Jéngkol (Archidendron pauciflorum, sinonom: A. jiringa, Pithecellobium jiringa, 
sarta P. lobatum) nyaéta tutuwuhan has di wewengkon Asia Tenggara. Sikina 
dipikaresep di Melaysia, Thailand, jeung Indonesia  keur  bahan kadaharan. 
Buahna mangrupakeun polong sarta bentukna gepéng meulit ngabentuk spiral, boga 
warna layung kolot. Siki jéngkol boga kulit ari nu ipis jeung warnana coklat 
ngagurilap. Jéngkol bisa ngabalukarkeun bau nu teu ngeunah dina cikiih sanggeus 
dikokolakeun sarta diprosés ku peujit, utamana lamun didahar atah.
 
Jéngkol dipikanyaho bisa nyingkahan diabetes sarta alus pikeun kaséhatan 
jantung. Tangkal jéngkol dianggap ogé miboga kamampuh nu hadé pikeun nyerep cai 
taneuh sahingga méré mangpaat dina konsérvasi cai di hiji tempat.
Pamangpaatan
Siki jengkol biasa didahar atah atawa dikokolakeun (biasana disemur, sarta 
dipikawanoh ku urang Sunda minangka ati maung atawa "haté macan"). Sikina beyé 
sarta hipu. Tekstur ieu pisan anu ngajadikeun jéngkol dipikaresep. 
 
Sajaba disemur, siki jéngkol ogé bisa dijieun jadi kiripik kawas emping nu 
dijieun tina tangkil, ku cara ditutu/digencét nepi ka gepéng, digaringkeun 
sarta digoréng maké minyak panas.
 
Akibat goréng tina bauna sabenerna bisa dikurangan ku cara dikeueum atawa 
dikulub.
Gangguan kaséhatan
Sajaba bau, jéngkol bisa ngaganggu kaséhatan hiji jalma alatan konsumsi jengkol 
nu kaleuleuwihi nu ngabalukarkeun numpukna kristal dina saluran cikiih, anu 
disebut "jengkoleun". Jéngkoleun kajadian alatan jéngkol ngandung réa 
asam jéngkolat sarta hésé larut dina cai nu PHna haseum. Konsumsi jéngkol nu 
kaleuleuwihi baris ngabalukarkeun kawangunna kristal sarta ngaganggu kiih.


      

Kirim email ke