Mangga abdimah ngiringan salira wae, sanes sa encret bisi eungap nafasna , dibudalkeun kabeh teu kaharti pan ieu neangan pangarti ameh jurus2na intregated jadi Ulin Sunda. Kade ieu ulah disaruakeun jeung kopingho. Ngan punten ka baraya upami teu kajawab ulah bendu. Deal namah kieu wae atuh baraya guru abdi guru baraya murid abdi murid ameh sami2 diajar.
Dieu milis seu'eur pisan nu langkung tiasa penca ti abdi ngan eta ari dikopi darat di hiji paguron seu"eur aturanana. Da puser penca ayana di tatar sunda pang pangna titingal Ki Sang Guru Bunisora guru penca raja Sanjaya jeung raja2 sunda, majapahit oge nu jawa di ajar ka anjeuna. Taros ka Ambu nu terang siliwangi elmu Sang Guru Bunisora nu tos lengkep dina kaelmuan lahir sareng batin nafasna. Pang pang teu sadayana elmu elmu Ulin sunda kaluar ka anggota nu can wanoh jati dirina jelas IP adressna. Makana Sang Pendekar2 ulin sunda masihanana sa encret sa encret. Sanes pelit punten Ieu ilmu gelut kumaha lamun lampatna ka manusa nu sok jadi gali\preman\bromocorah..........sanes teu bijaksana Nya ati2 kudu eta oge nu disabdakeun luluhur urang sunda. Sa acan lebet ka usik nafas aya ulasan Ieumah bubuka heula bisi salah wasangka. Hiji mangsa kuring kopi darat jeung kang Tirta Sareng US di jakarta hoyong ngadegkein ulin sunda\penca. Ceuk kuring siapkeun padepokan Padepokan ibarat kuil Penca keur ngararigel baraya sunda nu resep penca. Alam maya padepokanana ki sunda Sakali deui punten bisi ngisinkeun upami teu kawaler teu on time ulah janten bendu. Abditeh diditu didamel di kontuksi bangunan widang rancang wangun tina sagala rupa beubeusian sagala padamelan mani sibuk pisan gugah jam 4 enjing uih jam lima. Teras keun ngawuruk penca jam 6 sonten nepi ka jam 10 wengi. Janten kulem,tuang,nyarios sacekapna Da bahasa sunda abdi oge masih di ajar , teu percanten taroskeun ka jinisna kang Tirta oge ka abah2 sa Badnung Kang Yana Sent via BlackBerry from T-Mobile -----Original Message----- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> Date: Wed, 10 Sep 2008 09:36:49 To: <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] SILAT SUNDA - Olah Napas? urang teraskeun komunikasina, make model tanya jawab we nya. cing kumaha prakprakanana, misalna posisi awak dina nalika ngalatih napas teh. carana ngalatih narik napas sareng sajabana. sing rada panjang atuh kang, tong saencret teuing, hehehe. cobian jiga model ko-ping-ho, pikeun tutorial jarak jauh, ngarah energi ti kang Yana tiasa ngalir ngaliwatan kabel-kabel internet: ti USA ka sajagat maya. salam, mh On Wed, Sep 10, 2008 at 9:31 AM, T_SAS <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Cara nu umum nafas biasa wae heule kedah dirasakeun yen nafas hirup. Nu > ngahirupan waraga jeung warugana. > Aya tapi teu katingali tah eta nafas da aya makana manusa sing tarapti miara > nafas urang nu aya disakujur raga luar jeung raga jero. Nafas hirup ibarat > kujang pajajaran nu raga jerona , warangka ibarat raga luarna. > > Kang Yana > > Sent via BlackBerry from T-Mobile > > ________________________________ > From: mh <[EMAIL PROTECTED]> > Date: Wed, 10 Sep 2008 09:16:29 +0800 > To: kisunda<[email protected]> > Subject: [kisunda] SILAT SUNDA - Olah Napas? > > Kang Pendekar Yana, cing pedar lah, kumaha tatacara olah napas dina Silat > Sunda. > Perelekeun we ti A nepi ka Z. > > salam, > mh > >
