harita abdi anu mingpin nanglungtik ka dinya sakantenan kaKawali oge Karang 
Kamulyan sareng Patapan Ajarsukaresi (gn.Padang)  kanggo ngabuktoskeun konsep 
TRI TANGTU DI BUMI

abdi nalungtik teh ti tahun 2001, 2002, 2003, 2004, tapi teteap masih keneh teu 
acan puas tetebiheun kana tuntas, da eta dana na tea ...PNS tea atuh

dana utuh, nu katampi ku operasional mah ngan kembangna hungkul....

Tabe nun
AMBU



----- Original Message ----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, August 6, 2008 12:13:18 PM
Subject: [kisunda] gunung susuru +bolotot.com



dina makalah Ambu di KIBS, aya nyabit-nyabit nami tempat Gunung susuru nu
harita nuju ditalungtik ku ahli purbakala. si kuring kantos ngulampreng ka
dinya, sareng kang Soni. caket walungan Cimuntur-nu gabung ka Citanduy di
Karangkamulyan.

kang Soni tukang telkom, urang dinya, desa Kertabumi (nami ieu aya dina
sajarah Sunda nya, nami karajaan), kecamatan Cijeungjing Ciamis. kang Soni
tukang ngadamel game dina basa sunda, mangga toong & korowot (download) di
www.bolotot. com)

kang Soni teras ngajak ka makam Prabu Dimuntur. tonggoheun lemburna.
beu..walungan cimuntur teh, sigana piken tanda prabudimuntur.

foto2 gunung susuru tos diuplod di multiply si kuring

mj

http://geocities. com/mangjamal
http://mangjamal. multiply. com

    


      

Kirim email ke