Leres Mh, "Reumis Beureum dina Eurih" jeung "Kembang Tanjung
Panineungan" rumpakana kenging kang Wahyu Wibisana, sanggian kawih ku
Mang Koko. Kawih sejen ti mang Koko anu rumpakana ku kang Wahyu
Wibisana diantarana: "Malati di Gunung Guntur" jeung "Anggrek Japati"
.Harita mang Koko mindeng pisan ngayakeun kolaborasi sareng seniman
(sastrawan) sanesna. Lian ti sareng kang Wahyu diantaran sareng RAF
alm sakumaha dina kawih "Hamdan", "Bulan Mayung di Langit Bandung",
jst.
Kanggo kang Firman
Ngiring bingah sareng sambung du'a wae, pamugi acarana
lungsur-langsar, jamuga sakumaha paniatan. Amin.
manAR
On Fri, Aug 22, 2008 at 7:56 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> On Thu, Aug 21, 2008 at 10:47 PM, ilen kardani
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> Ceuk cenah, baheula di Cipari, hareupeun Masjid Asy-Syuro teh tempat
>> ajengan
>> Yusuf Taujiri mingpin pasukan DI/TII padu hareupan jeung TNI. Hanjelu
>> pikir
>> ari ras kana eta kajadian, urang Sunda padu hareupan jeung Urang Sunda
>> deui
>> pedah 'tutumpakan' teu sarua, kahayang teh keun we atuh tutumpakan teu
>> sarua
>> oge, da nu numpakna ma sarua keneh urang Sunda, ulah jadi pacogregan,
>> pabentar paham nepi ka mesat gobang sewang-sewangan. Urang Sunda keneh we
>> nu
>> rugi mah, kabawa ku pamingpin anu duanana oge urang wetan. Ku Mang Koko
>> diabadikeun tina lagu 'Kembang Tanjung Panineungan" sareng "Reumis Beureum
>> dina Eurih" nu ngagambarkeun palastra na urang sunda ngepung pager bitis,
>> maseuhan ibun janari ku getihna jadi 'reumis beureum'.
>>
>
> Kang ceuk beja, cenah rumpaka "Reumis Beureum dina Eurih" sareng
> "Kembang Tanjung Panineungan" rumpakana teh kenging Bah Wahyu
> Wibisana, sisanggi jadi kawih ku Mang Koko.
>
> salam,
> mh
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/