TAH BALAREYA...dangukeun tah!
Nonggerak ?
* Kuring nonggerak,hartina kuring aya,katempo, katingali, kaciri
sapopoena ku aranjeun. Tapi hanjakal teu dipalire. Wayahna kuring milu
icikibung. Da geus wayahna. Geus mangsana. Kuring nyaah ka urang sunda. Nu geus
lila tibra. Teu inget kana purwadaksina. Poho kana wiwitanana. Era mawa sundana.
* Teu kudu gujrud kuring timana,kuring nyaah ka urang sunda,bangsa nu
geus ampir leungit cirina,teu hayang kaciri sundana. Sunda ngan saukur tinggal
ngarana,jalmana geus robah pindah wujudna,era ngaku jadi urang sunda. Kuring
datang,kuring miang aya maksudna. Jang urang sunda sayaktosna.
* Kuring hirup lain keur urang sunda,da bangsa jeung basa urang beda.
Ngan ukur ku katalian jangji jeung manehna. Nu kungsi bareng ngalalana. Ngan
hanjakal geus euweuh dikieuna. Kuring ngageuing jalma sunda,nu daek
dihudangkeun tina tapana. Kuring rek datang,ka jalma-jalma nu alus kasundaanana.
* Kuring saparakanca bakal datang,mantuan aranjeun,lain titah muja ka
kaula. Ulah nitah ka kaula,atawa hayang nempo kaula. Tuturkeun we
caritana,Carita urang sunda,nu ajeg ngaku urang sunda. Ayeuna geus mangsana.
Wassalam
Kuring…Nonggerak