Ulah Rengat Galih

 

Kuring
     oge jiga manusa,

sarua pisan
jeung nu kalakonan ku manusa,

kunaon loba  manusa nu barang penta ka bangsa kaula,

lain menta ka
sasama tapi jiga menta ka Nu Kawasa. 

 

Mun can kuat
iman ulah waka hayang deukeut jeung bangsa kaula,

sabab lain
salamet kalah sasar mercaya bangsa kaula,

anjeun poho
kuring oge menta ka Nu Kawasa. 

 

Teu kabeh bangsa
kaula mawa bebeneran,

ngan teu kabeh
bangsa kaula mawa kasasaran,

matak kudu surti
ngarah teu mengkol kapercayaan,

milih batur ti
bangsa kaula nu sarua nyepeng kaimanan. 

 

Tandaning bangsa
kuring nu lain setan,

mun dibacakeun
ayat suci kuring miluan,

mun disembah
kuring ngajauhan,

mun diajak
ibadah kuring ngadeukeutan. 

 

Ulah rengat
galih mun kuring loba mamatahan,

lain kuring
ngarasa bener sorangan,

estuning kuring
hayang ibadah babarengan,

sugan Allah
Subahanahu wata’ala ngaridoan urang sarerea sosobatan.




      

Kirim email ke