Pribados ngiring bingah aya tambihan artikel kanggo wiki basa Sunda ti padumuk ieu lembur. Peryogi kauninga rehna rengking wiki Sunda turun ti nomer 65 sawatara sasih kapengker janten nomer 69 ayeuna. Kasusul ku basa Latvia, basa Piedmontese, basa Ido sareng basa Tamil; malah sakedik deui baris kasusul ku wikipedia basa Jawa. Hal ieu ku margi kontribusi artikel (format ensiklopedia) ti urang janten ngirangan. Padahal mah seueur pisan artikel anu masih sakedik (malah kosong) boh dina widang elmu eksaskta, sosial, teknologi atanapi widang sanesna. Sanes kitu juragan Kumi? Sakali deui salaku turunan US, nu hoyong basana nanjeur di Internet, abdi ngiring bingah kana sumbanganana kang Dedi sareng mh. Mangga nyanggakeun di http://su.wikipedia.org/wiki/Pamangfaatan_tanaga_nuklir Sakalian bade ngabewarakeun rehna kang Dudi Herlianto ge tos nyumbang (ieu mah nyerat ku anjeun kalayan id uaduq). Tah ieu artikelna: ttp://su.wikipedia.org/wiki/Ngokolakeun_runtah
Mangga dikantun, bade ngadepong deui. --- On Tue, 8/12/08, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: mh <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] NUKLIR keur WIKIPEDIA ==> Fwd: Re: basa Sunda... basa ilmiah? To: "kisunda" <[email protected]> Date: Tuesday, August 12, 2008, 3:55 AM Juragan Kumi, jeung balad Wikipedia sejenna. Ieu aya balad anyar yeuh, Kang Dedi ahli nuklir ti Batan. Si Kang Dedi teh nu jadi pangawas pemanfaatan Nuklir pikeun maksud damai nu tugas di Jakarta. Anjeunna seja ulubiung mitembeyan wacana ieu tea, "Migunakeun basa Sunda dina widang Sains jeung Teknologi". Sugan we Kang Dedi bisa ngarekrut balad-balad sejenna. Wilujeng gabung Kang Dedi. Salam, mh ---------- Forwarded message ---------- From: Dedi Sunaryadi <d.sunaryadi@ bapeten.go. id> Date: Tue, Aug 12, 2008 at 8:53 AM Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: basa Sunda... basa ilmiah? To: mh <[EMAIL PROTECTED] com> Assalamualaikum, Kang, ieu, terlampir terjemahan nuklir teh nyobian dipidamel, rada sesah geuning, seueur kosa kata nu teu acan aya dina basa sunda. Punten bae ku akang edit heula. Bilih aya nu kirang jelas atanapi kirang merenah sistimatikana. Wasalam Dedi > Waalaikumsalam, > > Hehehe, muhun sim kuring mah Asgar. Garutna mah ti Leuwigoong. > Kaleresan kirang apal tah ka Kang Muchlis mah. Upami sareng Ajengan > Thontowi mah, ti Pasantren Luhur Musadadiyah, kantos tepang. Ajengan > "antik" kamana-mana ge ngenggo iket, hehehe. > > Mangga Kang ulem we sakur rerencangan di lingkungan saintis, kanggo > ngaleukeunan nyerat widang ilmiah dina basa Sunda. Ari ngimpina mah > hoyong dugi ka tiasa ngadamel Jurnal Ilmiah basa Sunda. Nu ngeusianana > nya para voluntir we, dina widang masing-masing. > > salam, > mh > > On Fri, Aug 8, 2008 at 2:25 PM, Dedi Sunaryadi > <d.sunaryadi@ bapeten.go. id> wrote: >> Assalamualaikum, >> >> Euleuh kang Hasan teh gening ti Garut, dimana Garutna? Abdi gaduh sobat, >> DR Muchlis Badruzzaman di Pasantren Biru Ds Mekargalih Tarogong Kidul. >> Kantos lami abdi di eta pasantren teh, sanes nyantri, tapi mantuan >> ngadegkeun sakola SMK Kimia, da anjeunna doktor Kimia atuh seueur >> sobatna. >> Nah sugan bae aya patula patalina sasami urang Garut janten tiasa >> ngiringan ngobrol sanes dina widang nuklir bae tapi oge kimia anu >> kaditunakeunnana kimia nuklir garut pangirutan tea hehehe. Perkawis >> tulisan, insyaalloh bade diterjemahkeun heula ka basa sunda. Hatur nuhun >> kana pangulemanana dina situs kisunda. >> >> Wasalam >> >> Dedi >> >>> Waalikumsalam >>> >>> Hatur nuhun Kang Dedi kana perhatosanana. Nepangkeun oge, sim kuring >>> nami mah pun Hasan, kawit ti Garut, ari damel mah janten staf akademik >>> di Borneo. >>> >>> Eta jejer wacana "Basa Sunda, Basa Ilmiah" maksadna mah taya sanes, >>> rehna upami ditengetan dugi ka kiwari, asa masih kirang pisan seratan >>> tina Basa Sunda nu ngabahas perkara sains sareng teknologi. Kukituna >>> salah sahiji tarekah kanggo mulasarana, taya sanes ngagero para >>> paraktisi, saintis, akademisi sareng nu sanesna pikeun ngaluangkeun >>> waktos nyerat artikel dina widang masing-masing migunakeun basa Sunda. >>> Apan kiwari mah kanggo publikasi supaya seratan dugi ka pembaca, aya >>> Internet. >>> >>> Mangga Kang diantos seratan perkawis nuklir-na, kanggo informasi, >>> upama akang nyerat perkara ieu tiasa ngeuyeuban eusi Wikipedia edisi >>> basa Sunda. Aya saena upama akang gabung ngariung kana forum diskusi >>> Ki Sunda ([EMAIL PROTECTED] .com), ke ku abdi di ulem. >>> >>> salam, >>> mh >>> >>> On Thu, Aug 7, 2008 at 8:40 PM, Dedi Sunaryadi >>> <d.sunaryadi@ bapeten.go. id> wrote: >>>> Assalamualaikum. . >>>> >>>> >>>> >>>> Nepangkeun, pribados nami Dedi Sunaryadi urang Bandung damel di Badan >>>> Pengawas Tenaga Nuklir Jakarta, katarik tulisan Nuklir Akang "basa >>>> Sunda... >>>> basa ilmiah?" Abdi tiasa ngiringan insyaalloh nulis" Nuklir kangge >>>> maksud >>>> damai" Di kantor, pribados ngawaskeun nu ngagunakeun Tenaga Nuklir >>>> kanggo >>>> maksud damai di Indonesia, kanggo kesehatan, penelitian, industri >>>> sareng >>>> energi, aya kirang langkung 3000 pengguna bidang kesehatan, 50 >>>> penelitian >>>> sareng 500 Industri, energi listrik (dina waktos caket di pidamel). >>>> Upami >>>> akang katarik tiasa urang ngobrol langkung taliti, da geuning urang >>>> sunda >>>> salian ti abdi aya nu icikibung dina bidang pernukliran. Mangga sakieu >>>> heula >>>> ti abdi, haputen sateuacanna. >>>> >>>> >>>> >>>> Wasalamualaikum. . >>>> >>>> >>>> >>>> Dedi >>>> >>>> >>> >> >> >> >> ------------ --------- --------- --------- --------- --------- >> This e-mail has been scanned by bapeten.go.id security system. >> http://www.bapeten. go.id >> >> > ------------ --------- --------- --------- --------- --------- This e-mail has been scanned by bapeten.go.id security system. http://www.bapeten. go.id
