alhamdulillah atuh, nyunda didinya papakean lahir bathih,... pan ngeunah katingalina,... simkuring mah kasebutna lanceuk didinya, tina panimu elmu kasundaan mah kudu guguru ka didinya,.... hehehe,...
rada panasaran tah kana info aya nu keur ngulik komik 'wastu' cik ah,... pilari info lengkepna, simkuring nuju nguatkeun komunitas komik nasional yeuh,... diantos infona ,nuhun. penelusuran kesundaan dalam seni-desain,.. cigana kedah di urut tina karakter sunda jeung falsafah hirupna, tah,... eta beunangna kana layout blocking jeung grouping na, tuluy,.. tidinya papakean meubel cigana leuwih demokratis, sabab... tiap individu urang sunda bobogaan karakter nu beda2,... teu ciga budaya nu lian, diatur ku kabiasaan turunan ti luhurna. pami di sunda mah, dinamisasi pencarian bentuk, justru jadi falsafah gerak desain na,.... eta kang nu nyebabkeun ;bandung sebagai kota kreatif. tah,... cobi di fokuskeun kana 'kreatif' na, da kamonesan urang sunda mah,... motekarrrrr pami motif mah,... ka kang ocha cigana langkung lengkep, pami ti abdi mah kedah ngantosan dokumen gamelan pajajaran rengse di terjemahkeun,... cenah selain aya eusi sajarah gamelan, oge aya caritaan asal usul motif nu dipake dina eta gamelan,... hag siah, kumaha tah??? aheng banget ya..... rampes =roche= --- On Thu, 8/7/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: mj <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] sanes landong baeud.... To: [email protected] Date: Thursday, August 7, 2008, 4:38 PM heuheu...nuhun carekna. katamfi visan a. ti baheula oge geus apal, pasti kang Agus bodas tea ieu teh. heuheu. sami-sami wilujeng milangkala, nami Agus pasti wedalan bulan Agustus. eta hukum ngaran nya. saleresna si kuring teh urang sebrang. persisna, sebrang citanduy. urang galuh. galuh nu loba suluh -lain pinuh bangbaluh (uga eta, galuh pinuh ku bangbaluh, kudu dipermak kunu leuwih optimis) ayeuna sakola deui da bodo keneh bae, katilu kali. mun keledey 'tidak pernah terantuk batu dua kali yg sama, si kuring mah geus katilu kali. hihi. untungna, dewa nu kawasa di sakola urang ayeuna pro budaya lokal, jadi ngadukung naon nu keur diteangan si kuring-kaasup make ngaran2 lokal pikeun istilah metoda penelitian. haha. kamari jeung kahareup, pancen sakola & judul panalungtikan, kudu aprak-aprakan ka kampung adat sunda. geus manggih dua tempat pikeun studi kasus, di wetan kampung kuta Ciamis, sisi cijolang, wates jabar jateng, di kulon baduy. kungsi ngendong di ciranji. teu pira nu keur diteangan teh, ari konsep estetika sunda dina budaya rupa (visual culture) jeung bumen-bumen (dwelling) aya henteu? piraku henteu aya? haha. dina ayana (kudu aya) kumaha implementasina kana imah? sakalian we, naha urang sunda boga imah model kitu? jeung naha di kuta mah imah panggung teh kaci make parabot da di kampung adat sejen, kaasup baduy mah henteu. jeung sarebu naha nu pastina nuturkeun. tapi sanazan kituw, susundaan si kuring mah 'sekte cakakak' atawa mun di Mangle mah 'Barakatak' tea. susundaan teh ti saprak milu milis kusnet jeung ki sunda we. da ari tesis mah soal desain skandinavia, studi kasus desain mebel denmark-minangka oleh-oleh nganjang ka negeri viking eta. negeri nu islami jeung nyunda sabanerna mah. matak kabita-di luar urusan seks nu permisif. hihi. terus pendak sareng Abah Surya, terus panggih jeung hawe setiawan, malah dipenta ngadesain jilid nu ayeuna, majalah basa Sunda Cupumanik, jeung baheula mah ngeusian rubrik urang sunda di dinya. terus panggih jeung kang Ajip Rosidi, nu saur abah Surya mah, Urang Sunda pangbadagna, cek si kuring mah urang Sunda panggandengna. haha. malah milu nulis ngeunaan imah kang Ajip di Pabelan dina bukuna 70 tahun Ajip Rosidi, jejak langkah urang sunda. sekte cakakak mah, cirina beuki seuri, resep heureuy. jadi hampura mun beda jeung analisisna sabisa-bisa rasional, saheulaanan. da rek sekte sejen oge euweuh nu ngajak jeung euweuh nu ngabejaan. kalolobana nyarumputkeun, dina ngabejaanana, biasana teu puguh hulu buntutna-ngan muter-muter di basa, nu hanjakalna can kataekan. tapi ari ngawadahan mah milu. sugan bisa ngarti. sugan nepi. sakitu heula bos mangjamal.multiply. com -- geocities.com/ mangjamal mangjamal.multiply. com
