ki nonggerak, jigana mah teu aya nu aheng ka salira panjenengan teh.
eta pedah aya nu tumanya, kitu kieu, lain aheng eta mah, ilahar we
atuh, jamak na kitu. kangaranan jalma hirup upama aya nu anyar datang,
piraku teu ditanya-tanya acan. jeungna deui da asa teu aya nu info nu
anyar nu dibawa ku salira panjenengan teh, estu eta-eta keneh. kitu
kabiasaanana dina forum diskusi mah, aya nu nanya, aya nu ngajawab. nu
aheng mah duka saha.
salam,
mh
On Tue, Jul 22, 2008 at 3:56 PM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> TAH BALAREYA...dangukeun tah!
>
>
> Nonggerak ?
>
>
>
> Kuring nonggerak,hartina kuring aya,katempo, katingali, kaciri sapopoena ku
> aranjeun. Tapi hanjakal teu dipalire. Wayahna kuring milu icikibung. Da geus
> wayahna. Geus mangsana. Kuring nyaah ka urang sunda. Nu geus lila tibra. Teu
> inget kana purwadaksina. Poho kana wiwitanana. Era mawa sundana.
>
>
>
> Teu kudu gujrud kuring timana,kuring nyaah ka urang sunda,bangsa nu geus
> ampir leungit cirina,teu hayang kaciri sundana. Sunda ngan saukur tinggal
> ngarana,jalmana geus robah pindah wujudna,era ngaku jadi urang sunda. Kuring
> datang,kuring miang aya maksudna. Jang urang sunda sayaktosna.
>
>
>
> Kuring hirup lain keur urang sunda,da bangsa jeung basa urang beda. Ngan
> ukur ku katalian jangji jeung manehna. Nu kungsi bareng ngalalana. Ngan
> hanjakal geus euweuh dikieuna. Kuring ngageuing jalma sunda,nu daek
> dihudangkeun tina tapana. Kuring rek datang,ka jalma-jalma nu alus
> kasundaanana.
>
>
>
> Kuring saparakanca bakal datang,mantuan aranjeun,lain titah muja ka kaula.
> Ulah nitah ka kaula,atawa hayang nempo kaula. Tuturkeun we caritana,Carita
> urang sunda,nu ajeg ngaku urang sunda. Ayeuna geus mangsana.
>
>
>
> Wassalam
>
>
>
> Kuring…Nonggerak
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/