Ha..ha...ha..... ampun duh nyeri kulit beuteung..... Punten Kang Agus punteeeeeeen pisan bet nu kagambarkeun ku abdi teh Kang Agus nu jadi Sarmad heu...heu....77 x cerdas...cerdas...edas...
~ experientia docet sapientiam ~ ----- Original Message ---- From: agus <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Saturday, September 13, 2008 1:37:29 Subject: [kisunda] LANDONG BAEUD ;,... eh,... landong buka puasa. khususon kanggo di baca saatos buka puasa,.... BILA ANDA BATAL PUASA KARENA MEMBACA INI, DOSA DI TANGGUNG PEMBACA,... WILUJENG TAJIL,... ====SENDAL==== Uwa ajengan nuju ngarambét di tengah sawah teu tebih ti golodog dapur bumina. Anjeuna peryogi tai embe jang pupuk, kabeneran aya si Sarmad salah sahiji santrina anu rada bengal datang. Uwa Ajengan : "Sarmad kabeneran manéh kadieu. Cik mangméntakeun tai embé ka mang Sarkawi di lebak, sakalian panginjeumkeun koréd". Si Sarmad : " Mangga uwa ajengan, mung sendal abdi pegat ieu teh, tiasa nambut sakedap ?". Uwa Ajengan : "Cig nginjeum ka si Engkom, tuh aya di goah". Tuluy si Sarmad leumpang ka goah bumina uwa Ajengan. Si Sarmad : "Sampurasun.. " Engkom(istrina uwa Ajengan anu pangorana tur geulis urut baturna si Sarmad) : " Rampés". Si Samad téh sabenerna rada naksir ka Engkom téh, kabeneran di goah euweuh sasaha deui iwal Engkom jeung si Sarmad. Si Sarmad : "Ku uwa Ajengan dipiwarang nyium pipi Engkom". Engkom teu percaya salakina nitah kawas kitu, nya "confirm" lah ceuk budak sebelas mah, Engkom : "Pa, leres ieu téh ? ", bari ngagorowok ti golodog. Uwa Ajengan : "Heueuh... ditukangeun panto". (maksudna sendal anu di tukangeun panto). Dasar Engkom ngora kénéh nurut pisan ka Uwa Ajengan anu wibawa pisan, Sanggeus si Sarmad nyium pipi kénca si Engkom, pok si Sarmad nyorowok ti golodog goah, Si Sarmad : "Uwa Ajengan, gening ngan dipasihan sabeulah ? ". Uwa Ajengan : "Engkom, piraku ngan sabeulah,béré sabeulah deui ! " WassalamAdjie (rerencangan SMA) nb: kanggo gan ema,... awas, pami pendak sareng aca septirasa, tong di praktekeun nya,... kecuali bagi2,... hehehe New Email names for you! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
