walah
hebat juragan sepuh yeuh...meni reu-eus 
sabab leres. Tapi gan Sepuh...hatur uninga rehna Sunan Gresik mah urang Cambay 
(Bombay) buktos saleresna nu nyebarkeun Islam di Nusantara teh teu sadaya Cina 
tapi oge TAMIL...awitna tina kagiatan dagang 
emut aya kelompk sudagar 500 di aceh ? ta eta saleresna urang TAMIL

Nuhun Abah

Tabe pun
AMBU 



----- Original Message ----
From: Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, August 4, 2008 10:16:57 PM
Subject: [kisunda] Walisongo



Hapunten yeuh Si Abah. Aya kana dua sasihna teu mukaan e-mail Kisunda. Jadi 
rada tinggaleun kana sagala topik.

Boa mun eta Walisongo teh disebat asalna ti  Champa, moal rame kieu.

Jeung deui dina awal abad ka 15, can aya nu wani paparahuan.  Jadi Islam ti 
Tim-Teng jeung Turki nyebarna teh ka bagian kulon nagara Cina ku lantaran ayana 
 "Jalan sutera" tea. ((Marco Polo)
Nya rada kaharti we mun Islam ka urang datangna  teh ka Champa heula make jalan 
darat.
Nya meureun kitu oge eta urang Champa nepina ka Pulo Jawa.

Kukituna, eta Walisongo rek urang Champa atawa rek urang Cina, urang kudu 
nganuhunkeun.  Nya urang diajar kana Agama anu lempeng. Agama anu diridhoi ku 
Anjeuna, nepi ka ayeuna.

Ulah neangan nu matak pidosaeun, kumaha mun enya eta Walisongo teh urang 
Tionghoa, padahal  urang geus  "melecehkan" . Tapi ilmu kaagamaan Islamna ku 
urang diaku jeung diyakinan..
Tos aya anu kantos ziarah ka makam Walisongo ??? Di Surabaya, Gresik, Tuban, 
Demak , Kudus, Gn Muria jeung Cirebon !

Islam lain hak paten urang Arab, da teu kabeh urang Arab Islam.
mun enya urang Arab teh Muslim tulen moal aya TKI nu disiksa!

Wassallam,
Abah Joe

 
    


      

Kirim email ke