Ari akibat anu ngabalukarkeun "pedo ngejo" teu dibahas ..... komo lamun dicoel kanu sambel tarasi mah bagaikan candu we eta mah .....
"Bau jengkol bisa dileungitkeun ku dahar peuteuy" On Fri, Sep 5, 2008 at 2:54 PM, Aseptea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > *Jéngkol* (*Archidendron pauciflorum*, sinonom: *A. jiringa*, > *Pithecellobium > jiringa*, sarta *P. lobatum*) nyaéta tutuwuhan has di wewengkon Asia > Tenggara. Sikina dipikaresep di Melaysia, Thailand, jeung Indonesia keur > bahan kadaharan. Buahna mangrupakeun polong sarta bentukna gepéng meulit > ngabentuk spiral, boga warna layung kolot. Siki jéngkol boga kulit ari nu > ipis jeung warnana coklat ngagurilap. Jéngkol bisa ngabalukarkeun bau nu teu > ngeunah dina cikiih sanggeus dikokolakeun sarta diprosés ku peujit, utamana > lamun didahar atah. > > > > Jéngkol dipikanyaho bisa nyingkahan diabetes sarta alus pikeun kaséhatan > jantung. Tangkal jéngkol dianggap ogé miboga kamampuh nu hadé pikeun nyerep > cai taneuh sahingga méré mangpaat dina konsérvasi cai di hiji tempat. > > Pamangpaatan > > Siki jengkol biasa didahar atah atawa dikokolakeun (biasana disemur, sarta > dipikawanoh ku urang Sunda minangka *ati maung* atawa "haté macan"). > Sikina beyé sarta hipu. *Tekstur* ieu pisan anu ngajadikeun jéngkol > dipikaresep. > > > > Sajaba disemur, siki jéngkol ogé bisa dijieun jadi kiripik kawas emping nu > dijieun tina tangkil, ku cara ditutu/digencét nepi ka gepéng, digaringkeun > sarta digoréng maké minyak panas. > > > > Akibat goréng tina bauna sabenerna bisa dikurangan ku cara dikeueum atawa > dikulub. > > Gangguan kaséhatan > > Sajaba bau, jéngkol bisa ngaganggu kaséhatan hiji jalma alatan konsumsi > jengkol nu kaleuleuwihi nu ngabalukarkeun numpukna kristal dina saluran > cikiih, anu disebut "jengkoleun". Jéngkoleun kajadian alatan jéngkol > ngandung réa asam jéngkolat sarta hésé larut dina cai nu PHna haseum. > Konsumsi jéngkol nu kaleuleuwihi baris ngabalukarkeun kawangunna kristal > sarta ngaganggu kiih. > > > > > > > >
