obyektif mah sae atuh...teu memihak...
sakedik-kedikkeun aya oge referensi buku basajan
judulna Syekh Guevara Bin Laden
kirang langkungna...pembenaran tina anu dipedar ku Abah Willy

baktos,


On Fri, Sep 12, 2008 at 12:19 PM, richadiana kartakusuma <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   congratulation ABAH
> selalu dapat BUKU YAHUDDDD...ke abdi ge bade milarian
> na ari urang nya bet peureum bae atuh....kajadian kieu dugi ka te terang
> nataku.
>
> Hatur Nuhun ABAH, pamugi sing sering asihan info2 nu kieu
>
> AMBU
>
> ----- Original Message ----
> From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]; Baraya Sunda <[EMAIL PROTECTED]>;
> Urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Friday, September 12, 2008 11:25:06 AM
> Subject: [kisunda] Buku: KUDETA MEKKAH, Sejarah Yang Tak Terkuak
>
>  Kamari kuring nganteur si bungsu ka toko buku, biasa neangan buku
> pelajaranana jeung karesepna buku komik. Bari nungguan si bungsu neangan
> komik, kuring tempa-tempo, breh manggihan buku terjemahan " KUDETA MEKKAH,
> Sejarah yang tak Terkuak", Karangan Yaroslav Trofimov, dimedalkeun ku
> Pustaka Alvabet. Rada aneh ku maca judulna, dibaca katerangan di cover
> tukangna, walah buku alus, sabab nyaritakeun kajadian di taun 1979, dimana
> Masjidil Haram di Mekkah kungsi diserebu jeung dikawasa ku gorombolan
> bersenjata. Kajadian ieu pas di akhir musim haji (20 November 1979).
>
> Sainget kuring, beja kajadian ieu tepi oge ka Indonesia, tapi ukur
> hawar-hawar, malah loba jamaah haji Indonesia nu harita acan baralik ti
> Mekkah, henteu ngartieun sabenerna aya kajadian gede di Masjidil Haram.
> Loba
> nu nyangka Masjidil Haram teh diserebu ku golongan Syiah nu harita keur
> mimiti nanjeur, alatan bisa ngagulingkeun Shah Iran. Carmen Bin Laden dina
> autobiograhina oge nyebutkeun urang syiah Khomaeni nu nyerebu Masjidil
> Haram
> teh. Masjid akhirna bisa dibebaskeun ku bantuan pasukan khusus Perancis nu
> ngahaja didatangkeun.
>
> Tah dina buku ieu, kajadian ieu di "kupas-tungtas" . Beda jeung rumor,
> sabenerna Masjidil Haram teh diserebu ku urang Arab Saudi deui, Sunni,
> malah
> wahaabi tulen. Maranehna teu resep ka kulawarga karajaan Arab Saudi,
> nganggap jaman ayeuna mangrupakeun JAMAN AKHIR nepi ka mucunghul IMAM
> MAHDI.
> Maranehna nyerebu masjidil Haram teh ngalaksanakeun niatna ngabaiat Imam
> Mahdi nu geus datang ka Dunya .......
>
> Saha Imam Mahdi versi maranehna? ceuk buku ieu Muhammad Abdullah Al
> Qahtani.
> Tapi "Imam Mahdi" ieu akhirna perlaya sanggeus pasukan pamarentah nyerebu
> masjidil Haram.
>
> Ke dilajeng deui, macana acan tamat ............
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke