Nambihan sakedik, bakat ku reueus Mh ngirim peperenian ngeunaan hiji
tokoh gede.Teu rek kitu kumaha, anu deukeut ieu mah, eta  lapangan
udara di Jatim wae ngaabadikeun aran anjeunna: Ir. H. Djuanda.

Dina bukuna, "Otista, The Untold Stories", kang Iip - wartawan anu
nulis eta buku - ngajelaskeun yen gade pakaitna antara Djuanda jeung
Otista, minimal dina tataran neruskeun cita-cita nasionalisme anu
ngakar ti Otista. Ceuk eta buku: Djuanda teh muridna Otista. Lamun
dibasakeun deui, kl, Djuanda teh salah saurang diantara saeutik anu
paham kana roh nasionalisme-na Otista.

Laju, taun 1997-an si kuring papanggih jeung hiji sepuh anu milu
nyaksian potongan gede tina sajarah ngadegna Golkar. Inyana alumni
hiji paguron luhur taun 50-an anu ngasaan diajar model pangajaran
Pancasila teh langsung ti para perumusna (diantarana Prof. Usep, jst).
Saur anjeunna, Golkar, gagasan Djuanda, tujuanana lain keur jadi
partai atawa lain keur ngarebut kakawasaan, tapi keur ngajadikeun
bangsa Indonesia museur kana prestasi dina ngawangun bangsana. Golkar
diadegkeun keur nyaimbangkeun partai-partai politik ngan jadi 2 partai
wae (nasionalisme jeung agama), bari ngarojong orde prestasi (dina
istilah ti anjeunna, sakumaha usulan program keur SBY nalika karek
diangkat jadi Presidxen, persis kitu judulna, "Orde Prestasi", tapi
anu jadinya kalahka "Orde Gotong Royong"). Hanjakal, ku anu sok
dikakacamata hideung, bari tangtu wae sutradarana mah moal bireuk
deui, Golkar teh disalenggorkeun jadi partei politik anu ...sadayana
tos pada uninga.

Ngan, ayeuna, keun wae nu enggeus mah da enggeus. Sugan wae mimiti
loba wacana anu ngarorehan tokoh model Djuanda atawa Otista teh
kulantaran geus meunang pangajaran yen salila ieu memang urang geus
salah ngurus ieu nagara teh. Indonesia, lamun komputer tea mah, geus
rusak atawa geus misalah nepi ka platform2na atawa motherboard2na
(bandungan ayeuna-ayeuna ieu pangakuan2 anggota dpr yen inyana memang
nampa duit supa, jst). Ngan sabagean leutik platform anu masih keneh
aya fungsina. Sakitu kaayanana, nepi ka sok sanajan Indonesia taneuhna
subur, kakayaan alamna lubak-libuk, loba urang Indonesia anu
prestasina luhur, palinter jeung jalujur, tapi kusabab platformna geus
nyanggereng, nya wayahna rada lila ngahadeanana.

Mangsa ieu, bangsa Indonesia - lamun dijieun hiji mimisalan mah-
kacida merlukeunana hiji "dokter" anu ngarti kumaha carana ngobatan
hiji pasen kalayan teu matak loba teuing baloboran kaluar getih ti eta
pasen; atawa ahli komputer anu bisa ngahadean platform komputer
kalawan teu kudu gede teuing biayana. Aya kitu? Pamugi wae atuh.

manAR





2008/8/21 Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>:
> Nambihan nya:
> 1. Kartawidjaja bapana Djuanda teh Asgar, guru, pas dines di Tasik
> nya Djuanda lahir.
>
> 2. Ir. H. Djuanda Kartawidjaja konseptor kelautan NKRI, Prof. DR. Muchtar
> Kusumaatmadja SH LLM nu mengaplikasikeun konsep nepi ka aya Zone Ekonomi
> Ekslusif.
> Duanana urang sunda VISIONER!!!
>
> 3. Jarang nulis lengkep Ir H. Djuanda Kartawidjaja, Kartawidjaja na tara
> ditarulis. Keur mah bandara aya di wetan jeung deukeut jeung Bah Kusno jadi
> geus loba nu nyangka Ir. H. Djuanda teh urang wetan. Ti ayeuna urang
> biasakeun nyerat lengkep ngangge Kartawidjaja.
> (Sa genk jeung ambu Kartakusuma, Tirtawidjaja .........urang priangan nu
> mataraman he..he....)
>  JP
>
>
> ----- Original Message ----
> From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
> To: kisunda <[email protected]>; [EMAIL PROTECTED];
> [EMAIL PROTECTED]
> Sent: Thursday, August 21, 2008 1:26:17
> Subject: [kisunda] Re: Visi DJUANDA?
>
> Djuanda Kartawidjaja
>
> Ir. R. Djuanda Kartawidjaja (Tasikmalaya, Jawa Barat, 14 Januari
> 1911–Jakarta, 7 November 1963) adalah Perdana Menteri Indonesia ke-11
> sekaligus yang terakhir. Ia menjabat dari 9 April 1957 hingga 9 Juli
> 1959. Setelah itu ia menjabat sebagai Menteri Keuangan dalam Kabinet
> Kerja I.
>
> Sumbangannya yang terbesar dalam masa jabatannya adalah Deklarasi
> Djuanda tahun 1957 yang menyatakan bahwa laut Indonesia adalah
> termasuk laut sekitar, di antara dan di dalam kepulauan Indonesia
> menjadi satu kesatuan wilayah NKRI.
>
> Selain itu namanya juga diabadikan sebagai nama lapangan terbang di
> Surabaya, Jawa Timur yaitu Bandara Djuanda karena jasanya dalam
> memperjuangkan pembangunan lapangan terbang tersebut sehingga dapat
> terlaksana.
>
> Beliau dimakamkan di TMP Kalibata, Jakarta.
>
> Citation: http://id.wikipedia.org/wiki/Djuanda_Kartawidjaja
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
> ________________________________
> Get your preferred Email name!
> Now you can @ymail.com and @rocketmail.com.
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke