tah aya deui Gunung Padang. Gunung Padang nu di Ciamis, ambu? asana di aya
di kalereun kacamatan Cikoneng, desana he love deui. Panaragaran asana mah,
kalereun desa Kujang.rada he love deui, kadinyana nuju SD atuda. ti sakola
teh jalan kaki, rombongan sakelas.

saurna di Tatar Sunda, saur kang Junatan, urang filsafat unpar (nuju s3
sandwich, unpar + erasmus walanda)  nu nuju nalungtik perkawis sistem ilmu
pengetahuan sunda, jepang, cina, Gunung Padang teh aya tilu. di Ciamis, di
Ciwidey sareng di Cianjur tea, nu di CIanjur mah cenah situs megalitikum
terbesar saasia tenggara.

kantos ngiring ka Gunung Padang Ciwidey...batu2 baradag enjum di puncak
gunung. ti puncakna pamandangan ka mana mendi, dugi ka bendungan saguling.
beu...fotona aya di multiply si kuring.

situs Astana gede Kawali sareng Karang Kamulyan mah malah diselapkeun dina
novel katilu, Fetussaga.



On 8/6/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   harita abdi anu mingpin nanglungtik ka dinya sakantenan kaKawali oge
> Karang Kamulyan sareng Patapan Ajarsukaresi (gn.Padang)  kanggo
> ngabuktoskeun konsep TRI TANGTU DI BUMI
>
> abdi nalungtik teh ti tahun 2001, 2002, 2003, 2004, tapi teteap masih keneh
> teu acan puas tetebiheun kana tuntas, da eta dana na tea ...PNS tea atuh
>
> dana utuh, nu katampi ku operasional mah ngan kembangna hungkul....
>
> Tabe nun
> AMBU
>
> -----
>

-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke