Sagelo-gelona jelema asana moal aya nu ngadu'a hayang jadi pelacur. Teraskeun Mang Ucup ku seratan nu langkung mangpaat lah... ulah hilap ieu kisunda jadi pakemna kana upaya ngamulule sunda, budaya sunda. Mun topikna nu umum mah urang ngawadul di mediacare we lah, mamang oge member didinya lin? ~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, August 9, 2008 20:46:49 Subject: [kisunda] NUN GUSTI, MUGI KAWIDIAN ABDI JANTEN PELACUR Hasil panalungtikan DR Sukiat, psikolog & konselor pernikahan nu nyiptakeun istilah PIL sinareng WIL, nguningakeun rehna 70% ibu-ibu di Jakarta kiwari ngagaduhan PIL (Pria Idaman Lain) nu hartosna lalaki idaman sanes. Hartosna dua diantawis tilu para istri aya dina kaayaan salingkuh. Hal ieu benten sawaktos pajamanan Orde Baru dimana kecap atanapi istilah PIL teh mung dianggo dina per-KB-an wungkul. Teu ngandung hartos sanes. Naha ieu teh kalepatan pamarentahan SBY?, dugi ka kiwari seueur istri-istri nu salingkuh? Pikeun caroge nu mangpaurkeun bojona salingkuh, aya saena oge upamina bae dina waktos tepang warsih bojona, masihan kadona teh ku sarupaning korset tina beusi, nyaeta korset anti salingkuh. Maksadna mah paparabotan istri nu aya dina handapeun udel teh tiasa digembok pageuh sapertos jaman Romawi kuno kapungkur. Nyaeta ku lancingan nu didamelna tina beusi. Zaman harita mah disebatna "Pita Venus". Upami urang neuleuman hasil panalungtikan DR Sukiat tadi, kabuktosan geuningan henteu mung saukur pameget wungkul nu tos ngaraosan nikmatna salingkuh teh. Nanging istri oge nyakitu sami. Henteu lepat- lepat teuing saupami aya istri nu ngado'a kieu: "Nun Gusti mugia kawidian abdi janten palacur". Pangemut mantenna mah padamelan salingkuh teh geuning taya bentenna sareng ngalacurkeun diri. Maksad lacur teh taya sanes dalah pikeun milarian kipayah pakasaban nyeta artos. Dupi salingkuh mah taya sanes sakadar hoyong mendakan kanikmatan sahwat. Ari ageungna dosa mah nya sami-sami keneh wae. Saupamina bae Gusti ngabulkeun kana eta do'a istri nu hoyong janten palacur tea, tiasa janten mantenna mah kenging grasi pangampura. Margi hal eta tos ngarupikeun kabutuhan hirup, sami sareng kaperyogian tuang leueut. Alfred Kinsey,D.Sc. , panaliti seks nu tos moyan, ngebrehkeun pependakanana rehna 50% istri-istri di sakuliah dunya teu kantos ngalaman orgasme. Malahan aya istri nu nembe pisan ngaraoskeun nikmatna orgasme teh saparantos yuswana 60 tahun. Istilah orgasme urang Perancis mah nyebatna teh le petit mort, hartosna pupus aalitan (the little death). Kecap orgasme teh kawitna mah tina basa Yunani nu pihartoseunana teh mateng, bareuh, atanapi pinuh gairah. Upami ceuk basa Sangsekerta mah urg, nu hartosna kuat. Ngeunaan kahontalna kasugemaan seks, sering digambarkeun pikeun istri mah sapertos naik taraje, ari pameget mah sapertos tunggang lift (elevator) nu tangtos langkung enggal batan istri. Upami dina istilah dapur mah, pameget teh sapertos microwafe, ari istri sapertos hawu biasa, nu tangtos langkung lami panasna. Kukituna istri mah meryogikeun waktos nu rada lami batan pameget dina ngahontal tingkat kanikmatan orgasme. Kukituna lumrah upami mung 50% isri nu tiasa dugi ka orgasme. Sesahna istri ngahontal orgasme teh, teu tiasa ku dilajengkeun kana ngalakukeun masturbasi (onani). Benten sareng pameget, anjeunna mah tiasa ngalakukeun masturbasi iraha jeung dimana wae. Lazimna di hotel sawaktos nuju nyorangan tebih ka bojo. Timbulna katimburuan bojo kanu janten caroge, taya sanes alatan ayana nu nonjol handapeun udel sang caroge. Eta parabot teh pamohalan dipigaduh ku sang istri. Freud parantos netelakeun teorina rehna katimburuan istri kana eta barang nu nonjol teh salaku "penis entry". Kukituna, sanaos sanes polisi ge, ari pameget mah ngagaduhan pestol, naha nu disebat revolver atanapi saukur baretta, nu salamina siap tembak. Benten sareng istri, sanaos teu kagungan pestol ge, ari mantena mah tiasa "ON" teras, nanging henteu tiasa siap nembak. Pameget anu salingkuh kagungan kadudukan nu "langkung mulia" batan istri nu nyolowedor. Kitu pamadegan masyarakat umum. Kukituna wajar upami aya kajantenan tindakan kakerasan ka kaum istri, masyarakat mah tetep nyalahkeun istri bae. Lepat istri bongan sok ngagoda pameget. Kapungkur mah sok aya kasebatna cenah mung pameget wungkul nu tiasa nyeleweng ka istri teh. Nanging jaman kiwari mah dalah seueur pisan istri-istri nu kagungan ceum-ceuman alias miara daun ngora. Naon atuh nu dipilari ku mantenna teh? Tiasa janten nyolong bade sapertos kitu teh, alatan seueurna kaum istri nu tos malandiri, boh finansial, pandidikan, atanapi karir padamelanana. Marantena ngaraos reueus kagungan angkeuhan kagungan kawani pikeun salingkuh nyaruaan pameget. Maklum, kiwari seueur pameget nu kagungan karesep atanapi hobi nyolong bade ka istri. Sanaos mung saukur dipeuseulan ku bojo tatanggana. Alesan sanes, seueur istri-istri nu kagungan pamadegan: "Mendingan ngalanjang batan kedah kawin mah. Henteu rarepot, sinareng asa langkung bebas lugina. Teu kedah nyadiakeun leueuteun caroge, tuangeun, sinareng padamelan sanesna di lebet rumah tangga. Oge moal nimbulkeun karudet hate. Kunaon make kudu kawin sagala?". Ngaleuyahna kaum istri nu jaromblo teh miturut sababaraha pamadegan mah taya sanes jalaran ayana jumlah istri nu langkung seueur batan pameget ("low sex ratio"). Naha hal kitu teh oge kalebet kalepatan pamarentahan SBY? Tos lami sumembar di kalangan kaum pameget, cenah aya paripaos: "Upami hoyong tuang sate, kunaon make kudu miara embe?". Aya alesan sanesna saurna, nyolong bade intimna pameget ka istri saha wae oge, taya sanes jalaran ku ayana kasapagodosan dina "key hole". Jalaran kitu, atuh posisi istri teh mung sakadar nyumponan kaperyogian kapuasan seks pihak pameget wungkul. Nya same we sareng icalan sate embe. Manghanjakalkeun, seueur caroge nu tacan ngartos saupami dina waktosna caroge hoyong sapatemon, pihak bojo tacan siap mayunan. Aya kalana sang caroge mah sok salamina aya dina kaayaan "ON" arang "OFF". Benten sareng istri nu teu salamina aya dina kaayaan "ON", sanaos mantena ge siap pakai. Kagamangan dina bahasa seks kitu, tiasa ngalantarankeun sang bojo ngaraos ribet asa dibeungbeuratan balok saupami nuju sapatemon sareng caroge. Bawiraos kitu, salingkuh teh tiasa diibaratkeun katuangan basi. Sanaos dibungkus rapih ge, nanging ari bau haseumna mah pasti kaambeu, sapertos ambeuna bau tarasi. Ari bentena teh, saupami sang bojo nu kaperego salingkuh, sok enggal-enggal liren tina talajak kitu. Nanging ari ninggang di pameget mah benten deui, upami kaperego salingkuh teh sok teras we hoyong saterasna ngadua. Tetep nikah, atuh simpanan tetep kagungan. Tinimbang sesah-sesah hoyong janten AFI atanapi Idola Indonesia mah mendingan we ngado'a "Hoyong janten Palacur". Saupami do'ana hoyong dikabul, usahakeun we enggal-enggal mundut tulung ka mang Ucup. Kintunkeun foto, jenengan lengkep sareng nomor HP na. Pasti do'na di kabul. Aya sababaraha tanda nu nyirikeun ayana pasalingkuhan, diantawisna bae: 1. Remen nampi SMS atanapi telepon ti jalmi nu sami lawan jenis; 2. Sering mulih wengi kalayan taya alasan nu jelas; 3. Ngadadak centil sareng resep ngarawat salira; 4. Henteu bruk brak balaka perkawis artos kekengingan; 5. Rasa deudeuh laki rabi ngawitan ngirangan; 6. Sering murang-maring ambek-abekan kalayan teu jelas alesanana; 7. Sok sering kaceplosan nyebat-nyebat jenengan jalmi sanes lawan jenis. Mang Ucup Email: [EMAIL PROTECTED] com Homepage: www.mangucup. net Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
