--- In [email protected], eddy nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Siliwangi JAYA DEWATA tos Islam

> Tos sabaraha lami  teu ngiring lebet KI sunda -nganganteur pun anak
liburan sakola, nganuhunkeun pisan diantawisna ka Kang Yayat  sareng
ka Kang JGQ anu parantos melempar isu penting ngeunaan nu kajantenan
di urang sunda baheula nu janten background urang ayeuna (nu parantos
oge di komentaran ku nu sanes). kumargi salami ieu  sadaya 'obrolan'
teh seuseueurna disarengan ku niat silaturahmi. sim kuring oge hoyong
ngiringan ngadugikeun  (saukur) pamendak:
> 
> Siliwangi JAYA DEWATA tos Islam
> 
> Siliwangi Jaya Dewata teh pan nikah ka Subang Larang istri Muslimah
ti Pondok Quro. Tangtos pada terang yen Awewe Muslim HARAM kawin ka
Lalaki Non-Muslim. kukituna tangtos Jaya dewata matak tiasa nikah ka
Subang larang tos Muslim.
> Dina 'dongeng' disimbolkeun yen salian ti meunang saembara teh pan
panuhun Subang Larang mah hoyong dipasihan untuyan bentang...nu di
jadikeun tasbe. ari gunana tasbe keur  dikir ameh tetep SADAR saha ari
pribadi teh. tetep kawincik yen moal aya pribadi lamun euweuh
pribadina nu ngusik malikeun INYA.   eta tasbeh lain nu sok dijarualan
- sanajan untung terus aya, ameh barudak ayeuna kaingetkeun - tapi aya
dina jatining LANGITna tangtung  nu matak  dewa (dewa= dev= cahaya
caangna) tangtung na tetep Jaya angger teu owah moncorong nyaangan lampah.
> 
> Naha ngan pedah ku Awewe Jaya Dewata, pindah kayakinan jadi Islam ??
> 
> Tangtu henteu, naha ???
> 
> Pan kangjeng nabi Muhammad oge ngadugikeun yen  Rasul- rasul
sateuacanna nu aya teu dicaritakeun ku Qur'an oge ngadugikeun Islam,
di Pajajaran ge geus sumerah ka nu maha kawasa  - make ulikan anu geus
established-sanajan teu make istilah Arab (ISLAM)-sok aya nu nyebut
agama di sunda teh ISLAM LAWAS . Rasul jeung nabi di SUNDA ge aya ngan
kalolobaan barudak urang sunda ayeuna weleh teu nyaho!! sabab BONGAN
teu daek maluruh kalawan daria Pustaka SUNDAna.  TAPI ulah salah
metoda atawa sariat  ISLAMna Muhammad mah langkung sampurna ngomean nu
enggeus enggeus. Jadi  kulantaran geus ISLAM samemehna nya jadina
MUSLIM teh lain lantaran awewe.
> 
> Matak ngan jalma sunda (etnik/genetis) nu POEK teu NYUNDA (caang) nu
teu daek make Kasundaanna Muhammad - ku kapoekanna teh malah kalahka
nga arabkeun Islam na sunda. Eta kabeh sabab Abu Jahal (teu daek
sujud) pribadina di pake keneh, Abu Lahab (seuneu nafsuna) hurung
keneh, Kafir (teu daek nurut) kana papagah Rasul pribadina, atawa Abu
Thalib (Thalib hartina neangan terus bari teu make) na hirup keneh [
hartos kecap asal ieu, slah sahijina, tiasa ditingali dina tafsir
qur'an kenging Qurais Shihab). Eta kabeh asa aya di batur  da KTP na
ISlAM padahal manehna keneh.
> 
> Naha teu di "ISLAM" keun pajajaran harita keneh ??
> 
> Ari sapribadieun tangtu teu hese, komo deui nu beda ngan metoda na
mungkul, sanajan leuwih sampurna, tapi tetep barang anyar anu
ngagunakeun jargon-jargon kaagammaan nu ti ARAB, Ngan lamun sanagara
tangtu kudu aya proses - sabab kamampuh pangarti jeung robahna
kabiasaaan protokoler di masarakat kudu bener - ter schedule -
sosialisasina. nya harita masihan conto ka masarakat ku masihan
-ngidinan- pilot project di Jati Purwa nu jadi Cirebon tea. ku salah
sahiji putrana. Piraku Jaya dewata teu terang ? pan kabeh di pajajaran
teh kudu aya ijin ti Raja?? ameh masarakat sautik-saetik katuduhkeun 
nu kumaha 'metoda' Islamna Muhammad ti Arab teh nyatana, katingalina,
kumaha bedana, dina struktur kamasyarakatan sunda nu geus  lila aya -
  islam nu diwujudkeun make metoda/cara sareat sunda nu geus
established di Pajajaran.
> 
> Cenah Walangsungsang (anak)  beda kayakinan sareng Jaya dewata (Bapa)?
> 
> Beda kayakinan teh dina pamendak dina CARA NGANEPIKEUN Islam ka
Batur margi kedudukan ieu dua orang penting benten. nu hiji Raja nu
satiap langkahna janten kebijakan nasional, nu hiji mah putra raja -
nu kedah dipasihan 'latihan' piken bekel jadi mangkubumi.  
> Sareng deui, Dina strategi perobahan kudu aya  perhitungan nu
disebut "Risk  Theory". Kudu -Well Organised - aya tahapan perubahan
jeung kudu aya cadangan "way out"na  jeung kudu aya  peran Team Work.
aya nu jadi inovator aya nu jadi stabilisator aya nu jadi provokator
(positif) supaya  situ masarakat kaendagkeun. Ma enya ide baru
langsung ku Top Leader - biasana oge ku Site manager heula, terus
ningal pre-result, supaya bisa memenerna - mengamati penyimpangan
lamun aya - dina nyampurnakeun proses Nyundakeun Arab ameh sadayana 
Islam (sumerah ka NU Murbeng Alam (RABB). Nya, Walangsungsang
ninggalkeun Nagara ngadamel pilot project di tempat lain di PAjajaran
keneh.
> 
> Para wargi, Nu didugikeun diluhur sareng dongeng-dongeng ti nu sanes
ngan saukur 'dongeng' nu bisa jadi CENAH yakin atawa saukur pamanggih,
lamun urang teu ngabuktikeun ku pendak langsung sareng JINISNA.  Kabeh
ngan saukur jadi CUMAH jeung meakkeun WAKTU hirup lamun teu bisa
dibuktikeun ENYANA ku sorangan ku jalan sorangana  DAEK nganjang ka 
HAMBALAN SUNDA. 
> PUN.
> 
> 
> 
> _____________________________________________________________
> SundaNet.Com - portal komunitas sunda.
> 
> _____________________________________________________________
> Promote your group and strengthen ties to your members with
[EMAIL PROTECTED] by Everyone.net  http://www.everyone.net/?btn=tag
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke