneun. alatan tos bisa > > 30taunan. ayeuna perlu nu kuat siga kitu oge, tapi nu langkung jujur. > > > > pamarentah kapayun kudu kuat, tegas tapi jujur & bersih. presidenna > > model Ali Sadikin mun aya mah. > > > > rada satuju ka pamanggih batur, bari jeung lieur kumaha carana, eta > > teh, cenah kudu dipotong sagenerasi. > > > > mun bade oge, milih calon nu geus beunghar ti awal. sabab aya rumus, > > be a rich then a politician. > > > Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
