Mang Jamal Mang Ayip > primus interparis atanapi dewaraja cult?
----- Original Message ---- From: mj <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, August 7, 2008 4:38:03 PM Subject: Re: [kisunda] sanes landong baeud.... heuheu...nuhun carekna. katamfi visan a. ti baheula oge geus apal, pasti kang Agus bodas tea ieu teh. heuheu. sami-sami wilujeng milangkala, nami Agus pasti wedalan bulan Agustus. eta hukum ngaran nya. saleresna si kuring teh urang sebrang. persisna, sebrang citanduy. urang galuh. galuh nu loba suluh -lain pinuh bangbaluh (uga eta, galuh pinuh ku bangbaluh, kudu dipermak kunu leuwih optimis) ayeuna sakola deui da bodo keneh bae, katilu kali. mun keledey 'tidak pernah terantuk batu dua kali yg sama, si kuring mah geus katilu kali. hihi. untungna, dewa nu kawasa di sakola urang ayeuna pro budaya lokal, jadi ngadukung naon nu keur diteangan si kuring-kaasup make ngaran2 lokal pikeun istilah metoda penelitian. haha. kamari jeung kahareup, pancen sakola & judul panalungtikan, kudu aprak-aprakan ka kampung adat sunda. geus manggih dua tempat pikeun studi kasus, di wetan kampung kuta Ciamis, sisi cijolang, wates jabar jateng, di kulon baduy. kungsi ngendong di ciranji. teu pira nu keur diteangan teh, ari konsep estetika sunda dina budaya rupa (visual culture) jeung bumen-bumen (dwelling) aya henteu? piraku henteu aya? haha. dina ayana (kudu aya) kumaha implementasina kana imah? sakalian we, naha urang sunda boga imah model kitu? jeung naha di kuta mah imah panggung teh kaci make parabot da di kampung adat sejen, kaasup baduy mah henteu. jeung sarebu naha nu pastina nuturkeun. tapi sanazan kituw, susundaan si kuring mah 'sekte cakakak' atawa mun di Mangle mah 'Barakatak' tea. susundaan teh ti saprak milu milis kusnet jeung ki sunda we. da ari tesis mah soal desain skandinavia, studi kasus desain mebel denmark-minangka oleh-oleh nganjang ka negeri viking eta. negeri nu islami jeung nyunda sabanerna mah. matak kabita-di luar urusan seks nu permisif. hihi. terus pendak sareng Abah Surya, terus panggih jeung hawe setiawan, malah dipenta ngadesain jilid nu ayeuna, majalah basa Sunda Cupumanik, jeung baheula mah ngeusian rubrik urang sunda di dinya. terus panggih jeung kang Ajip Rosidi, nu saur abah Surya mah, Urang Sunda pangbadagna, cek si kuring mah urang Sunda panggandengna. haha. malah milu nulis ngeunaan imah kang Ajip di Pabelan dina bukuna 70 tahun Ajip Rosidi, jejak langkah urang sunda. sekte cakakak mah, cirina beuki seuri, resep heureuy. jadi hampura mun beda jeung analisisna sabisa-bisa rasional, saheulaanan. da rek sekte sejen oge euweuh nu ngajak jeung euweuh nu ngabejaan. kalolobana nyarumputkeun, dina ngabejaanana, biasana teu puguh hulu buntutna-ngan muter-muter di basa, nu hanjakalna can kataekan. tapi ari ngawadahan mah milu. sugan bisa ngarti. sugan nepi. sakitu heula bos mangjamal.multiply. com -- geocities.com/ mangjamal mangjamal.multiply. com
