apan saurna Jig geura narindak, tapi ulah ngalieuk ka tukang?
ieu urang pada ngalieuk ka tukang...
ngalieuk ka tukang ieu...teu salah teu bener...teu salah...mun dianggo
ngaluruskeun...
informasi sajarah (sajajar jeung sa arah)...anu henteu
tepat...informasi...anu salah boh sangaja boh disangaja...anu muncul dina
media...media eta saha anu boga? naha aya kapentingan naon bet
sajarah dipengkolkeun...boh sangaja boh teu sangajana ?
urang bebenerkeun...sajarah...luruskeun...sajarah...prak balakakeun
sajarah...sakumaha ayana...
asana teu kedah hariwang...sabab hakekat kanyataan teu bisa direkayasa ku
kahayang ayana kapentingan manusa...sabab nu bogana pan anu Maha Kawasa...
sangkan teu nyiar kabingung ka palawargi sadaya, khusus nu aya di tatar
sunda...




On Wed, Aug 20, 2008 at 9:57 AM, Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]
> wrote:

>    Pas soal ieu ...asa beuki ngarahul Kang Nong
> sakanyaho kuring ... Sri Baduga = Jaya dewata
> Nu hianat = Ki Jongjo = pasukan Nusya Mulya
> Nusya Mulya = Incuna ti incu Jaya Dewata
> Satria hideung = pasukan Banten = pasukan Incuna Sunan Gunung Jati =
> pasukan ti incuna incu Sri Baduga
>
> cag ...
>
>
> On Tue, Aug 19, 2008 at 7:05 PM, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>      Kunaon Pajajaran Leungit ?
>>
>>
>>
>>    - Penghianatan ti jero istana,kalakuan Satria Hideung,leuwih ngora ti
>>    Sri Baduga Maharaja,anak bibina…,lalim,mawa pasukan
>>    rorokidul,siluman-siluman jabrig saawak-awak,bentrok maung jeung pasukan
>>    rupa-rupa bentukna. Pajajaran luhur gunung,dihandapna dikuriling
>>    sawah-sawah,maung-maung diposisi sawah-sawah,dayeuh geus dikepung,luareun
>>    sawah-sawah,euweuh jalan kaluar. Pasukan musuh mawa siluman-siluman.
>>    Dibantuan rorokidul,dayeuh dikepung, Bakal loba korban,Sri Baduga Maharaja
>>    jeung nu tetep satia ngaraleungit,kabur ka kidul,malipir gunung,ngajauhan
>>    dayeuh.
>>
>>
>>
>>    - Dayeuh paburisat,rahayat kalabur,nu nyesa pasukan Satria
>>    Hideung,kabingungan,dayeuh ngemplong euweuh eusian. Musuh ngabagi,ngudag 
>> ka
>>    lima jalan,dayeuh molongpong,Ki Santang nutup ku halimunan,jadi leuweung
>>    geledegan. Musuh paburisat beuki teu ngartieun. Ngarumpul di hiji tempat
>>    luareun dayeuh nu nepi ka ayeuna pinuh ku siluman,nungguan mangsa muka
>>    halimunan. Ayeuna eta tempat jadi tempat pamujaan,jang nyegik,melet jeung
>>    sajabana. Nu ku aranjeun dideukeutan kamari bari leumpang opatan. Curug
>>    tujuh..
>>
>>
>>
>>    - Ti semet eta Ki Santang ngarasa dinyerikeun Nyi Dewi,pangawasa laut
>>    kidul.. Nu ayeuna beuki ngarajalela,ngawut-ngawut akidah manusa. Dayeuh
>>    tetep dikepung. Nu ngadeukeutan atawa boga niat napak tilas ka dayeuh 
>> bakal
>>    digoda,dipengkolkeun ka tempat muja. Siluman-siluman disebar neangan nu 
>> bisa
>>    muka dayeuh. Can kapanggih. Eta nu dipikahariwang Ki Santang. Kunaon bet
>>    titah bias nyumput dinu caang. Can kuat ngalayanana,moal bisa ngalawan
>>    siluman-siluman eta ngan ku opatan,komo bari teu yakin mah. Matak cilaka.
>>    Ulah nanyakeun ka Ki Santang kunaon can muka. Tingali ka aranjeun
>>    opatan,tingali diri,can siap anjeun,loba kasieun,teu wani. Padahal geus
>>    waktuna,kudu pageuh pacekel-cekel leungeun. Anjeun teu nyaho naon nu bakal
>>    disanghareupan engkena. Siluman. Nu kungsi ngancurkeun Pajajaran. Ulah
>>    nyalahkeun guru kuring. Anggur giatkeun diri,meungpeung aya keneh umur. 
>> Sing
>>    boga tapak nu mulia jang balarea saencan aranjeun tilar dunya.
>>
>>
>>
> 
>

Kirim email ke