Dina paguneman sapopoe, kalan-kalan anu diajak atawa layan ngobrol teh
surti upama anu nyarita atawa anu nembalan caritaan teh ukur nembalan
ku kecap "numawi...":
Pa Rurah: "Leuh, ku sagala mararahal nya jaman ayeuna?"
Pa RT: "Numawi..."
Tah, ku ngucapkeun sapotong "numawi", bari jeung lentongna anu pas,
anu jadi lawan ngobrol teh (dina paguneman di luhur: pa Rurah) geus
surti alias geus paham.
Aya deui, ngeunaan numatak jeung numawi, aya margaluyu kieu jeroning
masyarakat, siga kieu:
"Numatak numawi, hulu butak katinggang awi" (punten ka nu sirahna nuju
butak, sanes nyindiran atawa ngahina). Eta mah kenging nyutat ti si
cepot.
Anapon "manawi', eta mah kecap anu teu bisa henteu kudu disambungkeun
jeung kecap sejenna. Haritna, kecap anu teu boga harti nanaon lamun
hadirna tunggal manehna sorangan:
"Manawi terang, dupi jalan ka Sukajdi teh ka palih mana nya?"
Sakumaha ceuk Mh oge, ceuk KBS, kalan-kalan kecap "manawi" hadir dina
wangun turunanana: "mamanawian": "Si ujang milu test ka unpad teh
mamanawian wae katampi"
manAR
On Sun, Jul 20, 2008 at 9:31 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Lamun nengetan serelek di ieu forum sok sering mucunghul tulisan nu
> migunakeun kecap 'numawi'. Ngan uing sok rada 'getek' macana, sabab
> ngalarapkeun eta kecap teh sok pahili wae jeung kecap 'manawi'. Hayu
> urang toong geura dina buku Rusdina, naon harti eta kecap teh.
>
> 1. NUMAWI
> KUBS:
> matak, nu matak, nu mawi (lemes), sababna mah ...
> Kunaon Ki Nonggerak nyumput? Nu matak borangan jigana manehna teh.
>
> KBS:
> matak, nu matak, numawi (lemes), lantaranana.
> Kumaha nu matak kitu?
>
> 2. MANAWI
> KUBS:
> manawa, manawi (lemes), sugan.
> Sugan aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh?
> Wanawi aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh?
>
> KBS:
> manawa, manawi (lemes), sugan, mamanawaan, susuganan.
>
> salam,
> mh
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/