wah,.....kg Agoez nu dipikacinta, si budak baong tea,
kapancing uin yeuh, .... mere komentar...
uin karak kaluar ti patapaan,
hampura , loba nu can kabaca di ieu milist...
kahiji- napaan kalender, sunda kala...
sangkan bisa di andel ku sadunya...
dirohangan pasamoan, 
int'l year of astronomy taun 09.
nuhun pisan kana bantosanana..kg Agoez.
jaba sabari eusi deuih, uin ka eusian makna..
kadua- napaan taman budaya sunda/ dago tea house...
sangkan bisa jadi imah urang sarerea....
bale pasamoan, bale watangan, bale sawala...
keur nyieun masterplan-na
enya panuju, ka pamadegan kg Roche
mun wanoh ka eyang prabu mah...
teu kudu make syuar-syair sagala....
da mun enya, ngarasa jadi anak /incu turunanna...
teu kudu sumbat -sambat, sabari ngageuri...
eta bukti jauh keneh ari kitu mah,...
karak wawuh tapi can wanoh....
komo bari di anjeun-2  sagala...?
asa beuki jauh tah...
mun enya incuna mah, sok ogoan ka nini/aki/uyutna... 
dina pasualan boga kahayang..
dina mentana ogen, rineh we...sabari ngalendotan
mun enya dibere ...suuukur...
mun teu dibere?, bati ngarenying,... ngolo...
moal ngadagoan tamaga jadi emas..
moal ngadagoan cai jadi susu...
da eyang prabu mah datang ka jalma 
anu geus rancage hatena....
teu kudu nyambat, teu kudu didagoan...
samasakali urg mah teu dididinya...
ma enya,  ka eyang keur leutikna...
nyebut ,.... eta budak...jst...!!!!????
jentre hanteu boga etika, sanajan papantunan ogen
ma enya ngakukeun ka eyang, 
anu geus boga ageman heubeul jasa,
bisa ngarumpuyuk  ku sa-ukur 
ngadangu lalaguan ageman anu anyar?
atuh kumaha tangtungan sajatining-na?
mo unggut kalinduan....
moal gedag ka-anginan...!!!
kos nganggap  kana mobil bae, 
mobil butut, piceun!  laju nyokot mobil anyarrr???
laju...maenya rek dipikanyaah ku eyang,
komo rek dipikanyaah ku urang-baraya, ngawanohkeun ogen hanteu!
lucu,... ujug2 menta hampura?
kumaha rek mere-na ? wawuh ogen hanteu?
moal bisa!!! ...eyang bisa nyaah ka jalma  anu teu boga etika 
sa-luhur2na pangkat jeung umur hiji  jelema, ari ngawanohkeun mah
geus jadi ilahar/katangtuan, anu teu kudu di-paksa2..
jeung naon hesena???.
aneh,...jeung bisa nyalukan deuih ka baraya di ieu milis?
nyaho/wawuh keur sasoranganeun, 
tapi nu dicalukna teu wawuh kanu nyalukna???
naha perlu dijawab, ari  nu kitu patut?
mangga emutan 
hampura isun...
cag! rampes nun!
.....oca tea...


--- On Fri, 8/29/08, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: agus <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Re: (Serat :29)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing 
Siliwangi.
To: [email protected]
Date: Friday, August 29, 2008, 4:27 AM

nu dipikasieun ku ajaran bener nyaeta 'penyair'
sabab bisa mengkolkeun kabeneran ku bungkus nu alus.

kunaon make beuki nga gaib keun sagala rupa,
matak jadi beuki teu ka rampa.

matak generasi sunda ngan ngimpi ngudag2 nu di janjikeun bari jeung
teu prak usaha, ngan ngalemahkeun gawe nyata ku jangji harepan2 ,
ngabius sunda jadi cicing, teu gerak.

ngadagoan naon sunda?  ngadagoan tambaga jadi emas?
ngadagoan laut jadi ci nyusu?

prak gawe dulurrrr!!!

keun antep raja nu geus euweuh, mun hade eta raja, titah datang
sorangan,teu kudu disambat!!!

sambat mah sumanget gawe nyata ka diri salira,..
da bangsa mah moal robah mun rakyatna ngan ngadagoan dicalukan
wungkul,....

kunaon beut betah ngadagoan mahdi- mesiah- prabu?
setan mah tara ngadagoan nu teu pasti. prak gawe nyeret manusa kana
jalan nu jauh ti Gusti. 

deudeuh teuing siliwangi,... wangi nu nga mabok keun nu dipake
lalampahan sunda,.... .... capeeee deh

=r=

kala sunda, ... maju terus pantang mundurrrrr, 
geef nooit de moed op!!!

 

--- In [email protected], Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> 
> Deudeuh Teuing Siliwangi
> 
>  
> 
> Hiji mangsan lahir ka dunya hiji
>      budak lalaki,
> 
> leutik tur istuning ririwit eta budak lalaki,
> 
> matak pikahariwangeun indung bapana,
> 
> euweuh nu nyangka eta budak bakal terus aya
> dikieuna. 
> 
>  
> 
> Ti leuleutik eta budak beda pipikiran,
> 
> ngaleuwihan tina umurna,
> 
> katempo beda jeung jelema sakurilingna. 
> 
>  
> 
> Siliwangi leutik niliktik hirup di alam pikirana
> sorangan,
> 
> lolobana euweuh jalma nu bisa ngabaturan,
> 
> kusabab loba pisan nu teu kaharti ku akal pikiran.
> 
> 
>  
> 
> Mang taun-taun Siliwangi ngarasa sosoranganan,
> 
> bongan mun mikir siga sakahayang sorangan,
> 
> jiga nu teu malire kana omongan babaturan,
> 
> kusabab Siliwangi bisa nyawang nu acan ka alaman. 
> 
>  
> 
> Kersaning Gusti nu masihan widi,
> 
> Siliwangi bisa marentah lemah-seuneu-angin jeung
> cai,
> 
> boga kakuatan diri nu moal kaharti,
> 
> Siliwangi gede jadi manusa nu bener-bener sakti. 
> 
>  
> 
> Dina kahirupan nu loba sorangan,
> 
> tungtungna pinanggih jeung nu sadia maturan,
> 
> hiji makhluk nu beda kaayaan,
> 
> istuning eta sobatna sabar ngabaturan. 
> 
>  
> 
> Kapeurih dina kahirupana nu asa sosoranganan,
> 
> ka ubaran ku hadirna sobat nu kerep ngadatangan,
> 
> babaturan nu teu petot mamatahan,
> 
> mere papatah nu mana nu meunang jeung teu meunang
> dilakonan.
> 
>  
> 
> Siliwangi
>      leutik gubrag ka dunya,
> 
> ririwit teu nyana bakal terus ngalalana,
> 
> anging kersana Nu Maha Kawasa,
> 
> kajeun jiga teu daya eusi awakna beda.
> 
>  
> 
>  
> 
> Siliwangi geus bisa ngahijikeun
>      raja-raja satatar Sunda,
> 
> anu cenah mah pangaruhna nepi ka Sumatra,
> 
> kunaon saenggeus anjeuna tilar dunya,
> 
> Sunda bakal ukur tinggal ngarana?
> 
>  
> 
> Deudeuh teuing anjeun  Siliwangi Raja Sunda,
> 
> dibere gelar anu mere wawangi ka nagari Sunda,
> 
> ayeuna bet aya nu norehkeun anjeun ngarusak Sunda,
> 
> nepi ka tega anjeun disebut mawa angkara murka. 
> 
>  
> 
> Bener anjeun lain jalma sampurna,
> 
> ngan kuring apal anjeun gede jasana,
> 
> bisa mingpin Sunda nepi ka puncak jayana,
> 
> bisa ngawangun tatar Sunda nu dipikaseuseub ku
> tatanggana. 
> 
>  
> 
> Deudeuh teuing Siliwangi sobat kula,
> 
> geuning nu ceuceub ka anjeun beuki dieu beuki
> loba,
> 
> geuning ngan saeutik urang Sunda nu masih keneh
> ngarasa anjeun urut raja Sunda
> 
> nepi ka euweuh rahayat Sunda nu apal anjeun
> dimakamkeun dimana. 
> 
>  
> 
> Geura ngaca ka nagari Cina,
> 
> nepi ayeuna apal tulisanana,
> 
> bari susulumputan na jero hatena ngajungjung
> carita raja-rajana,
> 
> teu kawas urang Sunda nu teu apal tulisan Sunda
> kumaha,
> 
> jeung na jero hatena embung ngaku carita rajana. 
> 
>  
> 
> Kuring ngan ukur bisa ngalengis bari nyurucud
> cimata,
> 
> ngaheruk nuturkeun carita anjeun ayeuna,
> 
> mun anjeun ayeuna aya keneh dikieuna,
> 
> istuning anjeun bakal ngahelas kungsi
> diborojolkeun ka dunya. 
> 
>  
> 
> Haturan simkuring Suadma,
> 
> Haturnuhun kuring disebut Aswatama,
> 
> kuring bungah disangka ngarang-ngarang carita,
> 
> kuring ngan ngajak aranjeun geura nyaring jadi
> urang Sunda jiga baheula.
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links






      

Kirim email ke