Samoja
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
(http://su.wikipedia.org/wiki/Samoja)
?Samoja
Plumeria alba (Kamboja bodas)
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Ordo: Gentianales
Famili: Apocynaceae
Génus: Plumeria
Tourn. ex L.
Spésiés
7-8 spésiés:
* Plumeria alba
* Plumeria inodora
* Plumeria obtusa
* Plumeria pudica
* Plumeria rubra (dipikawanoh ogé minangka Plumeria acuminata and
Plumeria acutifolia)
* Plumeria stenopetala
* Plumeria stenophylla
Samoja atawa kamoja atawa kamboja mangrupakeun sakumpulan tutuwuhan dina genus
Plumeria. Bentukna mangrupa tangkal leutik kalawan daun nu arang tapi kandel.
Kembangna anu seungit pohara has, sarta makuta kembangna boga warna bodas nepi
ka beureum semu wungu, biasana lima lambar. Kembang kalayan opat atawa genep
lambar makuta dianggap ngabogaan kakuatan gaib ku masarakat nu tangtu.
Tutuwuhan ieu asalna ti Amérika Tengah. Ngaran Plumeria dibikeun pikeun
ngahormat Charles Plumier (1646-1706), ahli botani asal Perancis. Sanajan
asalna ti tempat anu laér, samoja ayeuna mangrupakeun tangkal anu pohara
populér di Pulo Bali alatan dipelak di ampir saban pura sarta juru kampung,
sarta ngabogaan fungsi penting dina kabudayaan satempat.
Di sawatara tempat di Indonesia, kaasup Malaysia, samoja dipelak di kuburan
minangka tutuwuhan pangiuh sarta pananda tempat.
Samoja bisa dibudidayakeun kalawan gampang, ngaliwatan sték tangkal.
Samoja kiwari populér dipaké salaku pepelakan hias di luar imah sanajan
mimitina mah pepelakan ieu téh ngan digunakan minangka pepelakan kuburan.