Pami kang fredy beuki lieur, abdi mah beuki ganas

At 09:10 PM 8/20/2008, you wrote:

tos teu kiat uing mah agan beuki lieur,


2008/8/20 ika sukma <<mailto:[EMAIL PROTECTED]>[EMAIL PROTECTED]>

apan saurna Jig geura narindak, tapi ulah ngalieuk ka tukang?
ieu urang pada ngalieuk ka tukang...
ngalieuk ka tukang ieu...teu salah teu bener...teu salah...mun dianggo ngaluruskeun... informasi sajarah (sajajar jeung sa arah)...anu henteu tepat...informasi...anu salah boh sangaja boh disangaja...anu muncul dina media...media eta saha anu boga? naha aya kapentingan naon bet
sajarah dipengkolkeun...boh sangaja boh teu sangajana ?
urang bebenerkeun...sajarah...luruskeun...sajarah...prak balakakeun sajarah...sakumaha ayana... asana teu kedah hariwang...sabab hakekat kanyataan teu bisa direkayasa ku kahayang ayana kapentingan manusa...sabab nu bogana pan anu Maha Kawasa... sangkan teu nyiar kabingung ka palawargi sadaya, khusus nu aya di tatar sunda...




On Wed, Aug 20, 2008 at 9:57 AM, Kang Iman <<mailto:[EMAIL PROTECTED]>[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Pas soal ieu ...asa beuki ngarahul Kang Nong
sakanyaho kuring ... Sri Baduga = Jaya dewata
Nu hianat = Ki Jongjo = pasukan Nusya Mulya
Nusya Mulya = Incuna ti incu Jaya Dewata
Satria hideung = pasukan Banten = pasukan Incuna Sunan Gunung Jati = pasukan ti incuna incu Sri Baduga

cag ...



On Tue, Aug 19, 2008 at 7:05 PM, Nong Gerak <<mailto:[EMAIL PROTECTED]>[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kunaon Pajajaran Leungit ?


Penghianatan ti jero istana,kalakuan Satria Hideung,leuwih ngora ti Sri Baduga Maharaja,anak bibina…,lalim,mawa pasukan rorokidul,siluman-siluman jabrig saawak-awak,bentrok maung jeung pasukan rupa-rupa bentukna. Pajajaran luhur gunung,dihandapna dikuriling sawah-sawah,maung-maung diposisi sawah-sawah,dayeuh geus dikepung,luareun sawah-sawah,euweuh jalan kaluar. Pasukan musuh mawa siluman-siluman. Dibantuan rorokidul,dayeuh dikepung, Bakal loba korban,Sri Baduga Maharaja jeung nu tetep satia ngaraleungit,kabur ka kidul,malipir gunung,ngajauhan dayeuh.

Dayeuh paburisat,rahayat kalabur,nu nyesa pasukan Satria Hideung,kabingungan,dayeuh ngemplong euweuh eusian. Musuh ngabagi,ngudag ka lima jalan,dayeuh molongpong,Ki Santang nutup ku halimunan,jadi leuweung geledegan. Musuh paburisat beuki teu ngartieun. Ngarumpul di hiji tempat luareun dayeuh nu nepi ka ayeuna pinuh ku siluman,nungguan mangsa muka halimunan. Ayeuna eta tempat jadi tempat pamujaan,jang nyegik,melet jeung sajabana. Nu ku aranjeun dideukeutan kamari bari leumpang opatan. Curug tujuh..

Ti semet eta Ki Santang ngarasa dinyerikeun Nyi Dewi,pangawasa laut kidul.. Nu ayeuna beuki ngarajalela,ngawut-ngawut akidah manusa. Dayeuh tetep dikepung. Nu ngadeukeutan atawa boga niat napak tilas ka dayeuh bakal digoda,dipengkolkeun ka tempat muja. Siluman-siluman disebar neangan nu bisa muka dayeuh. Can kapanggih. Eta nu dipikahariwang Ki Santang. Kunaon bet titah bias nyumput dinu caang. Can kuat ngalayanana,moal bisa ngalawan siluman-siluman eta ngan ku opatan,komo bari teu yakin mah. Matak cilaka. Ulah nanyakeun ka Ki Santang kunaon can muka. Tingali ka aranjeun opatan,tingali diri,can siap anjeun,loba kasieun,teu wani. Padahal geus waktuna,kudu pageuh pacekel-cekel leungeun. Anjeun teu nyaho naon nu bakal disanghareupan engkena. Siluman. Nu kungsi ngancurkeun Pajajaran. Ulah nyalahkeun guru kuring. Anggur giatkeun diri,meungpeung aya keneh umur. Sing boga tapak nu mulia jang balarea saencan aranjeun tilar dunya.





--
<http://six4sep.co.cc>http://six4sep.co.cc



__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur – Malaysia
Tel:  60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:[EMAIL PROTECTED]


Kirim email ke