Siliwangi Teu Nyangka Ti Tadina
Sing
inget kajadian nu ngamatakkeun runtuhna Pajajaran,
Siliwangi poho
noong niat batur sakurilingna,
bakating ku
percaya ka murid-muridna,
padahal manehna
bisa nempo ka jero manusa.
Aya jalma nu
pisan dipercaya,
boga niat milu
ngawasa,
kagulung ku
nafsu hayang ngaganti kakawasaana,
nepi ka poho
purwadaksi ku alatan ka olo ku dunya.
Siliwangi henteu
nyangka titadina,
bakating ku
euweuh hate goreng ka muridna,
tapi geuning
kitu kajadiana,
muridna
tukangeun giat ngaperdaya.
Hasud jeung
fitnah ngarusak ngarana,
ngarah jalma rea
jadi teu suka,
ka limpedan ku
kasarakahana,
eta jalma asa
bisa jadi pangawasa.
Kuring
mang hanjakalkeun ka manehna,
ulah nepi ka
alaman deui ayeuna,
tonggoy teuing
ningali ka jauhna,
geuning aya cucuk
nu bakal ngarusak carita.
Mending leungit
hiji batan ngarusak sarerea,
mending euweuh
hiji batan korban sarerea,
ulah nepi ka
jiga harita,
Pajajaran runtuh
ku sabab teu nyangka.