heuheu...nuhun carekna. katamfi visan a. ti baheula oge geus apal,
pasti kang Agus bodas tea ieu teh. heuheu.
sami-sami wilujeng milangkala, nami Agus pasti wedalan bulan Agustus.
eta hukum ngaran nya.
saleresna si kuring teh urang sebrang. persisna, sebrang citanduy.
urang galuh. galuh nu loba suluh -lain pinuh bangbaluh (uga eta, galuh
pinuh ku bangbaluh, kudu dipermak kunu leuwih optimis)
ayeuna sakola deui da bodo keneh bae, katilu kali. mun keledey 'tidak
pernah terantuk batu dua kali yg sama, si kuring mah geus katilu kali.
hihi. untungna, dewa nu kawasa di sakola urang ayeuna pro budaya
lokal, jadi ngadukung naon nu keur diteangan si kuring-kaasup make
ngaran2 lokal pikeun istilah metoda penelitian. haha.
kamari jeung kahareup, pancen sakola & judul panalungtikan, kudu
aprak-aprakan ka kampung adat sunda. geus manggih dua tempat pikeun
studi kasus, di wetan kampung kuta Ciamis, sisi cijolang, wates jabar
jateng, di kulon baduy. kungsi ngendong di ciranji. teu pira nu keur
diteangan teh, ari konsep estetika sunda dina budaya rupa (visual
culture) jeung bumen-bumen (dwelling) aya henteu? piraku henteu aya?
haha. dina ayana (kudu aya) kumaha implementasina kana imah? sakalian
we, naha urang sunda boga imah model kitu? jeung naha di kuta mah imah
panggung teh kaci make parabot da di kampung adat sejen, kaasup baduy
mah henteu. jeung sarebu naha nu pastina nuturkeun.
tapi sanazan kituw, susundaan si kuring mah 'sekte cakakak' atawa mun
di Mangle mah 'Barakatak' tea.
susundaan teh ti saprak milu milis kusnet jeung ki sunda we. da ari
tesis mah soal desain skandinavia, studi kasus desain mebel
denmark-minangka oleh-oleh nganjang ka negeri viking eta. negeri nu
islami jeung nyunda sabanerna mah. matak kabita-di luar urusan seks nu
permisif. hihi. terus pendak sareng Abah Surya, terus panggih jeung
hawe setiawan, malah dipenta ngadesain jilid nu ayeuna, majalah basa
Sunda Cupumanik, jeung baheula mah ngeusian rubrik urang sunda di
dinya. terus panggih jeung kang Ajip Rosidi, nu saur abah Surya mah,
Urang Sunda pangbadagna, cek si kuring mah urang Sunda panggandengna.
haha. malah milu nulis ngeunaan imah kang Ajip di Pabelan dina bukuna
70 tahun Ajip Rosidi, jejak langkah urang sunda.
sekte cakakak mah, cirina beuki seuri, resep heureuy. jadi hampura mun
beda jeung analisisna sabisa-bisa rasional, saheulaanan. da rek sekte
sejen oge euweuh nu ngajak jeung euweuh nu ngabejaan. kalolobana
nyarumputkeun, dina ngabejaanana, biasana teu puguh hulu buntutna-ngan
muter-muter di basa, nu hanjakalna can kataekan. tapi ari ngawadahan
mah milu. sugan bisa ngarti. sugan nepi.
sakitu heula bos
mangjamal.multiply.com
--
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/