Si Janggot
Aya lima
urang nu bakal ngadatangan,
tempat-tempat nu sok dijieun
sesembahan,
wayahna ku maranehna eta tempat
bakal diberesihan,
maranehna ku kuring geus dibekelan
jang maehan siluman.
Si Janggot bakal dititah
kukurilingan,
miceunan eusi disakabeh pusaka nu
cenah aya karamatan,
ku sausap dampal oge karamatna
bakal laleungitan,
si Janggot moal gimir najan
disingsieunan.
Mun aya nu teu percaya ka kuring,
geura asongkeun pusaka naon wae ka
kuring,
bakal dikosongkeun eusinan ku
kuring,
ngarah nu percaya geura bisa
areling.
Siliwangi nepi ka menta pusakana
disumputkeun,
Siliwangi menta pusakana
dikumpulkeun,
supaya teu loba rahayat nu
kasasarkeun,
nyembah pusaka nu jelas lain
sembaheun.