oh kang Agus tos janten eta merchandise na teh ?
hebat cepet nya proyek teh ngageuleuyeungna...
ari komikna kumaha ?

kang Agus, sina dipaluruh atuh eta ip address-na heula ki Konggerak teh
mun ditalungtik ku Random Access Memori mah eta tiasa
Nonggerak
Nggonekar
KorenganG
jrrd
da moal tebih ti alam bawah sadarna
eta moal teu kapendak

...basa jin resmi ?
basa ilmiahna jin ?
hebat....!!!

On Sun, Jul 20, 2008 at 11:29 PM, agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   hiji deui ciri khas pinterna urang sunda,...
> sapertos kang mh,..
> ngaguar hiji bahasan,... di angkod keun sebuah pernyataan,...
> hehehe,....
> asyik,... budak cerdik beuki rea di sunda.
>
> Ayeuna mah,... kagok panasaran,...
> URANG AYAKEUN KUIZ......
>
> maenya eleh ku ki jokobodo,... nyieun kuiz di tivi, reg_weton_ kirim ka
> jurig masing2... hehehe
>
> KUIZ NA KIEU: TEBAK TEPAT (saha nu nebak paling caket bener)
>
> 1. YUSWA KI NONG GERAK SABARAHA TAUN.?
> 2. PADUMUKAN KI NONG GERAK DI KOTA MANA ?
>
> tah,... sakitu weh, cekap,....
> supados rame,....
> engke dina waktosna,... dulur nu nebak tepat atanapi paling mendekati,...
> mendapat hadiah.... berupa ... KAOS ALIA (merchandise komik nasional
> terbaru) ti simkuring pribadi.
> dikirim angsung ke pemenang.
>
> hehehe,... kumaha weh carana ieu milis jadi rame,...
> =budak baong forever=
>
> --- On *Sun, 7/20/08, mh <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [kisunda] NUMAWI vs MANAWI
> To: "kisunda" <[email protected]>, [EMAIL PROTECTED],
> [EMAIL PROTECTED]
> Date: Sunday, July 20, 2008, 9:31 PM
>
>  Lamun nengetan serelek di ieu forum sok sering mucunghul tulisan nu
> migunakeun kecap 'numawi'. Ngan uing sok rada 'getek' macana, sabab
> ngalarapkeun eta kecap teh sok pahili wae jeung kecap 'manawi'. Hayu
> urang toong geura dina buku Rusdina, naon harti eta kecap teh.
>
> 1. NUMAWI
> KUBS:
> matak, nu matak, nu mawi (lemes), sababna mah ...
> Kunaon Ki Nonggerak nyumput? Nu matak borangan jigana manehna teh.
>
> KBS:
> matak, nu matak, numawi (lemes), lantaranana.
> Kumaha nu matak kitu?
>
> 2. MANAWI
> KUBS:
> manawa, manawi (lemes), sugan.
> Sugan aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh?
> Wanawi aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh?
>
> KBS:
> manawa, manawi (lemes), sugan, mamanawaan, susuganan.
>
> salam,
> mh
>
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke