sampurasun,
sateuacana punten upami bahasa sundana can di ayak,
asa tumaninah keneh make bahasa kieu ah .
uing rek mairan cumarita ah, lainsih ngalelewe ua dud,
uing ge sarua jiga kitu, wawuh kana susundaan teh ti ieu milis pisan
gara2 na mah keur hayang nyaho huruf sunda terus wae tatanya ka mang google,
na ujug ujug bras weh, mangihan hiji obrolan di
http://www.mail-archive.com/[EMAIL PROTECTED]/msg01624.html
sangeus maca eta jorojoy weh hayang nyaho naon, kumaha, saha, sunda teh.
gabrug weh ngiluan milis ieu,
kadang kuring ge sok disebut urang sunda kajajaden (teuing naon alesanana)
malah mimitinamah resep kana info2 nu rada aheng (jiga tulisan nongerak)
nepika di kopipaste di blog uing, malah nepika katuding uing cenah nu
nongerak teh
kang roce asana nu nuding teh,>>> lain euy <<<.
uing ge sarua jalma nyata
dibere ngaran fredy novianto ku pun bapa  urang brebes 33 taun kaliwat
dijurukeun dijakarta, remaja nepika dewasa teu jauh ti sukabumi.
boga pamajikan urang bandung, nepika geus anakan 2 :
si kujang f ananda jeung si fadli gandasurya.
kiwari nulis ieu surat ti ho chi minh, vietnam.
salila ieu uing ngan ngahep hep wae, macaan euisi milis ieu ungal peuting.
nyeta sok sieun teu sopan tea lah , sieun dianggap kampungan tea lah (da
aslinamah ti leuweung)
ingis ku bisi rempan ku sugan tea ceuk bahasa keren na mah era memeh pok.
tapi ayeuna mah asa lalugina euy,
pedah sarua ning batur ge aya nu bisa ngacapruk, asal ngacapruk, kawas
ngacapruk, pura2 ngacapruk,
nepika nu ngacapruk parah ge aya geuningan.
walah boromah uing uman imen hitut ge sieun kadenge batur , (keunae kaambeu
baunamah wajar we da hitut
bau soteh pan nyerempet daduk saeutik)
geus heula ah
sakdar ngabudalkeun unek2, lila teuing di heungheum bisi jadi bisul,
kieu mah asa lalugina ayeunamah
hatur nuhun kasayana , utamina ua dud nu ngajalanan
moal nyumput dinu caang uing mah ah rek show di nu poek we lah.
marangga====> blesurrr

2008/8/21 ua duq <[EMAIL PROTECTED]>

>   alah siah... gara-gara -an. otet enteup dina sirah kami... nepi ka
> baranahan haha
> eh mang, enya kitu otet teh kutu? bisi salah eung... teu wawuh..
>
> du q
>
> On Thu, Aug 21, 2008 at 6:40 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>   On Thu, Aug 21, 2008 at 7:29 PM, ua duq <[EMAIL 
>> PROTECTED]<dudi.herlianto%40gmail.com>>
>> wrote:
>> >
>> > Jadi nuhun ka milis-milis kasundaan, kuring geus bisa manggih nu salila
>> ieu
>> > disiaran. Kuring geus manggihan "Sunda nu Biasa!". Geus manggihan sunda
>> nu
>> > bisa diagul-agulkeun ka anak incu jaga...
>> >
>>
>> hahaha, pasti dia loba otet nya, nepi ka kudu disiaran.
>>
>> salam,
>> mh
>>   
>> <http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/22654;_ylc=X3oDMTM2NmhqaDdvBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzIyNjU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3Z0cGMEc3RpbWUDMTIxOTMxODgyMwR0cGNJZAMyMjY1NA-->
>>
>
>
>> <http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/22654;_ylc=X3oDMTM2NmhqaDdvBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzIyNjU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3Z0cGMEc3RpbWUDMTIxOTMxODgyMwR0cGNJZAMyMjY1NA-->
>> ._,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-b
> ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
>  
>



-- 
http://six4sep.co.cc

Kirim email ke