Wah ieu mah jurusan nu dilaluhur model pulitikus, pangagung, manajer, pimpinan2, selebritis nu rek ancrub 2009 jste... mangga nyanggakeun. Ki Nong iraha jurusan jalma cacah posisi tukang dititah? relevan yeuh pan urang sunda mah penurut kumaha nu dibendo. ~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Monday, September 8, 2008 2:55:55 Subject: [kisunda] (Serat:49)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Siliwangi Teu Nyangka Ti Tadina Siliwangi Teu Nyangka Ti Tadina * Sing inget kajadian nu ngamatakkeun runtuhna Pajajaran, Siliwangi poho noong niat batur sakurilingna, bakating ku percaya ka murid-muridna, padahal manehna bisa nempo ka jero manusa. Aya jalma nu pisan dipercaya, boga niat milu ngawasa, kagulung ku nafsu hayang ngaganti kakawasaana, nepi ka poho purwadaksi ku alatan ka olo ku dunya. Siliwangi henteu nyangka titadina, bakating ku euweuh hate goreng ka muridna, tapi geuning kitu kajadiana, muridna tukangeun giat ngaperdaya. Hasud jeung fitnah ngarusak ngarana, ngarah jalma rea jadi teu suka, ka limpedan ku kasarakahana, eta jalma asa bisa jadi pangawasa. * Kuring mang hanjakalkeun ka manehna, ulah nepi ka alaman deui ayeuna, tonggoy teuing ningali ka jauhna, geuning aya cucuk nu bakal ngarusak carita. Mending leungit hiji batan ngarusak sarerea, mending euweuh hiji batan korban sarerea, ulah nepi ka jiga harita, Pajajaran runtuh ku sabab teu nyangka. New Email addresses available on Yahoo! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
