Hatur nuhun Kang MH anu posting ieu jejer. Ir, Djuanda anu Agung, urang sunda anu teu dipikawanoh ku urang sunda, urang sunda anu diaku ku seler sejen, ka harep kudu aya gerakan reueus ka kakaruhun contona Ir. Djuanda ieu, lain ka karuhun anu saukur aya dina mitologi bae, anu ieu mah lebih real.
Muga-muga kahareup loba urang sunda anu, neruskeun tapak Anjeunna. Amiin. wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Thursday, August 21, 2008 7:30 PM Subject: Re: [kisunda] Re: Visi DJUANDA? nuhun kang tambahan infona. puguh kagiridig ku artikel ti radio walanda,nu ngabahas bah djuanda. geuning dikorekan mah ting gorehel urang sunda berprestasi teh. enya baheula jaman sakola, ngan sauted asana nungabahas bah djuanda teh. nu matak kiwari, internet bisa jadi media alternatif pikeun mikawanoh para inohong di tatar sunda. salam, mh On Thu, Aug 21, 2008 at 6:14 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Nambihan sakedik, bakat ku reueus Mh ngirim peperenian ngeunaan hiji > tokoh gede.Teu rek kitu kumaha, anu deukeut ieu mah, eta lapangan > udara di Jatim wae ngaabadikeun aran anjeunna: Ir. H. Djuanda. > > Dina bukuna, "Otista, The Untold Stories", kang Iip - wartawan anu > nulis eta buku - ngajelaskeun yen gade pakaitna antara Djuanda jeung > Otista, minimal dina tataran neruskeun cita-cita nasionalisme anu > ngakar ti Otista. Ceuk eta buku: Djuanda teh muridna Otista. Lamun > dibasakeun deui, kl, Djuanda teh salah saurang diantara saeutik anu > paham kana roh nasionalisme-na Otista. > > Laju, taun 1997-an si kuring papanggih jeung hiji sepuh anu milu > nyaksian potongan gede tina sajarah ngadegna Golkar. Inyana alumni > hiji paguron luhur taun 50-an anu ngasaan diajar model pangajaran > Pancasila teh langsung ti para perumusna (diantarana Prof. Usep, jst). > Saur anjeunna, Golkar, gagasan Djuanda, tujuanana lain keur jadi > partai atawa lain keur ngarebut kakawasaan, tapi keur ngajadikeun > bangsa Indonesia museur kana prestasi dina ngawangun bangsana. Golkar > diadegkeun keur nyaimbangkeun partai-partai politik ngan jadi 2 partai > wae (nasionalisme jeung agama), bari ngarojong orde prestasi (dina > istilah ti anjeunna, sakumaha usulan program keur SBY nalika karek > diangkat jadi Presidxen, persis kitu judulna, "Orde Prestasi", tapi > anu jadinya kalahka "Orde Gotong Royong"). Hanjakal, ku anu sok > dikakacamata hideung, bari tangtu wae sutradarana mah moal bireuk > deui, Golkar teh disalenggorkeun jadi partei politik anu ...sadayana > tos pada uninga. > > Ngan, ayeuna, keun wae nu enggeus mah da enggeus. Sugan wae mimiti > loba wacana anu ngarorehan tokoh model Djuanda atawa Otista teh > kulantaran geus meunang pangajaran yen salila ieu memang urang geus > salah ngurus ieu nagara teh. Indonesia, lamun komputer tea mah, geus > rusak atawa geus misalah nepi ka platform2na atawa motherboard2na > (bandungan ayeuna-ayeuna ieu pangakuan2 anggota dpr yen inyana memang > nampa duit supa, jst). Ngan sabagean leutik platform anu masih keneh > aya fungsina. Sakitu kaayanana, nepi ka sok sanajan Indonesia taneuhna > subur, kakayaan alamna lubak-libuk, loba urang Indonesia anu > prestasina luhur, palinter jeung jalujur, tapi kusabab platformna geus > nyanggereng, nya wayahna rada lila ngahadeanana. > > Mangsa ieu, bangsa Indonesia - lamun dijieun hiji mimisalan mah- > kacida merlukeunana hiji "dokter" anu ngarti kumaha carana ngobatan > hiji pasen kalayan teu matak loba teuing baloboran kaluar getih ti eta > pasen; atawa ahli komputer anu bisa ngahadean platform komputer > kalawan teu kudu gede teuing biayana. Aya kitu? Pamugi wae atuh. > > manAR > > > > > > 2008/8/21 Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>: >> Nambihan nya: >> 1. Kartawidjaja bapana Djuanda teh Asgar, guru, pas dines di Tasik >> nya Djuanda lahir. >> >> 2. Ir. H. Djuanda Kartawidjaja konseptor kelautan NKRI, Prof. DR. Muchtar >> Kusumaatmadja SH LLM nu mengaplikasikeun konsep nepi ka aya Zone Ekonomi >> Ekslusif. >> Duanana urang sunda VISIONER!!! >> >> 3. Jarang nulis lengkep Ir H. Djuanda Kartawidjaja, Kartawidjaja na tara >> ditarulis. Keur mah bandara aya di wetan jeung deukeut jeung Bah Kusno >> jadi >> geus loba nu nyangka Ir. H. Djuanda teh urang wetan. Ti ayeuna urang >> biasakeun nyerat lengkep ngangge Kartawidjaja. >> (Sa genk jeung ambu Kartakusuma, Tirtawidjaja .........urang priangan nu >> mataraman he..he....) >> JP >> >> >> ----- Original Message ---- >> From: mh <[EMAIL PROTECTED]> >> To: kisunda <[email protected]>; [EMAIL PROTECTED]; >> [EMAIL PROTECTED] >> Sent: Thursday, August 21, 2008 1:26:17 >> Subject: [kisunda] Re: Visi DJUANDA? >> >> Djuanda Kartawidjaja >> >> Ir. R. Djuanda Kartawidjaja (Tasikmalaya, Jawa Barat, 14 Januari >> 1911–Jakarta, 7 November 1963) adalah Perdana Menteri Indonesia ke-11 >> sekaligus yang terakhir. Ia menjabat dari 9 April 1957 hingga 9 Juli >> 1959. Setelah itu ia menjabat sebagai Menteri Keuangan dalam Kabinet >> Kerja I. >> >> Sumbangannya yang terbesar dalam masa jabatannya adalah Deklarasi >> Djuanda tahun 1957 yang menyatakan bahwa laut Indonesia adalah >> termasuk laut sekitar, di antara dan di dalam kepulauan Indonesia >> menjadi satu kesatuan wilayah NKRI. >> >> Selain itu namanya juga diabadikan sebagai nama lapangan terbang di >> Surabaya, Jawa Timur yaitu Bandara Djuanda karena jasanya dalam >> memperjuangkan pembangunan lapangan terbang tersebut sehingga dapat >> terlaksana. >> >> Beliau dimakamkan di TMP Kalibata, Jakarta. >> >> Citation: http://id.wikipedia.org/wiki/Djuanda_Kartawidjaja >> >> ------------------------------------ >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> >> ________________________________ >> Get your preferred Email name! >> Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. >> >> > > ------------------------------------ > > Yahoo! Groups Links > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
