On Mon, Aug 4, 2008 at 11:16 PM, Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kukituna, eta Walisongo rek urang Champa atawa rek urang Cina, urang kudu
> nganuhunkeun. Nya urang diajar kana Agama anu lempeng. Agama anu diridhoi
> ku Anjeuna, nepi ka ayeuna.
>
> Ulah neangan nu matak pidosaeun, kumaha mun enya eta Walisongo teh urang
> Tionghoa, padahal urang geus "melecehkan". Tapi ilmu kaagamaan Islamna ku
> urang diaku jeung diyakinan..
> Tos aya anu kantos ziarah ka makam Walisongo ??? Di Surabaya, Gresik, Tuban,
> Demak , Kudus, Gn Muria jeung Cirebon !
>
Punten Abah Joe, na saha kitu nu "ngalecehkeun" kana wacana yen
Walisongo teh Babah Tiongkok? Sapanitenan uing, asa teu aya. Aya oge
nu menta klarifikasi, kana rasionalitas eta wacana. Sabab salila ieu
Mang Ucup dina ngecemplungkeun wacana, komunikasina ngan SA-ARAH, tara
pati nolih mun aya nu nanya teh, estu cukup plung-lep. Kurang leuwih
mirip jiga gaya Ki Nonggerak. Antukna nu pahibut kalah baraya lianna,
nu pro jeung kontra. Padahal ilahar we, upama urang nepoikeun
pamanggih, aya respon ti nulian, tangtu we gaya ngaresponna oge
gumantung jalmana.
Balik deui kana pamanggih Mang Ucup, yen Walisongo bibit buitna Babah
Tiongkok. Sainget uing Mang Ucup ukur ngabejakeun yen pamanggihna ieu
hasil nalungtik ti dokumen Walanda, tapi eta teh karek mangrupa
aku-akuan Mang Ucup sorangan, sabab teu disebutkeun naon dokumen atawa
sumber rujukanana. Nya wajar bae atuh, upama uing atawa baraya lianna
ngarespon kana eta wacana teh.
salam,
mh
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/