Kamari kuring nganteur si bungsu ka toko buku, biasa neangan buku
pelajaranana jeung karesepna buku komik. Bari nungguan si bungsu neangan
komik, kuring tempa-tempo, breh manggihan buku terjemahan " KUDETA MEKKAH,
Sejarah yang tak Terkuak", Karangan Yaroslav Trofimov, dimedalkeun ku
Pustaka Alvabet. Rada aneh ku maca judulna, dibaca katerangan di cover
tukangna, walah buku alus, sabab nyaritakeun kajadian di taun 1979, dimana
Masjidil Haram di Mekkah kungsi diserebu jeung dikawasa ku gorombolan
bersenjata. Kajadian ieu pas di akhir musim haji (20 November 1979).
Sainget kuring, beja kajadian ieu tepi oge ka Indonesia, tapi ukur
hawar-hawar, malah loba jamaah haji Indonesia nu harita acan baralik ti
Mekkah, henteu ngartieun sabenerna aya kajadian gede di Masjidil Haram. Loba
nu nyangka Masjidil Haram teh diserebu ku golongan Syiah nu harita keur
mimiti nanjeur, alatan bisa ngagulingkeun Shah Iran. Carmen Bin Laden dina
autobiograhina oge nyebutkeun urang syiah Khomaeni nu nyerebu Masjidil Haram
teh. Masjid akhirna bisa dibebaskeun ku bantuan pasukan khusus Perancis nu
ngahaja didatangkeun.
Tah dina buku ieu, kajadian ieu di "kupas-tungtas". Beda jeung rumor,
sabenerna Masjidil Haram teh diserebu ku urang Arab Saudi deui, Sunni, malah
wahaabi tulen. Maranehna teu resep ka kulawarga karajaan Arab Saudi,
nganggap jaman ayeuna mangrupakeun JAMAN AKHIR nepi ka mucunghul IMAM MAHDI.
Maranehna nyerebu masjidil Haram teh ngalaksanakeun niatna ngabaiat Imam
Mahdi nu geus datang ka Dunya .......
Saha Imam Mahdi versi maranehna? ceuk buku ieu Muhammad Abdullah Al Qahtani.
Tapi "Imam Mahdi" ieu akhirna perlaya sanggeus pasukan pamarentah nyerebu
masjidil Haram.
Ke dilajeng deui, macana acan tamat ............
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/