Aya bahan atuh "KARDANI" oge menghebohkan dunia......geer euy
At 11:42 AM 8/22/2008, you wrote:

baruk eta teh dua tutumpakan ?
he he pamingpin na teh sami aya mengandung KAR
tapi da anu penting mah apal ka DI sareng ka RI
janten apal kana diri-na

tah eta nami anu ngandung KAR dina asmana kabuktosan "menghebohkan" dunia
upami aya anu teu sapagodos dina tinjauan panalungtikan
nya nyuhungkeun di hapunten..
da karesep abdi mah nalungtik anu teu ditalungtik batur

baktos,



On Thu, Aug 21, 2008 at 9:47 PM, ilen kardani <<mailto:[EMAIL PROTECTED]>[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kang Firman,

Hatur nuhun pangangkirna, asa waas nyawang cipari kapungkur, duka kaayeunakeun mah siga kumaha. Kapungkur mah sawahna meni ngeplak koneng, caina herang ngagenyas, ting kocepat lauk emas bibitna di balong mang Lukman anu kungsi dianjangan. Beu, asa hayang ngabelenyeng we ka ditu ayeuna keneh. Sok betah ari nganjang ka baraya di dinya, maklum sikep urang Sunda tea anu someah kasemah, tara ngejat sila sanajan dibawa ngabungbang.

Ceuk cenah, baheula di Cipari, hareupeun Masjid Asy-Syuro teh tempat ajengan Yusuf Taujiri mingpin pasukan DI/TII padu hareupan jeung TNI. Hanjelu pikir ari ras kana eta kajadian, urang Sunda padu hareupan jeung Urang Sunda deui pedah 'tutumpakan' teu sarua, kahayang teh keun we atuh tutumpakan teu sarua oge, da nu numpakna ma sarua keneh urang Sunda, ulah jadi pacogregan, pabentar paham nepi ka mesat gobang sewang-sewangan. Urang Sunda keneh we nu rugi mah, kabawa ku pamingpin anu duanana oge urang wetan. Ku Mang Koko diabadikeun tina lagu 'Kembang Tanjung Panineungan" sareng "Reumis Beureum dina Eurih" nu ngagambarkeun palastra na urang sunda ngepung pager bitis, maseuhan ibun janari ku getihna jadi 'reumis beureum'.

Didunagkeun ti katebihan pamugi acarana sing sukses.



At 10:04 AM 8/21/2008, Firman Juliansyah wrote:

Ka palawargi nu mikacinta kasundaan, anu palay uninga lingkungan Cipari, Garut, mangga diantos kaping 24 Agustus 2008. Di wewengkon Pasantren Cipari, Kacamatan Pangatikan (sateacan pemekaran, Wanaraja), Garut. Kaleresan dina dinten eta teh, pun adi istri bade walimahan jatukrami.

Mangga pilarian di Google atanapi <mailto:[EMAIL PROTECTED]>[EMAIL PROTECTED] perkawis Masjid Asy-Syuro (masjid berarsitektur art deco/mirip gereja), DI/TII, peran ulama/pesantren dalam pergerakan. Insya Allah, pami teu aya wagelan, aranjeun tiasa ninggalan sakuliah lembur tatangga ti munara masjid. Sakantenan tiasa maparin pidua kanu jatukrami.

Upami aya rencana, panuhun upami tiasa ngawartosan heula ka hp simkuring. Cekap sms jenengan, sabaraha urang, sareng jam sabaraha diancokeun sumpingna. Ulah hilap nyandak kamera kanggo ngabadikeun momen sareng endahna alam sapertos dina tembang seungit angin priangan.....

Mugia simkuring tiasa ngabageakeun sanaos bakal rada kawagel ku kasibu panata calagara. Mangga anggap we di lembur salira....


Sakantenan sim kuring seja nyanggakeun hatur nuhun laksa keti kabingahan ka pangersa abah hidayat suryalaga anu atos nyumbang rumpaka serat uleman.






Firman Juliansyah

Office: VILLA MERAH Training & Software Provider Jl. Cicukang 73, Bandung, Indonesia 40294 Ph: +62 22 7808841, Fax: +62 22 7808841

Home: Kp Cijambe Rt 01 Rw 06, Jl Ajitunggal Gang Kenanga I No 32, Pasir Endah, Ujung Berung, Bandung, Indonesia 40619

Mobile Ph: +62 81 320 656 905
Email for Yahoo Messenger & Friendster: <mailto:[EMAIL PROTECTED]>[EMAIL PROTECTED]

Website kantor :
<http://www.villamerah.co.id/>www.villamerah.co.id, www.fieldma.com, <http://www.indoenergi.co.id/>www.indoenergi.co.id

Website pribadi: <http://profiles.friendster.com/12608683>http://profiles.friendster.com/12608683 Blog pribadi : <http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto/>http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto/
__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur – Malaysia
Tel:  60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
<mailto:[EMAIL PROTECTED]>mailto:[EMAIL PROTECTED]





--
Ema Sujalma


__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur – Malaysia
Tel:  60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:[EMAIL PROTECTED]


Kirim email ke