sampurasun kang fredy,
nu nyata ayana, ngajirim raga na, teu ciga nong gerak, ngan tiasa
noongan wae.... (kade bintitan), isin ngajirim.

sami abdi oge nembe resep kasundaan 2 taun katukang,.. deet keneh
pangartina, elmu na. keur diajar maca sunda.
sumuhun leres, pami kasundaan teh geuning lain sakadar corak budaya
,corak etnik,... tapi leuwih ti eta,...leuwih na kumaha?
leuwih tinu nu geus diperkirakeun,...
sugan teh ngan sakadar bahasa, ngan sakadar sejarah ,ngan sakadar
tatanan tingkah laku suku,.... 
tapi aya hiji nu khas di sunda, nyaeta,..: mistery.

ieu mistery lain sakadar aya hal nu teu acan kapanggih, tapi tiasa
ngalibatkeun banyak orang,banyak hal dan banyak kapentingan.

naon buktina? gampang,... tingali weh diri masing2 urang,... sok
geura, mun geus tertarik menelusuri kasundaan,...  teu bisa eureun,...
terus weh panasaran. jadi kacanduan

aya nu jadi aral, nu jadi riweuh, aya nu jadi fanatik, jadi bageur,
pencerahan, jadi kasurupan, jadi bisnis, jsb jsb....

matakna, tetep menelusuri kasundaan kedah dibarengan ku ka islam an.
naha? kumargi meh aya buffer/saringan,... sabab, sunda jeung islam rea
saruana, rea nyambungna, ngan tong di sarua2keun, bisi leupas tina
esensina, da fungsi dasarna,beda.
nu hiju kaluhungan jalan hirup, nu hiji kaluhungan budaya indung.
sunda keur tatanan kahirupan sehari-hari, islam keur kasalamatan dunia
akhirat.
2 kakuatan nu tiasa selaras, tapi 2 kakuatan ieu gampang pisan diadu
ku syetan, sangat mudah, tong waka ku sakadang syaiton alas, ku raden
walanda wae, tiasa ngaguratkeun adu domba US-UJ & islam-sunda nu
efekna nepi kaayeuna,... saha nu bener saha nu salah? US atw UJ? nu
bener saha wae nu teu pasea, nu salah saha wae nu sok resep papaseaan.

saha nu salah, saha nu bener, gusdur atw habib FPI? anu nyieun
papaseaan antar umat nu salah. nu bener mah nu bisa ngajadikeun damai.
atawa,... urang gelutkeun pamingpinna langsung di ring tinju, pan
rame, hiburan kanggo rakyat,....

hayu urang nyiar sunda dengan santai tapi srius,... mun meunang kuciwa
ti sunda, tong jadi keuheul, mun meunang kabungah ti sunda tong jadi
takabur.
karek meunang kujang pusaka hiji tong jadi asa pang sunda na, boa eta
kujang jadi leungit eusi luhungna.
 
nu diperyogikeun ayeuna ku sunda nyaeta; silaturahmi.

ieu milis, kisunda nu keur ngdegkeun silaturahmi.
cekap heula sakitu,... tiasa janten kabungahan urang,.. oge jadi
nambahan dulur di dunia maya, makin lama makin seueur boga dulur,...

matakna, ke halal bihalal kisunda di bandung, kedah ngiring, ... nu
teu tiasa hadir, kedah stand by di internet, urang ngangge skype, meh
tiasa ningali secara live, kaayaan eta acara silaturahmi,...

ahuuung ahuuung,...

internet alat nu canggih, tiasa janten media silaturahmi nu sae.

rampes 


--- In [email protected], "fredy novianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> sampurasun,
> sateuacana punten upami bahasa sundana can di ayak,
> asa tumaninah keneh make bahasa kieu ah .
> uing rek mairan cumarita ah, lainsih ngalelewe ua dud,
> uing ge sarua jiga kitu, wawuh kana susundaan teh ti ieu milis pisan
> gara2 na mah keur hayang nyaho huruf sunda terus wae tatanya ka mang
google,
> na ujug ujug bras weh, mangihan hiji obrolan di
> http://www.mail-archive.com/[EMAIL PROTECTED]/msg01624.html
> sangeus maca eta jorojoy weh hayang nyaho naon, kumaha, saha, sunda teh.
> gabrug weh ngiluan milis ieu,
> kadang kuring ge sok disebut urang sunda kajajaden (teuing naon
alesanana)
> malah mimitinamah resep kana info2 nu rada aheng (jiga tulisan nongerak)
> nepika di kopipaste di blog uing, malah nepika katuding uing cenah nu
> nongerak teh
> kang roce asana nu nuding teh,>>> lain euy <<<.
> uing ge sarua jalma nyata
> dibere ngaran fredy novianto ku pun bapa  urang brebes 33 taun kaliwat
> dijurukeun dijakarta, remaja nepika dewasa teu jauh ti sukabumi.
> boga pamajikan urang bandung, nepika geus anakan 2 :
> si kujang f ananda jeung si fadli gandasurya.
> kiwari nulis ieu surat ti ho chi minh, vietnam.
> salila ieu uing ngan ngahep hep wae, macaan euisi milis ieu ungal
peuting.
> nyeta sok sieun teu sopan tea lah , sieun dianggap kampungan tea lah (da
> aslinamah ti leuweung)
> ingis ku bisi rempan ku sugan tea ceuk bahasa keren na mah era memeh
pok.
> tapi ayeuna mah asa lalugina euy,
> pedah sarua ning batur ge aya nu bisa ngacapruk, asal ngacapruk, kawas
> ngacapruk, pura2 ngacapruk,
> nepika nu ngacapruk parah ge aya geuningan.
> walah boromah uing uman imen hitut ge sieun kadenge batur , (keunae
kaambeu
> baunamah wajar we da hitut
> bau soteh pan nyerempet daduk saeutik)
> geus heula ah
> sakdar ngabudalkeun unek2, lila teuing di heungheum bisi jadi bisul,
> kieu mah asa lalugina ayeunamah
> hatur nuhun kasayana , utamina ua dud nu ngajalanan
> moal nyumput dinu caang uing mah ah rek show di nu poek we lah.
> marangga====> blesurrr
> 
> 2008/8/21 ua duq <[EMAIL PROTECTED]>
> 
> >   alah siah... gara-gara -an. otet enteup dina sirah kami... nepi ka
> > baranahan haha
> > eh mang, enya kitu otet teh kutu? bisi salah eung... teu wawuh..
> >
> > du q
> >
> > On Thu, Aug 21, 2008 at 6:40 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >>   On Thu, Aug 21, 2008 at 7:29 PM, ua duq
<[EMAIL PROTECTED]<dudi.herlianto%40gmail.com>>
> >> wrote:
> >> >
> >> > Jadi nuhun ka milis-milis kasundaan, kuring geus bisa manggih
nu salila
> >> ieu
> >> > disiaran. Kuring geus manggihan "Sunda nu Biasa!". Geus
manggihan sunda
> >> nu
> >> > bisa diagul-agulkeun ka anak incu jaga...
> >> >
> >>
> >> hahaha, pasti dia loba otet nya, nepi ka kudu disiaran.
> >>
> >> salam,
> >> mh
> >>  
<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/22654;_ylc=X3oDMTM2NmhqaDdvBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzIyNjU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3Z0cGMEc3RpbWUDMTIxOTMxODgyMwR0cGNJZAMyMjY1NA-->
> >>
> >
> >
> >>
<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/22654;_ylc=X3oDMTM2NmhqaDdvBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzIyNjU2BHNlYwNmdHIEc2xrA3Z0cGMEc3RpbWUDMTIxOTMxODgyMwR0cGNJZAMyMjY1NA-->
> >> ._,___
> >>
> >
> >
> >
> > --
> > d-: dudi herlianto :-b
> > ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
> >  
> >
> 
> 
> 
> -- 
> http://six4sep.co.cc
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke