Bagea haturan kang Nong..... cing ayeuna, kumaha lamun ulah jumerit maratan langit-ngoceak maratan jagat, nalangsa katalangsara salila-lila. Mun enya kang Nong bisa cumarita lan patarema rasa jeung Siliwangi, sok atuh geura bejakeun kumaha tah cara-carana nu bisa dipigawe ku urang sunda, sangkan sunda jaya deui. kapan ceuk akang Siliwangi bisa nyawang nu can kaalaman. Jeung apan hirupna mah tetep hirup jeung tangtu ku kalinuhunganana geus aya di sagaraning hirup, tapi bisa keneh dipenta pakumaha da aya keneh kabeurat ka seuweu-siwina. Tah cing ku akang tanyakeun kudu kumaha, sangkan Sunda aya guna ???? Mangga kang, geura beberkeun. tabe pun. Engkus
--- On Fri, 8/29/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] (Serat :29)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing Siliwangi. To: "baraya_sunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Friday, August 29, 2008, 5:44 PM Deudeuh Teuing Siliwangi Hiji mangsan lahir ka dunya hiji budak lalaki, leutik tur istuning ririwit eta budak lalaki, matak pikahariwangeun indung bapana, euweuh nu nyangka eta budak bakal terus aya dikieuna. Ti leuleutik eta budak beda pipikiran, ngaleuwihan tina umurna, katempo beda jeung jelema sakurilingna. Siliwangi leutik niliktik hirup di alam pikirana sorangan, lolobana euweuh jalma nu bisa ngabaturan, kusabab loba pisan nu teu kaharti ku akal pikiran. Mang taun-taun Siliwangi ngarasa sosoranganan, bongan mun mikir siga sakahayang sorangan, jiga nu teu malire kana omongan babaturan, kusabab Siliwangi bisa nyawang nu acan ka alaman. Kersaning Gusti nu masihan widi, Siliwangi bisa marentah lemah-seuneu- angin jeung cai, boga kakuatan diri nu moal kaharti, Siliwangi gede jadi manusa nu bener-bener sakti. Dina kahirupan nu loba sorangan, tungtungna pinanggih jeung nu sadia maturan, hiji makhluk nu beda kaayaan, istuning eta sobatna sabar ngabaturan. Kapeurih dina kahirupana nu asa sosoranganan, ka ubaran ku hadirna sobat nu kerep ngadatangan, babaturan nu teu petot mamatahan, mere papatah nu mana nu meunang jeung teu meunang dilakonan. Siliwangi leutik gubrag ka dunya, ririwit teu nyana bakal terus ngalalana, anging kersana Nu Maha Kawasa, kajeun jiga teu daya eusi awakna beda. Siliwangi geus bisa ngahijikeun raja-raja satatar Sunda, anu cenah mah pangaruhna nepi ka Sumatra, kunaon saenggeus anjeuna tilar dunya, Sunda bakal ukur tinggal ngarana? Deudeuh teuing anjeun Siliwangi Raja Sunda, dibere gelar anu mere wawangi ka nagari Sunda, ayeuna bet aya nu norehkeun anjeun ngarusak Sunda, nepi ka tega anjeun disebut mawa angkara murka. Bener anjeun lain jalma sampurna, ngan kuring apal anjeun gede jasana, bisa mingpin Sunda nepi ka puncak jayana, bisa ngawangun tatar Sunda nu dipikaseuseub ku tatanggana. Deudeuh teuing Siliwangi sobat kula, geuning nu ceuceub ka anjeun beuki dieu beuki loba, geuning ngan saeutik urang Sunda nu masih keneh ngarasa anjeun urut raja Sunda nepi ka euweuh rahayat Sunda nu apal anjeun dimakamkeun dimana. Geura ngaca ka nagari Cina, nepi ayeuna apal tulisanana, bari susulumputan na jero hatena ngajungjung carita raja-rajana, teu kawas urang Sunda nu teu apal tulisan Sunda kumaha, jeung na jero hatena embung ngaku carita rajana. Kuring ngan ukur bisa ngalengis bari nyurucud cimata, ngaheruk nuturkeun carita anjeun ayeuna, mun anjeun ayeuna aya keneh dikieuna, istuning anjeun bakal ngahelas kungsi diborojolkeun ka dunya. Haturan simkuring Suadma, Haturnuhun kuring disebut Aswatama, kuring bungah disangka ngarang-ngarang carita, kuring ngan ngajak aranjeun geura nyaring jadi urang Sunda jiga baheula.
