heuheu..abdi mah urang senirupakang Ayip teh kanggo abdi mah nya salah sakedik 
sepuh nu abdi wanoh pikeun diajar susundaan. sami sareng Abah Surya, kang Ocha, 
Ambu, sareng nu sanesna, dina widangna garapanana masing-masing.

 
On 8/8/08, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mang Jamal
> Mang Ayip > primus interparis atanapi dewaraja cult? 
>  
>
> ----- Original Message ----
> From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Thursday, August 7, 2008 4:38:03 PM
> Subject: Re: [kisunda] sanes landong baeud....
>
> heuheu...nuhun carekna. katamfi visan a. ti baheula oge geus apal,
> pasti kang Agus bodas tea ieu teh. heuheu.
>
> sami-sami wilujeng milangkala, nami Agus pasti wedalan bulan Agustus.
> eta hukum ngaran nya.
>
> saleresna si kuring teh urang sebrang. persisna, sebrang citanduy.
> urang galuh. galuh nu loba suluh -lain pinuh bangbaluh (uga eta, galuh
> pinuh ku bangbaluh, kudu dipermak kunu leuwih optimis)
>
> ayeuna sakola deui da bodo keneh bae, katilu kali. mun keledey 'tidak
> pernah terantuk batu dua kali yg sama, si kuring mah geus katilu kali.
> hihi. untungna, dewa nu kawasa di sakola urang ayeuna pro budaya
> lokal, jadi ngadukung naon nu keur diteangan si kuring-kaasup make
> ngaran2 lokal pikeun istilah metoda penelitian. haha.
>
> kamari jeung kahareup, pancen sakola & judul panalungtikan, kudu
> aprak-aprakan ka kampung adat sunda. geus manggih dua tempat pikeun
> studi kasus, di wetan kampung kuta Ciamis, sisi cijolang, wates jabar
> jateng, di kulon baduy. kungsi ngendong di ciranji. teu pira nu keur
> diteangan teh, ari konsep estetika sunda dina budaya rupa (visual
> culture) jeung bumen-bumen (dwelling) aya henteu? piraku henteu aya?
> haha. dina ayana (kudu aya) kumaha implementasina kana imah? sakalian
> we, naha urang sunda boga imah model kitu? jeung naha di kuta mah imah
> panggung teh kaci make parabot da di kampung adat sejen, kaasup baduy
> mah henteu. jeung sarebu naha nu pastina nuturkeun.
>
> tapi sanazan kituw, susundaan si kuring mah 'sekte cakakak' atawa mun
> di Mangle mah 'Barakatak' tea.
>
> susundaan teh ti saprak milu milis kusnet jeung ki sunda we. da ari
> tesis mah soal desain skandinavia, studi kasus desain mebel
> denmark-minangka oleh-oleh nganjang ka negeri viking eta. negeri nu
> islami jeung nyunda sabanerna mah. matak kabita-di luar urusan seks nu
> permisif. hihi. terus pendak sareng Abah Surya, terus panggih jeung
> hawe setiawan, malah dipenta ngadesain jilid nu ayeuna, majalah basa
> Sunda Cupumanik, jeung baheula mah ngeusian rubrik urang sunda di
> dinya. terus panggih jeung kang Ajip Rosidi, nu saur abah Surya mah,
> Urang Sunda pangbadagna, cek si kuring mah urang Sunda panggandengna.
> haha. malah milu nulis ngeunaan imah kang Ajip di Pabelan dina bukuna
> 70 tahun Ajip Rosidi, jejak langkah urang sunda.
>
> sekte cakakak mah, cirina beuki seuri, resep heureuy. jadi hampura mun
> beda jeung analisisna sabisa-bisa rasional, saheulaanan. da rek sekte
> sejen oge euweuh nu ngajak jeung euweuh nu ngabejaan. kalolobana
> nyarumputkeun, dina ngabejaanana, biasana teu puguh hulu buntutna-ngan
> muter-muter di basa, nu hanjakalna can kataekan. tapi ari ngawadahan
> mah milu. sugan bisa ngarti. sugan nepi.
>
> sakitu heula bos
>
> mangjamal.multiply. com
>
> -- 
> geocities.com/ mangjamal
> mangjamal.multiply. com
>
>
> 




-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke