Hasil panalungtikan DR Sukiat, psikolog & konselor pernikahan nu 
nyiptakeun istilah PIL sinareng WIL, nguningakeun rehna 70% ibu-ibu 
di Jakarta kiwari ngagaduhan PIL (Pria Idaman Lain) nu hartosna 
lalaki idaman sanes. Hartosna dua diantawis tilu para istri  aya 
dina kaayaan salingkuh. Hal ieu benten sawaktos pajamanan Orde Baru 
dimana kecap  atanapi istilah PIL teh mung dianggo dina per-KB-an 
wungkul. Teu ngandung hartos sanes. Naha ieu teh kalepatan 
pamarentahan SBY?, dugi ka kiwari seueur istri-istri nu salingkuh?

Pikeun caroge nu mangpaurkeun bojona salingkuh, aya saena oge 
upamina bae dina waktos tepang warsih bojona, masihan kadona teh ku 
sarupaning korset tina beusi, nyaeta  korset anti salingkuh. 
Maksadna mah paparabotan istri nu aya dina handapeun udel teh tiasa 
digembok pageuh sapertos jaman Romawi kuno kapungkur. Nyaeta ku 
lancingan nu didamelna tina beusi. Zaman harita mah disebatna "Pita 
Venus".

Upami urang neuleuman hasil panalungtikan DR Sukiat tadi, kabuktosan 
geuningan henteu mung saukur pameget wungkul nu tos ngaraosan 
nikmatna salingkuh teh. Nanging istri oge nyakitu sami. Henteu lepat-
lepat teuing saupami aya istri nu ngado'a kieu: "Nun Gusti mugia 
kawidian abdi janten palacur". Pangemut mantenna mah padamelan 
salingkuh teh geuning taya bentenna sareng ngalacurkeun diri. 

Maksad lacur teh taya sanes dalah pikeun milarian kipayah pakasaban 
nyeta artos. Dupi salingkuh mah taya sanes sakadar hoyong mendakan 
kanikmatan sahwat. Ari ageungna dosa mah nya sami-sami keneh wae. 
Saupamina bae Gusti ngabulkeun kana eta do'a istri nu hoyong janten 
palacur tea, tiasa janten mantenna mah kenging grasi pangampura. 
Margi hal eta tos ngarupikeun kabutuhan hirup, sami sareng 
kaperyogian tuang leueut. 

Alfred Kinsey,D.Sc., panaliti seks nu tos moyan, ngebrehkeun 
pependakanana rehna 50% istri-istri di sakuliah dunya teu kantos 
ngalaman orgasme. Malahan aya istri nu nembe pisan ngaraoskeun 
nikmatna orgasme teh saparantos yuswana 60 tahun. 

Istilah orgasme urang Perancis mah nyebatna teh le petit mort, 
hartosna pupus aalitan (the little death). Kecap orgasme teh kawitna 
mah tina basa Yunani nu pihartoseunana teh mateng, bareuh, atanapi 
pinuh gairah. Upami ceuk basa Sangsekerta mah urg, nu hartosna kuat.

Ngeunaan kahontalna kasugemaan seks, sering digambarkeun pikeun 
istri mah sapertos naik taraje, ari pameget mah sapertos tunggang 
lift (elevator) nu tangtos langkung enggal batan istri. Upami dina 
istilah dapur mah, pameget teh sapertos microwafe, ari istri 
sapertos hawu biasa, nu tangtos langkung lami panasna. Kukituna 
istri mah meryogikeun waktos nu rada lami batan pameget dina 
ngahontal tingkat kanikmatan orgasme. Kukituna lumrah upami mung 50% 
isri nu tiasa dugi ka orgasme.

Sesahna istri ngahontal orgasme teh, teu tiasa ku dilajengkeun kana 
ngalakukeun masturbasi (onani). Benten sareng pameget, anjeunna mah 
tiasa ngalakukeun masturbasi  iraha jeung dimana wae. Lazimna di 
hotel sawaktos nuju nyorangan tebih ka bojo.

Timbulna katimburuan bojo kanu janten caroge, taya sanes alatan 
ayana nu nonjol handapeun udel sang caroge. Eta parabot teh 
pamohalan dipigaduh ku sang istri. Freud parantos netelakeun teorina 
rehna katimburuan istri kana eta barang nu nonjol teh salaku "penis 
entry". Kukituna, sanaos sanes polisi ge, ari pameget mah ngagaduhan 
pestol, naha nu disebat revolver atanapi saukur baretta, nu salamina 
siap tembak. Benten sareng istri, sanaos teu kagungan pestol ge, ari 
mantena mah tiasa "ON" teras, nanging henteu tiasa siap nembak.  

Pameget anu salingkuh kagungan kadudukan nu "langkung mulia" batan 
istri nu nyolowedor. Kitu pamadegan masyarakat umum. Kukituna wajar 
upami aya kajantenan tindakan kakerasan ka kaum istri, masyarakat 
mah tetep nyalahkeun istri bae. Lepat istri bongan sok ngagoda 
pameget.

Kapungkur mah sok aya kasebatna cenah mung pameget wungkul nu tiasa 
nyeleweng ka istri teh. Nanging jaman kiwari mah dalah seueur pisan 
istri-istri nu kagungan ceum-ceuman alias miara daun ngora. Naon 
atuh nu dipilari ku mantenna teh?

Tiasa janten nyolong bade sapertos kitu teh, alatan seueurna kaum 
istri nu tos malandiri, boh finansial, pandidikan, atanapi karir 
padamelanana. Marantena ngaraos reueus kagungan angkeuhan kagungan 
kawani pikeun salingkuh nyaruaan pameget. Maklum, kiwari seueur 
pameget nu kagungan karesep atanapi hobi nyolong bade ka istri. 
Sanaos mung saukur dipeuseulan ku bojo tatanggana.

Alesan sanes, seueur istri-istri nu kagungan pamadegan: "Mendingan 
ngalanjang batan kedah kawin mah. Henteu rarepot, sinareng asa 
langkung bebas lugina. Teu kedah nyadiakeun leueuteun caroge, 
tuangeun, sinareng padamelan sanesna di lebet rumah tangga. Oge moal 
nimbulkeun karudet hate. Kunaon make kudu kawin sagala?". 
Ngaleuyahna kaum istri nu jaromblo teh miturut sababaraha pamadegan 
mah taya sanes jalaran ayana jumlah istri nu langkung seueur batan 
pameget ("low sex ratio"). Naha hal kitu teh oge kalebet kalepatan 
pamarentahan SBY?

Tos lami sumembar di kalangan kaum pameget, cenah aya 
paripaos: "Upami hoyong tuang sate, kunaon make kudu miara embe?". 
Aya alesan sanesna saurna, nyolong bade intimna pameget ka istri 
saha wae oge, taya sanes  jalaran ku ayana kasapagodosan dina "key 
hole". Jalaran kitu, atuh posisi istri teh mung sakadar nyumponan 
kaperyogian kapuasan seks pihak pameget wungkul. Nya same we sareng 
icalan sate embe. 

Manghanjakalkeun, seueur caroge nu tacan ngartos saupami dina 
waktosna caroge hoyong sapatemon, pihak bojo tacan siap mayunan. Aya 
kalana sang caroge mah sok salamina aya dina kaayaan "ON"  
arang "OFF". Benten sareng istri nu teu salamina aya dina 
kaayaan "ON", sanaos mantena ge siap pakai. Kagamangan dina bahasa 
seks kitu, tiasa ngalantarankeun sang bojo ngaraos ribet asa 
dibeungbeuratan balok saupami nuju sapatemon sareng caroge.

Bawiraos kitu, salingkuh teh tiasa diibaratkeun katuangan basi. 
Sanaos dibungkus rapih ge, nanging ari bau haseumna mah pasti 
kaambeu, sapertos ambeuna bau tarasi. Ari bentena teh, saupami sang 
bojo nu kaperego salingkuh, sok enggal-enggal liren tina talajak 
kitu. Nanging ari ninggang di pameget mah benten deui, upami 
kaperego salingkuh teh sok teras we hoyong saterasna ngadua. Tetep 
nikah, atuh simpanan tetep kagungan.

Tinimbang sesah-sesah hoyong janten AFI atanapi Idola Indonesia mah 
mendingan we ngado'a "Hoyong janten Palacur". Saupami do'ana hoyong 
dikabul, usahakeun we enggal-enggal mundut tulung ka mang Ucup. 
Kintunkeun foto, jenengan lengkep sareng nomor HP na. Pasti do'na di 
kabul.

Aya sababaraha tanda nu nyirikeun ayana pasalingkuhan, diantawisna 
bae:
1.      Remen nampi SMS atanapi telepon ti jalmi nu sami lawan jenis;
2.      Sering mulih wengi kalayan taya alasan nu jelas;
3.      Ngadadak centil sareng resep ngarawat salira;
4.      Henteu bruk brak balaka perkawis artos kekengingan;
5.      Rasa deudeuh laki rabi ngawitan ngirangan;
6.      Sering murang-maring ambek-abekan kalayan teu jelas 
alesanana;
7.      Sok sering kaceplosan nyebat-nyebat jenengan jalmi sanes 
lawan jenis.

Mang Ucup
Email: [EMAIL PROTECTED]
Homepage: www.mangucup.net







------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke