Garung teh pami tina prasasti mah tokoh otentik, nyaeta salah sawios raja Mataram Kuno turunan Rahiyang Sanjaya, anjeuna teh nami lengkepna Sri Maharaja Rakai Garung Rakai teh tina Rakarayan = Ra + ka + raya = an > yang diagungkan (raya = besar, jembar, agung, akbar). Ari Garung upami ditempatkeun saatos Rakai - Rake - Rakarayan > hartosna nami tempat. Di dieu Garung teh nami wewengkon anu janen padumukan sang rakai = nyaeta taneuh lungguh, taneuh bengkok (apanage).Janten Rakai garung teh GELAR LUNGGUH
Margi apungkur mah raja oge u sanesna teu digajih ku mangrupi ARTOS sia ayeuna, tapi dipasihan wewengkon kakawasaan (kabupaten lah), kitu! Oge Sanjaya anu ngageugeuh Mataram kasanding dina gelar lungguhna nyaeta RAKAI MATARAM SANG RATU SANJAYA. Gelar kieu teh KHAS raja2 jaman Mataram Kuno dugi ka mangsa Sindok (Mataram Jawa Timur) awit Kadiri - Singhasari - Majapahit....gelar Rakai teh robih janten Bhre tina Bhratara i.... sapertos Bhre Wijaya...geuning. Nyanggakeun Ambu ----- Original Message ---- From: fredy novianto <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, July 26, 2008 8:54:17 PM Subject: [kisunda] naon hartina GARUNG parunten kasayana uing bade tumaros, ngeunaan harti tina kecap "GARUNG", pedah rada nyungkelit kana ati ngeunaan eta ngaran teh kusawab : 1.padumukan uing ayeuna ayana di kampung nu dingaranan CiGarung 2.dina silsilah raja jawa tengah (http://arkeologi. web.id/old/ directory. php?id=200803140 025) aya oge nami 'Rake garung',tapi ah da asa pamohalan sugan ngaran lembur uing(cigarung) dicatut tina ngaran eta raja, 3.aya oge dongeng ti sepuh urang lembur ngaran cigarung dicatut ti nu ngadirikeun kampung nyaeta kiGarungan, cenahmah anggahota laskarna prabu siliwangi keneh.(naha bener aya dina sajarah nu aktualna kitu?) malahan mah anjeuna ngadamel guha/torowongan nu kiwari satengahna kakeueum ku cai walungan cimandiri(site na tiasa ditingali di desa Leuwiliang kec:cikembar kab:sukabumi) . tapi asa can aya arkeolog nu nalungtik ieu guha tug dugika kiwari, ceuk dongeng mah eta guha tembusna dugika kutamaneuh daerah lio sukabumi, malah mah dugika gunung gede (wallohu alam) 4.aya beja oge yen "garung" teh artina bala ku batu. ah jadi pajuliwet, manawi aya nu tiasa masihan bongbolongan diantos ku uing uing teh fredynovianto. Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com
