Dasar si Sarmad
At 08:39 PM 9/13/2008, Roza Rahmadjasa Mintaredja wrote:
he66x!
--- On Sat, 9/13/08, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: agus <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] LANDONG BAEUD ;,... eh,... landong buka puasa.
To: [email protected]
Date: Saturday, September 13, 2008, 1:37 AM
khususon kanggo di baca saatos buka puasa,....
BILA ANDA BATAL PUASA KARENA MEMBACA INI, DOSA DI TANGGUNG PEMBACA,...
WILUJENG TAJIL,...
====SENDAL====
Uwa ajengan nuju ngarambét di tengah sawah teu tebih ti golodog dapur bumina.
Anjeuna peryogi tai embe jang pupuk, kabeneran
aya si Sarmad salah sahiji santrina anu rada bengal datang.
Uwa Ajengan : "Sarmad kabeneran manéh kadieu.
Cik mangméntakeun tai embé ka mang Sarkawi di
lebak, sakalian panginjeumkeun koréd".
Si Sarmad : " Mangga uwa ajengan, mung sendal
abdi pegat ieu teh, tiasa nambut sakedap ?".
Uwa Ajengan : "Cig nginjeum ka si Engkom, tuh aya di goah".
Tuluy si Sarmad leumpang ka goah bumina uwa Ajengan.
Si Sarmad : "Sampurasun.."
Engkom (istrina uwa Ajengan anu pangorana tur
geulis urut baturna si Sarmad) : " Rampés".
Si Samad téh sabenerna rada naksir ka Engkom
téh, kabeneran di goah euweuh sasaha deui iwal Engkom jeung si Sarmad.
Si Sarmad : "Ku uwa Ajengan dipiwarang nyium pipi Engkom".
Engkom teu percaya salakina nitah kawas kitu,
nya "confirm" lah ceuk budak sebelas mah,
Engkom : "Pa, leres ieu téh ? ", bari ngagorowok ti golodog.
Uwa Ajengan : "Heueuh... ditukangeun panto".
(maksudna sendal anu di tukangeun panto).
Dasar Engkom ngora kénéh nurut pisan ka Uwa
Ajengan anu wibawa pisan, Sanggeus si Sarmad
nyium pipi kénca si Engkom, pok si Sarmad nyorowok ti golodog goah,
Si Sarmad : "Uwa Ajengan, gening ngan dipasihan sabeulah ? ".
Uwa Ajengan : "Engkom, piraku ngan sabeulah, béré sabeulah deui ! "
Wassalam
Adjie
(rerencangan SMA)
nb: kanggo gan ema,...
awas, pami pendak sareng aca septirasa,
tong di praktekeun nya,...
kecuali bagi2,... hehehe
__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur Malaysia
Tel: 60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:[EMAIL PROTECTED]