Kang Oman ieu mah Teori Cikopi atuh. Kopi nu ngeunah supaya kaluar aromana kudu
ditinyuh ku cipanas terus dikocek2. Nu tos buktos jago ngocek2 mah pan Walanda,
terus we dicontoan ku pangagung2 ayeuna nu sok adu gosip, babaledogan popoyok
nepi nyareri huntu tara paratanya.
Tinggalkeun lah teori bule nu judulna hebring Chaos Theory, Management of
Conflict jste. urang pake talatah karuhun, salah sahiji ti Uyut Sanjaya:
* Tresna
* Gumbira
* Upeksa
* Mitra
Tos buktos Uyut Sanjaya janten Prabu.
Cag
Jalak Pakwan~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, July 16, 2008 23:20:16
Subject: Re: [kisunda] Nagara Urang
Sok sanajan hate beuratm tapi kuring sapuk kana pikiran Mj. Dina teori
sosiologi (jeung ekonomi, antropologi, jsb) memang cenah aya hiji
teori anu jadi kayakinan sabagean gede ilmuwan anu pakait, anu asalna
tina elmu eksakta, khususna kimia (thermodinamika. Aranna: dissipative
structure. Anu mimiti manggihan ieu teori teh ilmuwan urang Belgia,
aranna Ilya Prigogine, anu kenging hadiah nobel kimia tahuan 1977.
Ceuk eta teori, atawa dicutat bagean anu aya hubunganana jeung
struktur sosial, hiji struktur (sosial) anu leuwih tohaga kudu
ngaliwatan heula kondisi chostic atawa kacau balau tea. Dina gambaran
Mj: kudu dipotong heula sagenerasi mah. Pedaran leuwih jero ngeunaan
ieu teori tiasa nujul ka, diantarana, Wikipedia:
http://en.wikipedia .org/wiki/ Dissipative_ system jeung
http://en.wikipedia .org/wiki/ Self-organizatio n#Self-organizat ion_in_human_
society
Teu rek kitu kumaha, lamun kaayaan kahirupan bangsa Indonesia
diibaratkeun jam dinding anu aya babandulan; jeung kaadilan atawa
kasantosaanana diibaratkeun bandulna eta jam, mangka si bandul teh
geus sasar atawa geus ngayun ka beulah kenca salila 32 taun lilana.
Pikeun balik kana kasatimbanganana wae diperlukeun waktu - anu
normalna - 32 taun. Tacan waktu keur ngagayuh kana
kasantosaan/ kaadilan - minimalna - sakumaha nagara2 makmur tur
tengtrem di dunya ayeuna - perlu waktu saeutikna 32 taun deui.
Anu jadi patarosan dina hal ieu sauetikna aya dua hal:
1) kira-kira laku individual jeung masyarakat anu kumaha anu bisa jadi
akselerasi gerak bandul sangkan henteu nepi ka merlukeun 60-70 taun
pikeun nincak atawa aya dina track kasantosaan?
2) lamun akselerasi tetep teu bisa ditawar (teu aya jalan keur
akselerasi, kudu natural wae sakumaha bandul jam, naon anu matak
nyehatkeun anu bisa dilakukeun ku manusa-manusa/ urang/generasi anu aya
dina alam gerak bandul ka jihat kasatimbangan (masyrakat dina mapag
mangsa- diulah-ulah oge - chaostik)?
mangga ka sadayana, diantos "pencerahanana" .
baktos,
manAR
On Wed, Jul 16, 2008 at 12:49 PM, mj wrote:
> hese sigana mah nyirianana. jamanna nuju usum kiruh. cenah growing
> pain tea. kudu heula ngalaman kapeurih dina hartos sagala rusak, da
> masih aya dina usumna, turun suharto -sistem dictatorship- teu
> langsung beres, malah beuki ripuh. sabab tatatanan atawa sistem nu tos
> mapan mangtaun-taun, perlu waktu dirobahna ku sistem nu can aya atawa
> can dibentuk sanaos ari merekna mah tos aya, demokrasi tea. ayeuna
> masa ngarobah, jadi masih pasolengkrah. eforia tea. mun baheula maling
> atawa koruptor teh eksekutif wungkul, ayeuna mah oge legislatif.
>
> basa HMS turun, teu kabayang saha pi presideneun. alatan tos bisa
> 30taunan. ayeuna perlu nu kuat siga kitu oge, tapi nu langkung jujur.
>
> pamarentah kapayun kudu kuat, tegas tapi jujur & bersih. presidenna
> model Ali Sadikin mun aya mah.
>
> rada satuju ka pamanggih batur, bari jeung lieur kumaha carana, eta
> teh, cenah kudu dipotong sagenerasi.
>
> mun bade oge, milih calon nu geus beunghar ti awal. sabab aya rumus,
> be a rich then a politician.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com