Saneeessss.... heuheu

Ngahaturkeun nuhun ka Kang Dedi, diantos seratan2 salajengna...
Oge MH, sanajan teu ancrub wae (heuheu...), nuhun tos janten rawayan pikeun
aubna kontributor2 sejenna.

Sok ah, breng...

On Wed, Aug 13, 2008 at 9:08 AM, Aschev Schuraschev wrote:

>   Pribados ngiring bingah aya tambihan artikel kanggo wiki basa Sunda ti
> padumuk ieu lembur. Peryogi kauninga rehna rengking wiki Sunda turun ti
> nomer 65 sawatara sasih kapengker janten nomer 69 ayeuna. Kasusul ku basa
> Latvia, basa Piedmontese, basa Ido sareng basa Tamil; malah sakedik deui
> baris kasusul ku wikipedia basa Jawa. Hal ieu ku margi kontribusi artikel
> (format ensiklopedia) ti urang janten ngirangan. Padahal mah seueur pisan
> artikel anu masih sakedik (malah kosong) boh dina widang elmu eksaskta,
> sosial, teknologi atanapi widang sanesna. Sanes kitu juragan Kumi?
>
> Sakali deui salaku turunan US, nu hoyong basana nanjeur di Internet, abdi
> ngiring bingah kana sumbanganana kang Dedi sareng mh. Mangga nyanggakeun di
> http://su.wikipedia.org/wiki/Pamangfaatan_tanaga_nuklir
>
> Sakalian bade ngabewarakeun rehna kang Dudi Herlianto ge tos nyumbang (ieu
> mah nyerat ku anjeun kalayan id uaduq). Tah ieu artikelna:
> ttp://su.wikipedia.org/wiki/Ngokolakeun_runtah<http://su.wikipedia.org/wiki/Ngokolakeun_runtah>
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke